Salaka Edisi Online

Babasan & Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
 
 

Babasan

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.

  • Diangeun careuhkeun: Diantep teu didahar atawa dipirosea
  • Ieu aing: Boga rasa pangpunjulna, panggagahna, pangbeungharna
  • Asak warah: Cukup latihan (didikan). Cirina: henteu dusun, basa jeung paripolahna euweuh nu salah
  • Babalik Pikir: Robah lampah jadi hade
  • Cacag nangkaeun: Henteu beres, henteu rata
  • Carang takol: Saeutik nyaritana, anu diomongkeun teh anu perluna bae
  • Elmu ajug: Jalma nu bisa mapatahan kahadean ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna
  • Elok bangkong: Nuju sakarat ngan kari tunggu dawuh bae, keur ngaleupaskeun nyawa
  • Ganti pileumpangan: Ganti adat anu tadina hade jadi goreng atawa sabalikna
  • Harigu manukeun: Dada jelema nu nonjol ka hareup siga harigu manuk

 

Paribasa

Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.

  • Adu telu ampar tiga: Diriungkeun, anu perkara atawa anu jual beuli
  • Kawas aki-aki tujuh mulud: Kawas nu geus kolot pisan padahal masih ngora keneh
  • Ambek nyedek tanaga midek: Napsu pohara gedena, hanjakal teu kaanteur ku tanaga, malum da geus ropoh
  • Aya bagja teu daulat: Teu tulus meunang rejeki
  • Tacan aya nu nganjang ka pageto: Can aya jelema nu nyaho naon anu saenyana nu bakal kajadian
  • Batok bulu eusi madu: Nyolong bade, di luarna goreng rupa atawa euweuh tagog, siga bodo tapi pinter tur bageur
  • Ngarep-ngarep bentang ragrag: Ngarep-ngarep hal anu pamohalan bakal kajadian atawa kasorang
  • Balaka tiktrik balaka combrang, beuteung mutiktrik berekat meunang: Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat
  • Caang bulan dadamaran: Migawe hal anu teu perelu deui
  • Nyeungeut damar di suhunan: Nembongkeun kabeungharan, mere maweh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji

 

(Djodi Prihatna).****

Deherba