Salaka Edisi Online

Pameran Buku Paguron Luhur

Salian ti Pameran Buku, Pesta Buku, Pameran Buku Islami, IKAPI Jawa Barat kalawan gawe bareng jeung IKAPI Pusat sarta ITB awal taun 2009 ngayakeun Pameran Buku Paguron Luhur minangka gebrakan munggaran. Mudah-mudahan bae gawe bareng ieu teh bisa dilaksanakeun kalawan rutin jeung leuwih sukses. Wilujeng.

Di Bandung aya Academic Books Fair. Naon hartina Academic Books Fair urang teang dina kamus wae. Tapi di kalangan panerbit Academic Books Fair dianggap hartina teh pameran ngeunaan buku-buku paguron luhur atawa pikeun kalangan universitas atawa akademisi. Tanggal 6 nepi ka 11 Januari 2009 di Bandung diayakeun Academic Books Fair. Tempatna di aula kulon Institut Teknologi Bandung (ITB) jalan Ganesha. Ieu pameran mangrupa gawe bareng IKAPI Pusat, IKAPI Jawa Barat, Pemda Kota Bandung jeung ITB. Sedengkeun anu ngabogaan gagasanana mah ti IKAPI Pusat.

Jadi naon atuh Academic Books Fair teh? Naha Academic-Books Fair atawa Academic Books-Fair? Pameran Buku-Perguruan Tinggi atawa Pameran-Buku Perguruan Tinggi? Naon bae tafsiranana, ngan anu eces tur jentre di aula kulon ITB kalawan diiluan ku sababaraha panerbir paguron luhur geus dilangsungkeun Academic Books Fair. Aya ITB Press, UHAMKA Press, SUSKA Press, UIN Riau, Penerbit Universitas TRISAKTI, Lembaga Penerbitan FE-UI, Airlngga University Press, Unit Penerbit dan Percetakan STIM YPKN, UIN Malang, anu sakabehna panerbit ti paguron luhur. Tapi, mana UNPAD Press atawa UNPAS Press, pribumi ti Bandung salian ITB Press?

Teu Pati Rea Pengunjung

Tangtu bae milu sababaraha panerbit umum anu nerbitkeun buku-buku pikeun paguron luhur. Pantes lamun diacungan jempol wawanen para panerbit pikeun milu pameran di lingkungan kampus anu pengunjungna teu pati rea. Tapi apan pameran teh ajang promosi, henteu ngan saukur ngarep-ngarep hasil penjualanana. Da pameran mah lain bazaar.

Dadi Pakar, Mantan Ketua IKAPI Jawa Barat

Pameran buku paguron luhur teh dibuka ku Kadis Pendidikan Kota Bandung ngawakilan Walikota. Jeung hanjakalna teh, teu aya para rektor paguron luhur atawa universitas di Bandung anu sumping, anu pastina diondang ku panitia mah.

Pameran ngan diraramekeun jeung disokong ku acara sejen mangrupa lokakarya,peluncuran buku, bedah buku jeung seminar.

Dapon kitu, wilujeng ka IKAPI Pusat jeung IKAPI Jawa Barat. Mudah-mudahan bae pameran buku paguron luhur di kota sejen leuwih sukses jeung leuwih hade..(Dadi Pakar)

Deherba