Salaka Edisi Online

Pamijahan – Cipatujah

Antara guha nu kebek ku haseup jeung basisir sepi

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Pamijahan kaasup cagar budaya anu sakuduna dipulasara ku pamarentah. Tapi anu mulasara teh ngan kulawarga jeung katurunan Syeh Abdul Muhyi katut rahayat di dinya. Henteu katangen ayana patugas boh ti Disbudpar atawa wilayah dinya. Kitu deui di Cipatujah. Tempatna sepi, lain basisir anu rame kawas Pangandaran. Sepi hasil bumi, taya supenir nu bisa dibeuli. Anu aya ngan pamandangan sepi ka tungtung alak paul.

Hadena mah Disbudpar Tasikmalaya ngayakeun panalungtikan enggoning ningkatkeun Cipatujah tina basisir anu sepi jadi tempat wisata nu endah jeung kajojo. Geus lila ngararancang hayang nyaba ka daerah pakidulan Tasikmalaya teh. Sanajan karuhun kuring ti Indihiang, ka Pamijahan mah can kungsi nyaho. Sanggeus situ Panjalu di Ciamis, ah hayang teh jarah ka Pamijahan. Ti taun 2007 keneh, samemeh pangsiun, geus diobrolkeun jeung babaturan anu sarua resep nyanyabaan. Atuda ka Demak-Muria-Kudus enggeus, karaton Kanoman jeung Kasepuhan di Cirebon kitu keneh, basisir Pangandaran geus dua kali, ka candi Dieng jeung Borobudur enggeus. Tempat nu dianggap ngandung sajarah nu can kaanjangan teh Pamijahan, sanajan ari tutulisan ngeunaan Pamijahan mah geus ditulis dina SALAKA. Anu matak barang narima surat ondangan sangkan milu ka Pamijahan teh, kacida atohna.

Enya, anu diondang teh guru jeung kapala sakola anu geus pangsiun atawa anu masih aktif tapi geus pindah ka sakola sejen, da nu boga pokal indit mah guru-guru SMP Negeri 29 Bandung ti kelompok pangaosan anu masih aktif. Sedengkeun anu diondang teh ibu Cicin Kurniasih purnabakti Kapala Sakola, ibu Kuswidayati purnabakti guru basa Inggris, Bu Nani Waluyo guru IPS nu pindah ka SMP Antapani, pa Amas Ahadiat purnabakti guru IPS, abah Thohir purnabakti guru Agama, atuh kuring purnabakti guru IPA. Kabeneran waktuna teh bareng jeung pere Natal, atuh sabatae bisa laluasa perjalanana teh. Programna mah ka Pamijahan heula, tuluy ka Cipatujah. Balikna ngadon mandi di Cipanas, Garut.

Guha Pamijahan

Beberes di imah teh rada rurusuhan, sieun tinggaleun. Sedengkeun pamajikan tea lamun geus ngageulis sok rada lila. Dangdak-dengdek wae hareupeun eunteung. Sieun di jalan euweuh dahareun, sagala dibeuli. Da cek pa Riyadi moal rek disadiakeun kadaharan, danana ngan cukup keur nyewa mobil. Indit ti imah rurusuhan, geus salat Isya tuluy bae miang ka lapang KPAD Gegerkalong.

Ari tepi teh geuning can loba anu datang. Diutang-itung, ngan aya satengah beus nu rek milu teh. Pa Edi, Kapala sakola anyar, menta disampeur di palebah Nagrek lantaran harita keur milu pelatihan. Tata usaha ngan saurang nu milu teh, Ari Munandar. Nu sejen mah aya nu gering tea, aya anu tadina rek milu tapi dina waktuna aya kaperluan ngadadak. Ondangan oge anu hadir teh ngan dua kuren, abah Thohir jeung kuring bae. Nu sejen mah teu barisa milu. Malahan apan pa Amas mah geus aya sabulan pupusna. Padahal anu ngararancang jeung kuring teh diantarana Pa Amas. Keun bae nya, lur, teu bisa milu jarah, da anjeun geus ningalkeun. Urang sili du’akeun ti kaanggangan.

Dina emprona mah, mangkat ti Bandung teh panceg jam sapuluh peuting. Anu biasana susurakan, ayeuh-ayeuhan teh, sepi jempling, nepi ka masjid Iceu. Ngan sakeudeung rada rame teh, waktu nyampeur Kapala sakola. Sanggeus sarasalaman, mimiti galecok ngobrol kamana mendi. Ari palebah rumah makan papanggih jeung Pa Teddy, guru SMP 29 anu kiwari jadi Kapala SMP Negeri Singaparna. Atuh jam 2 isuk-isuk disuguhan dahareun ku Pa Teddy, dibawa ka rumah makan Ampera cabang Tasikmalaya. Nuhun, Pa Teddy!

Rengse dahar, perjalanan diteruskeun. Tepi ka Pamijahan memeh Subuh. Ari tepi, buriak kabeh kaluar neangan masjid. Rengse salat, ngabring ka guha dipandu ku urang dinya. Jero guha bener-bener merlukeun tanaga lantaran sakapeung kudu leumpang ngambah cai, sakapeung dina batu anu taringgul. Kuring ceprat-cepret motretan kagiatan jarah. Boh keur di masjid Panyalahan atawa di makam. Pamajikan mah atoheun waktu di guha memener sirah kana batu di luhureunana anu legok, urut para wali kumpul. Da cenah aya nu nyarita lamun ukuran sirahna pas jeung batu anu legok tea, bakal bisa indit jarah ka Mekah. Walahualam. Di jero guha memang rada kebek, da loba jelema bari lawangna leutik. Katambah-tambah haseup lampu patromak anu ngebul di jero guha. Atuda kuring sabatur-batur poho mawa batere, ngan aya sababaraha urang nu mawa batere leutik. Untung urang dinya marawa patromak.

Cipatujah basisir nu sepi

Tepi ka jam sapuluh kuring di Pamijahan. Ti dinya miang ka Cipatujah. Basa kuring di perjalanan ka Demak-Kudus-Muria loba guru nu marilu, sajajalan ngabarojeg. Tah di perjalanan ka Cipatujah mah bapa Kapala anu ngabojeg teh, jeung pa Maksum anu jadi pupuhu rombongan. Babadean mah babadean, dibarung ku dongeng jorang, atuh ger deui ger deui salusurakan. Beda jeung basa peuting, basa ngajugjug Pamijahan.

Lantaran beus henteu pati laju, datang ka Cipatujah teh jam 12 beurang. Nya ngadon rereuh di basisir baru murak bekel, solat jeung leuleumpangan dina pasir nu bulistir. Enya, Cipatujah mah beda jeung Pangandaran. Euweuh supenir, taya lauk atawa hasil bumi nu bisa dibeuli. Aya ge jukut laut ngan sababaraha kilo. Tatangkalan ge estuning carang. Di masjid ngobrol jeung nu tunggu, ngeunaan Tsunami anu kungsi ngaruksak eta tempat. Enya bulan Juli taun 2007, waktu kuring keur jadi panitia Jambore Nasional di Kiarapayung, Sumedang, kabejakeun Cipatujah jeung Pangandaran diserang Tsunami. Rea korban jeung imah nu ruksak. Tapi kiwari teu katempo urut-urutna acan.

Mandi di Cipanas

Sanggeus dua jam istirahat, perjalanan diteruskeun ngajugjug Cipanas, Kabupaten Garut. Wayah Asyar, kuring sabatur-batur mandi di Cipanas. Biasa, kuring mah mandi teh bareng we jeung pamajikan, sakamar. Sedengkeun babaturan mah lantaran teu marawa pamajikan atawa salaki, babarenganana sakamar teh jeung papada awewe atawa papada lalaki.

Geus rek reupreupan magrib, kakara ngajugjug tempat oleh-oleh di kota Garut. Bada magrib mulang ka Bandungkeun. Tepi ka Bandung geus leuwih ti Isya. Perjalanan anu matak cape, tapi nyehatkeun awak jeung moal bisa kapopohokeun.*****

Deherba