Salaka Edisi Oktober 2009

Ti Pantai Losari ka Siwa

Ku: Kang Fauzi

Pantai Losari Makassar
Ka Makassar teh meh unggal taun marengan para inohong telekomunikasi. Tara nampik kana tugas, malah nuhun ka nu Kawasa bisa nguriling nempoan kaayaan lembur batur. Atuh pangalaman oge tangtuna nambahan. Harita mah tugas teh teu jeung Dirut tapi marengan Direktur Keuangan rek ka Siwa, ngaresmikeun STO Siwa anu karek anggeus diadegkeun.

Siwa teh hiji kota leutik di kawasan Sulawesi Utara mun teu salah mah deukeut ka laut, matak hawana panas. Di Siwa padumuk rereana tukang tani cengkeh jeung kalapa sawit. Waktu harita mah patani cengkeh marakmur lantaran hargana keur mahal. Matak teu heran carita mang supir, ngabejakeun yen rea urang Siwa mareuli mobil sanggeus panen cengkeh.

Piduapoeeun deui rombongan ka Siwa ,kuring geus miheulaan ka Makassar. Maksudna, lian ti laluasa ulin, oge perlu ngimpormasikeun sagala anu diperlukeun ku direksi ka Humas/PR Divre X.Rombongan poe Kemis rek inditna, kuring mah ti poe Senen geus ngabiur ka Makassar. Teu ka Cengkareng tapi ti Bandung make Mutiara Selatan ka Surabaya, turun di Gubeng langsung ka Juanda naek kapal terbang ka Makassar.

Datang teh poe Salasa pabeubeurang, geus aya anu ngajemput jeung geus disadiakeun penginapan di Hotel Marranu deukeut jeung lapangan sepakola . Kunu ngajemput langsung kuring di bawa ka hotel maksudna sina rek rureuh heula meureun. Matak datang ka Hotel langsung cucul-cucul dug we sare.

Pasosore, babaturan datang “Zi, urang ulin lain cicing bae !.” Cek babaturan anu datang ka hotel lantaran nyaho kuring geus aya di Marannu.
“Haroream ari ulin peuting teh, isuk we sayah hayang ngasaan Coto jeung Conro.”
“Geus nempo Pantai Losari ? Mun isukan mah lenglang, peuting kakara rame kunu daragang.” Pokna.

Eleh deet, kapaksa ngolesed pangpangna hayang nyaho Pantai Losari Lanmark-na kota Makassar anu ceuk batur mah rame jeung waas cenah ,komo mun panonpoe kakara meletek atawa rek surup.

Mandi heula terus dangdan, basajan we, geus kitu konci dipihapekeun ka office boy. Teu jauh da make mobil, saparapat jam geus nepi. Teu wudu hate ngarasa heran, lantaran tadi beurang mah basa ngaliwat kaayaan didinya lenglang, na ari ayeuna bet rame kunu dagang. Ti mimiti Beulah kaler nepi ka kidul kurang leuwih tilu kilo meter ngajajar kunu dagang. Rame teh cenah lain malem minggu bae, tapi ampir unggal peuting kaayaan saperti kieu. Ti anu dagang cikopi nepi ka Cape aya didinya. Tinu dagang bandros nepi ka nu dagang gepe-gepe (beuleum cau khas Makassar), tinu dagang coto nepi ka condro oge sadia.Alusna nu daragang didinya mah disiplin, mun geus beres dagang, beberesih nepi ka eta anu di pake lahan dagang saperti bihara bihari deui. Matak teu heran mun Pantai Losari dijieun conto keur anu daragang hususna di kota Bandung, mun beres teh lain cul jeung, runtah pabayatak matak rujit katempona.

Kuring turun, maksud hayang meuli gepe-gepe di daharna nyinghareup ka laut. Katempo rea para wanoja jeung jajaka Makassar dariuk di sisi laut bari barangdahar mani narikmat pisan. Sanggeus mesen, kuring jeung babaturan dariuk dina sisi laut anu sapanjangna di tembok. Keur nikmat dahar gepe-gepe kagareuwahkeun ku dua budak leutik anu baramaen.
“Tong dibere Zi! “ cek babaturan. Ari kuring sok karunya, matak langsung ngodok saku mikeun dua rebu perak ka duaan.
“Eh, maneh mah tara beunang dibejaan. Didieu mah nu baramaen beda jeung di Jawa.”
“Na kumaha kitu ?” kuring panasaran.
“Tempo we ke sakeudeung deui.” Cenah.

Kuring panasaran hayang nyaho. Na ari breng teh, aya kana sapuluh urang barudak leutik marenta duit. Eta meureuh pedah babaturanana dibere. Kuring bingung, rek indit piraku da rariung.
“Nih, bagikan!.” cek kuring bari mikeun duit sapuluh rebu perak. Geus kitu mah maranehna arindit. Atuh kuring teu nepi ka peuting da isukan subuh rek ka Losari deui, rek nempo Sunset anu cenah waasna taya tandingna.

Sunset Pantai LOSARI, katilu anu pang endahna sadunya.

Hiji hal anu teu bisa dipopohokeun, nyaeta sunset pantai Losari anu sakitu waasna. Ceuk salah saurang Konsul Jepang di Makassar Watanabe, sunset pantai Losari teh sunset anu paling waas ka tilu sadunya.Harita subuh-subuh bari olah raga lari nuju ka pantai Losari, da cenah mun panonpoe terbit endah pisan pamandanganana. Matak waktu meletek panonpoe kuring bengong asa dina pangimpian nempo sunset sakitu endahna. Anu narempo teh lain kuring wae, tapi rea padumuk didinya atawa urang bule bari mamawa kamera.

Rea anu kapanggih di Makassar teh, diantarana bae komplek kuburan Pangeran Diponegoro. Kuring nempo lokasina geus teu merenah pikeun pahlawan Nasional mah. Pangna kitu, eta kuburan pernahna di tukangeun pasar, jadi komplek kuburan Pangeran Diponogoro teh rame ku nu daragang.

Kota Makassar anu tadina di sebut Ujung Pandang, miboga 14 Kacamatan, padumuk anu miskin di Makassar aya kurang leuwih 350.780 urang, diantarana Kacamatan Tallo anu padumukna 10.438 jiwa mangrupa kacamatan pang miskinna. Kukaayaan kitu pamarentah kota Makassar rumahuh lataran kamiskinan di Kota Makassar dampakna kana kakurangan gizi keur generasi entragan anyar. Penomena anu teu bisa dipiceun nyaeta geus nerekabna anak jalanan jeung “gelandangan pengemis” anu susah di piceunna. Tapi pamarentah kota Makassar ayeuna keur ngoptimalkeun sasaran BLT bantuan paket sembako, meresihan lingkungan, pelatihan keur ningkatkeun sumber daya manusia. Lantaran kualitas SDM gumantung kana kualitas pendidikan.

Di Siwa ampir keuna ku urug

Isukna kuring jeung rombongan indit nuju ka Kota Siwa. Siwa teh disebut “kota tua” anu geus aya mang abad-abad ka tukang. Baheula pernah ngagabung ka Karajaan Luwuk (Palopo) tapi di cokot ku Karajaan Wajo anu diparentah ku Aroeng Matoa dina abad ka 20 nyaeta Karaeng Mangeppe, Ishaka Manggabarani. Siwa, kota leutik pernahna di Kacamatan Pitumpanua, Wajo Sulawesi Selatan kaitung kota pang majuna utamana panghasilanana tina cengkeh, coklat jeung empang udang. Matak teu aneh sabada panen padumuk anu miboga lahan tani baroga mobil alus mareulina ti Makassar.

Ieu carita ti supir tea anu mawa kuring jeung rombongan. : Cenah aya salah saurang saudagar Siwa anu rek meuli mobil ka Makassar. Sok sanajan kasebut saudagar, tapi dina dangdana teunyirikeun, manehna make baju basajan pisan, teu disapatu-sapatu acan make sendal oge geus butut. Bari ngajingjing tas butut datang ka hiji dealer mobil.

Harita pelayan nanyakeun : “Rek kamana bapa ? ieu mah dealer mobil.”
“Ari ieu mobil jualeun ?” cek urang Siwa.
“Nya enya matak di “pajang “ di etalase oge.”
“Lain, cik bapa pang milihkeun mobil anu pang alusna. Ke ku Bapa dibeuli.”

Si pelayan teu percaya kalahka seuri bari naledek : “Rea mobil alus mah, ngan moal ka beuli ku pangkat urang mah. Ari bapa sok ngabodor.”
“Lain ngabodor Jang, bener ieu mah. Sok pangmilihkeun.”

Bari kebek ku teu percaya, si pelayan milih hiji mobil anu hargana ratusan juta perak.
“Tah ieu yeuh merek Toyota Camry.” Palayan nuduhkeun mobil sedan warna hideung bari weleh teu percaya.
“Mana nu bogana, ku bapa rek dibayar.”

Si pelayan asup ka hiji ruangan, sigana kantor. Teu lila nyampeurkeun dibarengan ku jelema dedeganana lintuh, sigana urang tionghoa.
“Sok asup kadieu pa.” cek anu pangawakan lintuh, disebutna boss.

Sanggeus diuk pahareup-hareup ngan kahalangan meja si Boss ngomong:
“Bener bapa teh rek meuli mobil ?”
“Enya, kuring perlu keur kaditu kadieu. Mun aya mah rek meuli dua paranti narik tatanen.”

Siboss ayeuna mah beuki heran.
“Mana duitna !”
“Ke heula urang padu tawar heula. Ke geus sapuk ku kuring dibayar. Ngan janji mun geus dibeuli pang nganteurkeun ka imah.”
“Na dimana imah teh pa”
“Di Siwa, jang.”

Sanggeus padu tawar, mobil jadi. Duitna dina tas gede dikaluarkeun. Atuh si boss jeung pelayana kacida begongna. Tah ieu carita mang supir anu mawa kuring ka kota Siwa.

Memang bener, kota Siwa teh kaitung kota leutik tapi panghasilan padumukna garede, komo anu boga lahar tani mah.

Saecanna ka Siwa kuring jeung rombongan nyimpang heula ka kota Pare-pare. Dahar teh di hiji rumah makan anu aya di luhureun pelabuhan. Jadi mun nempo ka handap atra pisan pelabuhan Pare-pare sakitu endahna.

Kota Pare-pare oge kota leutik, jajalaneun mun rek ka Siwa. Kota teh dibagi tilu kacamatan nyaeta Kacamatan Bacukiki, Kacamatan Ujung jeung Kacamatan Soreang. Jadi lain di Kabupaten Bandung bae anu ngaran Soreang teh, di Sulawesi nyaeta di Pare-pare oge aya ngaran Soreang.Rombongan reureuh heula sakeudeung, geus kitu biur neruskeun perjalanan.

Harita, basa nepi ka Siwa kabeneran keur hujan. Kuring jeung rombongan datang ka STO tempat anu rek di resmikeun ku Direktur Keuangan. Geus nempo, sapuk isukan rek di resmikeunana. Jadi kuring jeung rombongan kudu nginep di Siwa. Tapi, anu nguruskeun kadatangan Direksi jeung rombongan mutuskeun yen di Siwa mah taya hotel, kapaksa kudu nginep di Palopo.Jadi rombongan kapaksa ka Palopo heula. Sok sanajan teu pati jauh, kira-kira dua jam perjalanan, tapi kacape mah aya. Datang ka Palopo pasosore, kuring nginep di hiji hotel. Heran, kota sisi laut tapi hawana teu panas, da di penginapan oge taya AC. Sapeuting nginep, isukna biur ka Siwa. Datang teh geus rame make umbul-umbul sagala. Singketna, beres ngaresmikeun malah solat lohor ge di hiji masjid, rombongan balik ka Makassar. Waktu rek balik, ger deui wae hujan badag pisan. Alhamdullilah, waktu nepi ka Makassar aya telepon yen waktu balik jalan di Siwa aya nu urug. Untung geuwat balik, mun nungguan dua jam deui cenah, jalan katutup ku urug. Cag

Deherba