Salaka Edisi Online

Dina Hiji Peuting

Ku: Aam Amilia

Make rada nyeblak nenjo pamajikan keur sasalaman jeung Musa, sobat basa di SMA. Eta ku sari-sari cunihin. Ongkoh apal manehna ge kungsi naksir ka Nila anu ayeuna jadi indung barudak teh. Angot basa tadi nepak kana tonggong, keur papada asup ka lawang saketeng nu hajat.
“Ari Nilamah asa beuki geulis bae beuki kolot teh. Bagja silaing, Hen” pokna ka kuring.
Teu ngaenyakeun, ukur ngareret ka pamajikanana anu gendut teu puguh potonganana, tur beungeutna camohok. Padahal Gina ge baretona mah kaasup mojang geulis di antara kabogoh babaturan teh.

“Hanjakal dewek kapiheulaan, ” ceuk Musa bari gek diuk gigireun. Ari pamajikan diukna ngarendeng jeung Gina, uplek ngobrol, bangun mulangkeun kasono.

Degung ngungkungluhur panggung, marengan lagu Sunda nu dihaleuangkeun ku juru kawih dikabaya koneng. Kawas ngahaja Kang Suhanda teh ngondang babaturan urut di SMA, sakalian reuni. Eta we ari gok ari ger. Begang ku begangna babaturan pada ngece, pajar loba hutang, pajar haying nyandung, pajar nyeri dicandung. Gendut ku gendutna, pada ngagonjak pajar korupsi. Di tempat dahareun lain deui moyegna. Barangdahar bari hareureuy tea, rarasaan keur ngarora. Teu inget anakna teh aya nu geus kuliah sagala.

Ari sorangan make terus nyidik-nyidik pamajikan. Enya geulis geuning Nila teh, ari di ondangan mah. Naha atuh ari di imah sok tara tembong geulisna. Komo lamun geus make daster batik kawas panyeupahan lalay, mani haying nyuntrungkeun we. Ari digarah-geureuh, pajar teh tiis didaster ieu teh raoseun, jeung sagala rupa alesan. Ari ayeuna, enyaan. Bener ceuk tetenjoan Si Musa. Irungna mancrit, kulitna koneng, panonna cureuleuk, mani asa beuki kacahayaan ku baju kabayana pulas hejo pucuk cau. Ongkoh cahaya lampu mani mabra di sakurilingna.
“Kang Hendra mah upami diparas ulah pondok teuing, sae rada gondrong saeutik. Mun Mita gaduh caroge gantengna kawas Kang Hendra, diatur , da, ”pokna.

Make beregegeh dikitukeun teh. Isukna ngahaja neangan kameja bulao kolot anu geus lawas tara dipake. Na atuh ari tepi ka kantor, enyaan manehna muji. Cakep , cenah, cakep.
“Kumisna mah ulah dikurud, janggotna beresihan, ” pokna basa kuring ngahaja ngaberesihan janggot jeung kumis. Atuh teu sirikna diarep-arep kumis teh hayang geura renung deui.

Ti harita jadi resep ngaluis. Horeng lain kuring wungkul nu diperhatikeun ku manehna teh, Mita ge bangun hayangeun ditaksir deuih.
“Kang Hen, sae teu acuk Mita?”cenah.

Kuring unggeuk. Da taya baju nu teu pantes atuh nu dipake ku manehna mah. Tapi bangun teu sugema ku jajawaban sakitu teh, kalah ngajanggilek.
“Mani unggeuk wungkul.”
“Eh sumuhun sae, lucu, geulis, payus.”
“Duka, duka…., ” cenah bari cetaan baeud.

Basa dibaeudan ku Mita teh mani asa ngalanglayung. Datang ka imah, gok jeung pamajikan cawidwid keneh. Buuk pinuh ku pangerolan, beungeut herang ngarah bodas, daster nu tiis tea napel dina awakna.
“Can ibak?”. Ceuk kuring.
“Ke sakalian arisan.” Cenah.

Kajadian kitu teh lain sakali dua kali, nepi ka sok beuki sono ka Mita teh. Mita nu salawasna seungit, geulis di make up mani rapih, henteu urat –aret.

Lila –lila mah papanjangan. Tina ukur ngabaso jeung ulin, jadi mindeng ngajak lalajo. Resep, najan ukur bisa ngarames-rames Ramona ge, da galura jiwa asa jadi ngora deui. Anu geus leungit ti Nila, asa kapanggih deui jeung Mita.
“Ari maneh moal dahar?” Si Musa ngagebah. Kuring cengkat. Ret ka pamajikan, make ngeletan. Gusti naha make nyeblak sagala. Enya Nila teh kacida geulisna. Si Musa mah beres panonna. Asa teu eleh meueus-meueussan acan ku Mita, pamajikan teh, geulis jeung lempay.
“Nila, ulah diseepkeun gado-gadona, ”ceuk Musa ngaheureuyan pamajikan. Nila ukur imut. Kuring ge seuri. Inget ari tepung teh di tukang gado-gado. Harita hubungan kuring jeung Nila henteu disatujuan ku bapana, da cenah barudak keneh, Nila kudu tamat heula sakola di perguruan tinggi, kitu deui kuring. Tapi kumaha atuh da duriat jeung kasono mah teu bisa diancokeun nepi ka meunang gelar sarjana.
“Aya keneh lotek pengkolan teh. Mus? Ceuk kuring.
“Euweuh, pan ayeuna mah jadi toserba. Harita dewek teh naksir da ka Nila teh, ngan era geus ku maneh.”
“Kutan?.
“Heueuh, balaka we ayeuna mah, da geus kolot.”
“Ku bisa atuh silaing nyumputkeun semu, ”ceuk kuring.
“Teu salah nya selera urang, Nila mah bakal geulis nepi ka kolot, Ayeuna geus nincak tilu puluh geulis keneh kitu.”
“Meugeus tong muji wae, urang timburuan yeuh.”

Tapi Musa kalah seuri. Giliran manehna ngalas, make noel ka pamajikan, hayang pangnyiukkeun sangu.
“Angger Si musa mah , rehe, ” ceuk pamajikan bari ngeletan ka kuring.

Gusti naha mani nyeredet. Hayang geura nepi ka imah. Rek dikekesek tah biwir anu amucuy teh.

Teuing kunaon sanggeus sababaraha kali nenjo Si Musa ngaheureuyan pamajikan teh kalah katenjo asa beuki geulis wae. Leungit we Mita anu isukan ngajakan lalajo teh.

Tapi basa peuting ngaleng cangkeng pamajikan, mulang ti imah Kang Suhanda, niat teh leungit. Anggur panto pager benerkeun, ulah kagoda deui ku Mita, ceuk hate. Apan pamajikan ge sakieu geulisna. Ngahaja dikaleng lebah cangkengna nu lengkeh, basa ngaliwat hareupeun Si Musa. Manehna ukur jebi, da moal bisaeun nurutan ngaleng cangkeng Gina, sagede kaleng kurupuk kitu.
“Ulin ka ditu, Hen, ” ceuk Musa.
“Heug, ” tembal teh pondok.
“Moal permisi heula ka Kang Suhanda, Kang, ” Ceuk Nila.
“Lah teu kudu, antrian sakitu panjangna.” Nyarita kitu teh teu sirik bari ngagusur leungeun pamajikan.
“Mani kabedil langit, ” ceuk kuring basa geus dina mobil. Manehna cicing wae. Teu cara Mita, ari dikitukeun teh sok, ah, massaaa cenah, bari nyekel kana puhu leungeun.
“Mani geulis, Mamah, ” ceuk kuring.
“Ah, gombal!” cenah.
“Mani timburuan ka Si Musa, pok deui pok deui nyebut geulis ka Mamah.”
“Ah dasar rehe. Eta si Gina mani jadi lintuh kitu nya, Kang, bareto mah mani kejeng.”

Teu pati dibandungan caritaan pamajikan teh, hayang geura tepi ka imah. Beungeut pamajikan tadi di nu hajat mulangkeun kasono anu lawas teu katimu. Seungit parfumna mani nyedek kana irung.
“Eh, ku naon sih cunihin!” Manehna ngagebes.
“Manawi teh perseneleng, ” ceuk kuring.
“Ku naon sih, siga remaja wae, rehe!”
“Ari sugan Akang teh perseneleng, paingan naha ceuk akang teh hipu, ari lepat gap mah.”

Teu burung seuri Nila teh. Asa kapanggih deui nu leungit sababaraha taun lilana, ngadenge Nila seuri. Komo basa terus nyiwit mah. Ku kuring direret, manehna ngadilak. Mani hayang ngegel biwirna.
“Beh dieu calikna, ” ceuk kuring. Nila ngised.

Mobil ngaleong sakedapan.
“Itu…itu mobil, bis waeh. Ku naon sih, engke atuh di bumi. Siga nu…, ” pokna rada keuheul. Reuwaseun meureun nenjo mobil hareupeun meh paadu. Pipina disusutan.

Ah, enyaan paingan ceuk babasan jukut tatangga sok katenjo leuwih hejo. Mana horeng sorangan ge henteu sadar boga pamajikan sakieu geulisna. Si Musa mani bangun geregeteun nenjo Nila tadi di nu hajat. Kuring mah nu bogana, geregeteun teh bisa diteruskeun. Inget ka dinya, mobil di- gas.
“Kang ku naon sih…? laun we atuh, ” ceuk pamajikan.

Teu digugu, mobil terus ditarikkeun. Rada jauh imah Kang Suhanda teh. Merlukeun datang soteh, awahing ku deudeuh wae. Jaba disebutkeun yen sakalian reuni. Da lamun teu inget ka dinya mah, asa hoream ku jauhna.

Di imah geus simpe. Lantaran mawa konci teu kudu keketrok, terus wae asup. Mobil ge henteu terus digarasikeun, ditunda di luar wae, da panto beusina dikonci ieuh.

Pamajikan nu leumpang gegendeyen, diudag sanggeus nulakan panto hareup. Manehna semu reuwaseun basa ditangkeup ti tukang, terus kekepehan hayangeun lesot. Regeyeng dipangku dibawa ka kamar. Diturunkeun dina tempat sare.
“Akang teh ku naon sih, dadak-dadakan?” pokna bari terus cengkat, turun tina tempat tidur, bangun keuheul, nunda kantong leutik jeung karembongna dina luhur toilet.
“Urang bobo, ” ceuk kuring haroshos.
“ke heula da kedah salin heula, sakieu arareungapna, ti tatadi ge ditahan.” Kuring ukur neuteup. Manehna gegelendeng, nyingsat ka kamar mandi. Kop kana roko, sut disundut sabatang. Asa mending di kamar hareup, sepi jeung aya lampu hejo, ngarah asa leuwih romantis. Hayang ngobrol memeh sosonoan jeung Nila teh, mulangkeun katineung heubeul.
“Enggal, nya Mah…, ku Akang diantosan di kamar payun, ” ceuk kuring bari ngetrokan panto kamar mandi.
“Mannga, ” tembalna.

Kamar hareup salawasna kosong, paragi sasayagi bisi aya Ema atawa mitoha ngadon ngendong. Sepre pulas kayas saheab, asa payus naker jeung kembang aggrek paul nu dipasang ku Nila di dinya. Lalaunan kuring ngalangkrak. Asbak dina meja leutik dirawel diteundeun di luhureun dada. Haseup roko diserebungkeun, hayang ngaleupaskeun kasumpeg. Bagja geuning mikacinta pamajikan teh. Bagja boga pamajikan geulis teh geuning. Mun teu diingetan ku si Musa boa kuring teu engeuh yeh Nila teh geulis keneh.

Mita ge osok dibaju hejo, tapi asa pantes keneh Nila. Mita mah irungna henteu mancrit kawas Nila. Mita mah kulitna henteu koneng siga Nila.
“Kang Hen…, sae teu rambut Mita, ” cenah.

Ogo pisan nanyana teh. Dijawabna kudu diterangkeun teu cukup ku unggeuk. Aya rasa birahi anu seseleket sumeleket, mun nenjo Mita uluman-alimen hareupeun. Tapi tadi naha eta rasa teh bet tumuwuh deui basa silikeletan jeung pamajikan di tempat meja parasmanan. Mita sok ogo menta pangmukakeun pita mesin tik nu anyar.

Manehna neuteup. Seseleket deui rasa nu awor antara haneut jeung gegeut. Tapi henteu mapakan rasa awor panas jeung geter birahi, basa tadi mobil ngagaleong di jalan. Ah, teuteup Nila sanggup keneh mere getering rasa nu endah dina talaga kalbu nu pangdasarna. Teusing leuwih hejo geuning jukut di imah batur teh.

Les leungit Mita nu kempot. Moal tulus, geulis, nongton enjing teh, artosna rek dianggo ngalereskeun panto beusi. Nila geus sanggup ngaganti rasa jeung geter di kantor, ku dangdananana tadi di nu hajat. Geulis pisan Nila teh. Ah, tangtu ayeuna keur menerkeun wedakna, keur milih daster nu ipis, cara basa peuting-peuting munggaran pangantenan. Piraku Nila henteu sarasa, yen peuting ieu teh kuring manggihan deui dirina, manggih deui diri sorangan, manggihan deui suasana anu kungsi leungit.
“Taah ayeuna mah tos beres. Saur Ibu salon ge lamun bade bobo teu kenging katempelan wedak, margi janten flek-flek hideung, ” ceuk Nila. Kuring reuwas, asa kagebah.

Roko dibebeskeun kana asbak, tuluy ditunda di kolong tempat sare. Panon olohok, Nila hareupeun nangtung pinuh ku cream dina bengeutna, herang ngagenclang. Buukna lebah tarang digulung ku pangerolan. Daster batik nu cenah tiis napel dina awak. Goloyoh manehna ngagoloyoh gigireun.

Nangkeup kana awak, selengseng bau cream peuting. Breh Mita dina wangwangan. Bajuna pulas coklat saheab, dipapaesan kongkorong pulas coklat, seungit buukna, seungit awakna, parfumna nyeleke kana jero seuseupan, tembus kana jantung, parat kana rasa lalaki kuring.
“Cenah tadi hoyong, ngarurusuh ari ayeuna kalah ngahuleung, ” ceuk pamajikan gigireun. Leungeun kuring ditarik, ditangkeupan kana awakna.

Hayang soteh tadi, ceuk hate, sugan teh enya dangdan keur salaki, singhoreng keur ondangan wungkul keur Kang Suhanda, keur tenjoeun batur. Da nu ngagoler ayeuna di gigireun mah angger we nu dibungkus ku daster kawas panyeupahan lalay. Jaba beungeut herang dibalur salep matak inggis katepaan. Acan dina sirah monyontol rolan sagede muncang. Najan leungeun haben diteueul-teueul oge, kumaha atuh, da pangacian kabur manten. Boa Mita geulis soteh di kantor.

Pamajikan ngarenghik, kuring heuay ditarikkeun.

Galura No. 2 Taun ka-1

Tilam Sono:
Bagea para wargi sadaya kanca mitra Salaka anu satia, wilujeng mapag taun 2009. Anu pinuh ku rarancang, sawareh pikagimireun, urang diomat-omatan kudu waspada, ulah ireug talingeuh dina nyanghareupan krisis global dina sagala widang.
Maca dongeng deui tina kumpulan 50 carita pondok Panggung Wayang karangan ibu Aam Amilia. Ieu teh salah sahiji caritana anu ngandung harti kacida matak era parade pikeun kaum wanita.anu mindeng salah kaprah dina ngalarapkeun elmu midang.
Elmu Midang? Enya, elmu midang, ngageulis, ngaluis, ngarah kataksir hade, hade keur saha?dina lalakon kahirupan Nila jadi pamajikan Hendra, geus ngabuktikan bisa ngadi salira, miara awak ngarah awet ngora, ngarah tetep jadi kareueus nu jadi salaki. Kabuktian sukses aya hasilna, kageulisannana bisa dipintonkeun hareupeun balerea jeung papada babaturan sapantarannana. Meunang Nila teh jadi juara, jadi bentang dipuji ku para penggemar, mun artis tea mah. Juara diluareun kahirupan rumah tangga, geulis ukur pintonkeuneun, geuning salakina mah angger we nempo Nila teh diimahna mah mamake daster anu belel siga panyeupahan lalay, alesannana teu pira, asal genah keur sorangan, ngarah tiis cenah.
Nila lain pamajikan nu bodo, cerdas pisan, kacida reueusna jadi bentang dina ondangan reuni, pada muji, pada ngaheroyan. Boa dina pikirannana hayang leuwih deui mulasara diri, ngadi salira, ngadi busana. Salah nila teh?pek lenyepan ku dulur-dulur, anu sajatining kaum wanita, pasti bakal rupa-rupa pamadegannana. Atuh pikeun kaum pria, ieu oge lenyepaneun, yen pamajikan teh mikabutuh perhatian, pujieun, da geus kitu sipatna istri mah kudu dienod, diolo, dicombo kahayangna. Sing babarengan makayakeun, ulah hayang genah sorangan, abong kena loba panglumpatan, dina ieu carita dicontoan ku Hendra anu kaheroyan ku batur sakantorna.
Sim kuring muij pisan , ku heman ari Ibu Aam Amilia ka para wanita, dina dongeng-dongengna teh teu weleh pinuh ku amanat pikeun ngajaga katengtreman rumah tangga. Atuhda generasi anu alus teh lahir tina hasil didikan rumah tangga anu mulus, rukun salaki pamajikan, ngaheuyeuk pendidikan pikeun katurunannana.
Aeh naha jadi papanjangan tilam sono teh, cag heula, engke urang pedar deui dongeng-dongeng anu sanesna.
Salam sembah baktos kahatur Ibu Aam Amilia, kitu deui kahatur dulu-dulur mitra salaka. Iraha urang tiasa patepang lawung ? diantos pisan..
Sonona
Ni’ang Hj Titien Gilang MS.
Bandung januari 2009.

Deherba