Babasan & Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
- Abis bulan: Tutup bulan
- Ngacak ngebur: Rek make naon bae oge bisa, da aya jeung geus sadia, mangpang-meungpeung
- Kawas aeud: Nya goreng budi nya bangor, lalandian diucapkeun ka sahandapeun ku nu keur rada keuheul bari heureuy
- Aku-aku angga: Ngaku barang batur majar teh anuna, ngaku baraya ka nu beunghar atawa jeneng kalawan pangarahan
- Alak-alak cumampaka: Niru-niru saluhureun
- Alak paul: Tempat nu lain dikieuna jauhna jeung pisusaheunana
- Ka bala ka bale: Bisa nyaluyukeun diri di tempat mana bae, atawa jeung jelema nu kumaha bae, bisa gawe kasar jeung gawe lemes
- Cangcut taliwanda: Geus saged pikeun bajoang
- Ngadaun ngora: Nembongkeun deui kamajuan sanggeus ngalaman mundur
- Eleh deet: Ngelehan maneh ka sahandapeun nu tuna luang pangalamanana lantaran karunya
Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
- Hurip Gusti waras abdi: Raja senang sarta mulya, rahayat cageur
- Awewe mah dulang tinande: Awewe mah biasana kumaha salaki
- Kacekel bagal buntutna: Katewak luluguna
- Unggah bale watangan: Keuna perkara, kudu ngadep ka pangadilan
- Banda sasampiran nyawa sasampayan: Ulah boga angkeuhan nyawa jeung banda bisa diatur ku urang
- Melengkung umbul-umbulna ngerab-ngerab banderana: Iring-iringan atawa kaayaan di tempat hajat
- Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo: Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa gering
- Campaka jadi di reuma: Nu geulis urang kampung teu pantes aya di pasisian
- Sato busana daging, jelema busana elmu: Jelema mah nu minangka jadi papakean teh elmu, lain daging kawas sato
- Daluang katinggang mangsi: Susuganan katuliskeun aya jodo atawa warisan
(Djodi Prihatna).****





