Eyang Putri Ronggeng Sari
Ku:Aam Amilia
Haseup parukuyan nu ngelun minuhan rohangan nu teu sabaraha lega,ngalantarankeun Husen kabesekan. Batukna teu wudu lila,sanajan geus dicoba ditahan oge.
Sabot kitu Bi Eha,dukun lepus nu kajojo di kampung Saka,keur buburilengan,panonna nenjo kana lalangit. Tidinya terus peureum,gerebeg,gerebeg….,jengker sakeudeung.
“Eyang bade lebet!’ Cek Jumali anu minangka asistenna.
“Tutupkeun hordeng, Cep . Mangga pareureum,” pokna.
Husen anu ti tatadi mendeko tukangeun Gani anu keur dudukun,cengkat sakeudeung nutupkeun hordeng,terus diuk deui. Haseup beuki ngelun kaluhur,minuhan rohangan. Ayeuna mah henteu kabesekan deui,geus rada biasa.
Gurubug,gurubug,terus ngagerem.
“Ceu Eha….”cek Jumali.
“Lain Eha….Ieu Eyang,nginjeum heula kurungan Eha, bongan dihaturanan linggih.”
“sumuhun Eyang.”
“Saha nu perelu ka Eyang?”
“Ieu pun Gani,dupi Eyang teh saha?”
“Eyang Putri Ronggeng Sari.”
Jumali ngaharewos ka Gani jeung Husen sangkan tungkul. Terus kadenge Eyang Putri mapatkeun ajian. Garanyam gerenyem, bari sada ngagerem ditahan.
“Eyang mugi keresa ngadangu ieu putu.”
“Aya naon putu Eyang teh?”
“Ieu, sun…mangga Jang Gani nyanggem wae nyalira.”
Gani neuteup sakeudeung kana panon Eyang anu peupeureudeuyan, terus nyarita. Mimitina mah arap`ap eureup`eup, tapi lila-lila mah lancar oge nyaritana teh.
“Ieu Eyang…. Abdi teh gaduh masalah di kantor. Duka kunaon unggal aya order ti pusat sok kapiheulaan wae ku parusahaan sanes. Ayeuna aya tender anu rada ageung ti hiji instansi pamarentah. Maksad mah nyuhunkeun pangjiad ti Eyang, supados eta tender teh tiasa ragrag ka pausahaan abdi.”
Gereyem,Eyang nyebutkeun kaharti,terus gegereyeman. Gurubug gurubug….Luk tungkul sakeudeung. Jumali ngasupkeun deui menyan kana parukuyan, nepi ka anu tadina rek pareum jadi hurung. Kadenge dei pepeletekan sora menyan kabeuleum ruhak.
“Putu Eyang kurang awas tingal, Ari paningal teh lain wungkul mata lahiiir…., hemmm, hemmm…” Gereyem ngagereyem,terus cuplak ceplak sakeudeung.
Paningal teh kudu diseukeutan ku paningal batin. Ieu paningal batin teh bisa digantian… tapi kudu aya pameulina. Naha putu Eyang sanggup nedunan?”
“Mangga waler Cep.” Cek Jumali.
“Emh…. Mangga saurkeun heula wae Eyang, manawi abdi tiasa ngemutan. Atuh satiasa-tiasa bakal ditedunan ku abdi.”
Lila Eyang teu nyarita nanaon. Ngan leungeunna uyup-ayap kawas nu keur nyasaran,bisi aya kokotor dina samak nu ku manehna keur didiukan. Buukna nu digelungkeun leutik lalaunan morosot lantaran kabawa motah ku Eyang,sabot uyup ayap,awakna ge beuki motah,beuki rosa.
“ieu waruga putu Eyang,nu sok dipake pamuntangan ku hidep,bisa dipake parepeh. Nu bakal seungeut….eh,seukeut paningalna hidep,parepehna putu Eyang,Nyi Eha,Sanggup?”
“Mangga Eyang….”
“Dina pesak kutangna aya resep kacapanon di A. Kasoem pek tebus ku hidep, bikeun ka Nyi Eha,minangka parepehna,da enas-enasna mah ku Eyang diasupkeun kana keris Nyi Layonsari Wirumananggay. Pek putu Eyang candak…kerisna.”
Jumali ngaringkang,terus mawa sababaraha hiji keris. Keris teh meh sarua gedena,tur henteu katenjo aya nu alus. Sawareh karahaan-karahaan acan,jeung laleutik..
“Nu mana, Eyang?”
Leungeun Eyang gupuy- gapay deui. Gep kana keris nu tungtungna rada sompang. Kop dibikeun,sanggeus dijiad. Ku Gani ditampanan,sup dikana kantongnakeun.
Henteu kungsi lila Eyang Putri Ronggeng Sari amitan. Pangawak Bi Eha sabihara deui. Serengeh seuri ka semahna.
“Kumaha, Cep Gani,saur Eyang teh?” pokna.
“Eta cenah,Bi Eha,dina kawaykagungan resep kacasoca di A.Kasoem. cobi atuh tiasa ditingal?”
“eleeeeh naha nya bet ka Ibi?” Bi Eha alangah –elengeh.
“Duka da saurna kanggo parepeh.”
“Beu, beurat,tapi keun wae.Bi Eha janten parepeh ge,keur Jang Gani. Muga pamaksadan tinekanan. Da panginten ari aya kamajengan mah maenya hilap nya,ka Ibi,”pokna.
“Kantenan,”tembal Gani. Resep dtampanan,bari terus amitan. Dijajapkeun ku Jumali nepi ka buruan.
“Upami bade ditebus ku abdi tiasa,” cek Gani.
“Moal sawios-wios?”
“Moal,asal katingal dianggo we ku Bi Ehana.”
Resep ditenjo,pangaji Rp 42.500.-eun. Kusiwel Gani mawa duit,sok dibieun ka Jumali,bareng jeung resepna. Jumali nyanggupan kacapanonna rek dianteurkeun ka Gani,pikeun dipasrahkeun ka kurungan Eyang Putri,da kudu ku Gani sorangan.
Sanggeus nu duaan amitan,giliran nu asup Nyonyah gendut make kacapanon rubak, buukna digelung jucung. Samemeh asup,ditanya pamaksudan ku Jumali. Cenah manehna teh haying meruhkeun salakina sangkan balik deui ka manehna,tur nyerahkeun nu ngora.
Ari Bi Eha teh sok dipake pamuntangan ku nu percaya ka dukun. Wallohualam,naha kabeneran wae atawa memang pangala hirupna tina kikituan,pasenna teh tara towong. Sapoe-poena teu weleh ngantay. Harita ge aya kana limawelasna. Ti isuk nepi ka asar. Bi Eha can cengkat ti rohangan praktekna.
Nyonyah gendut dititah asup. Terus menekung,introduksina mah teu beda jeung Gani tadi. Ayeuna Eyang Putri Ronggeng Sari geus asup kana kurungan Nyi Eha.
“Pamaksadan putu Eyang teh naon?”
“Abdi teh hoyong sangkan pun lanceuk mirak nu ngora.”
“Eueueuh…Eneng putu Eyang kirang sae dina dangdosan. Tiasa diparepehan ….,sanggup?”
“Kantenan….”.
“Wayahna putu Eyang kedah meser baju tunik,warna ungu,jeung erok tujuh rupa,tujuh warna,anu pimahieun di putu kurungan Eyang, Nyi Eha. Kade salah tujuh rupa teh ngarah karamatna ti Putri Tujuh anu sok ibak di Leuwi Katresnan. Si Eha keur parepeh…,pamorna luncat ka putu Eyang…”
Nyonyah gendut bangun gumbira,komo sanggeus ditorah mah cenah lamun pamajikanana nu ngora. Komo lamun pamajikan nu ngorana maot mah,moal henteu,cenah bakal balik deui ka manehna. Rengse semah meunang pituduh,saperti sasari dijajapkeun ku Jumali tepi ka buruan. Ngan bada jeung Gani,Nyonyah gendut mah rek meuli sorangan erokna saperti panuduhan Eyang ti MM.
Tapi barang sup ka kamar praktek Nyi Eha, jumali reuwas,sabab Nyi Eha keur gegerebegan.
“Eha…eling,nanaonan maneh teh?” Tapi Nyi Eha anggur ngolosod,kesangna cipruk. Jumali geuwat mareuman parukuyan,sarta geuwat dijauhkeun.
“Eha…,nanaonan,da geus euweuh pasen.”
“Hemmmm…hemmm…” Nyi Eha humarurung. Dicabak tarangna beuki ngoprot kesang. Naha kunaon?
“Keur kalebetan Eyang meureun Bapa,” cek anakna nu asup teu kanyahoan. Jumali seuri bari angger reuwas.
“Eyang nanahaon? Siah ah, kaditu nyokot cai tiis.”
“Cai du’a Bapa?,”
“Cai naon we asal asak.”
Sanggeus diinuman Nyi Eha beunta.
“Kunaon ari Ema,pasen geus taya hiji-hiji acan ngadon gugurubugan. Latihan?”
“lapar,salatri meureun abdi teh. Ti isuk can dahar.”
Ti luar kadenge nu pupuntenan. Jumali geuwat nyampeurkeun. Teu lila asup deui ka kamar.
“Wayahna hiji deui,lebar,heg ginding,” pokna.
Mangle No.876.
Tilam Sono:
Tepung deui nyacapkeun kasono urang ngabandungan carita Ibu Aam Amilia,puguh ge teu weleh pogot macaan carpon Ibu Aam. Ieu oge sarua nyalin tina kumpulan 50 carita pondok anu diaranan Panggung Wayang. Penerbit CV Geger Sunten Bandung.
Rupa-rupa tingkah laku manusa pikeun nyukupan kahirupan,boh anu aya dina angen-angen , pon kitu deui pikeun nyanghareupan kanyataan kahirupan anu udag-udagan jeung krisis global.
Sim kuring ngawawaas ieu carita,aya dina kurun waktu taun ‘70an.nilik tina harga kacamata Rp 42.500 di toko kacamata pang terkenalna di Bandung jaman harita mah. Mun ayeuna mah ngayuta sabaraha kali nikel. Tingkah laku Jumali jadi salaki pangangguran, kudu nyukupan pangabutuh,kabeneran pamajikanana, Nyi Eha,mibanda “bakat terpendam”jadi aktris. Nya teu wudu aktingna teh bisa ngayakinkeun sakur nu datang menta tulung,pedah poekeun,muntang ka dukun lepus.
Komo deui jaman kiwari anu pinuh ku rupa-rupa pasualan akibat tina krisis global tea,meureun merul jelema teh hayang ditorah nasib ku dukun,sangkan bisa boga pakasaban anu pibeunghareun,atuh para koruptor hayang aman ulah kasaba ku KPK. Nilik tina rupa-rupa kajadian kiwari,moal pamohalan mun praktek dukun lepus jadi laris kacida.
Jadi aya oge kahariwang mah bisi ieu carita teh jadi ilham pikeun dijadikeun pakasaban,omat ah ulah mikarep gawe anu teu hade.bisi balukarna jadi cilaka. Pan geus loba conto korban dukun palsu.pang-pangna anu utama, kade ulah ngalejokeun batur.
kumaha Bu Aam kiwari?, masih keneh iasa jeung keresa ngadongengkeun kaayaan anu temana luyu jeung kahirupan kiwari?.kalayan wanda tur wangun carita anu ngindung ka jaman. Malah mandar sasieureun sabeunyeureun sugan aya pulunganeunana.( Sok sanaos ilustrasi taun 70an oge,masih keneh tetep matak pogot maca.) Diantos karyana kanggo aoseun kulawarga salaka di jomantara.
Cag ah engke Niang bakal ngorehan deui carita anu sanesna .
Salam:Hj. Titien Gilang MS





