Gancangna
Dua urang Ibu-ibu anu dibawa tugas ku salakina naek kana pesawat jet kanagaraan... kabeneran saumur-umur kakara oge naek pesawat jet,di satengahing awang-awang aya pramugari ngaliwat, saurang ibu-bu nanya ka eta pramugari.
Ibu-ibu :"neng!...neng, ari ieu pesawat teh lumpatna ngaleuwihan gancangna sora?!"
Pramugari :"Naha kunaon kitu ibu?"ceuk pramugari semu aneh.
Ibu-ibu :"Ah henteu, ieu bade ngobrol sareng rerencangan sabeulah!"
Pramugari : &()%^$%&$ (Cepdedentoni)





