Kursus Pelatih Pembina Pramuka Tingkat Dasar (KPD) Kota Bandung & Priangan Barat
Tanggal 3 nepika 10 Januari 2009, Gerakan Pramuka Kwarcab Kota Bandung geus ngayakeun Kursus Pelatih Pembina Pramuka tingkat Dasar (KPD) Jawa Barat wilayah Priangan Barat. Drs. H. Abdurahman DH, M.Pd, Waka Lemdikada Kwarda Jabar waktu muka ieu kursus netelakeun yen KPD anu diayakeun ku Kwarcab Kota Bandung teh sabenerna mangrupa kursus pelimpahan ti Kwarda Jawa Barat.
Sedengkeun Drs. Awaludin Hamzah, Pinsus KPD dina laporanana nyebutkeun yen peserta kursus aya 61 urang ti 7 kwarcab nu aya di Priangan Barat, nya eta: Kwarcab Kota Bandung, Kab. Sumedang, Kota Cimahi, Kab. Bandung, Kab. Bandung Barat, Kab. Ciamis, Kab. Tasikmalaya, sajaba ti peserta ti Kwarnas. Demi dana salian ti peserta oge meunang dukungan ti Kwarda Jawa Barat jeung Kwarcab Kota Bandung.

Nurutkeun acara mah dumasar tanggal, nya eta: 3 Januari (Saptu): 15.00-18.00 Cek in. 18.00-21.00 Upacara pembukaan ditema ku ngabagi kelompok. 4 Januari (Minggu): 08.00-21.30 Sejarah GP jeung proses pamekaranana, Ad & ART Gerakan Pramuka, Pamahaman Prinsip Dasar Kepramukaan jeung Metode Kepramukaan, Pamahaman kabutuh masyarakat & pelatihan Pembina, Jalma Dewasa di Pramuka, Peran jeung kabutuh pelatihan Pembina. 5 Januari (Senen): 08.00-21.30 Sistem pendidikan jeung latihan pikeun jalma dewasa, Pelatihan Pembina tingkat Dasar, Kode Etik Pelatih, Prinsip-prinsip Pembelajaran, Peran jeung Fungsi Pelatih Pendamping. 6 Januari(Salasa): 08.00-21.30 Cara diajar kreatif dumasar pangalaman, Dinamika Kelompok, Manejemen Parobahan, konflik jeung stres, Pelatih minangka konsultan, Katrampilan kepramukaan pikeun Pembina, Sistematika Kursus, Organisasi Kursus. 7 Januari (Rebo): 08.00-21.30 Tehnik lapangan, Pamekaran Tehnik Pembelajaran. 8 Januari (Kemis): 08.00-21.30 Retorika, Manajemen waktu, Ngagunakeun jeung Nyieun Media, Nyiapkeun materi Pembelajaran, Praktek ngajar, Peran jeung Fungsi Lemdika, Tupoksi Pinsus, Manajemen Kursus. 9 Januari (Jumaah): 08.00-21.30 Teknik Motivasi, Teknik Evaluasi, Penataran Pendidikan Bela Nagara, Pencegahan Penyalahgunaan Napza, Pencegahan HIV-AIDS. Open Forum. 10 Januari (Saptu): 08.00-12.00 Organisasi Kwarda Jabar, Upacara Penutupan.
Jalanna kursus dibagi dua nya eta 4 poe di ruangan, 4 poe di lapangan. Nyaeta ti 3-6 jeung 10 di rohangan, sedangkeun 7-9 di lapangan, make tenda.
Upacara ditutup ku Kakwarda Jawa Barat, Drs. Undang Mochtar, M.Si anu samemehna mere materi ngeunaan Kawijakan jeung Organisasi Kwarda Jabar.
(Djodi Prihatna, A.Md-MG).*****





