Tana Toraja
Ku: Kang Fauzi
Mangtaun-taun Tana Toraja jadi "imajinasi mistik" dina hate kuring. Teu kitu kumaha, beja ngeunaan Pesta nguburkeun mayit anu cenah sakitu megahna,mayit diteundeun mangtaun-taun dijero imah, tulangtaleng di jero gunung batu jst. Mangrupa gambaran Tana Toraja anu jadi impian. Hate nerejel hayang datang ka eta tempat.
Bet teu gugur teu angin, kuring nampa surat tugas kudu milu ngajejeran Direktur Utama ka Makasar anu saterusna rek ka Tana Toraja. Ngaku we ari ka Makasar mah geus sababaraha kali, tapi ari ka Tana Toraja mah karek ayeuna. Mudah-mudahan dina perjalanan taya bancang pakewuh.
Informasi munggaran ngeunaan perjalanan ti Makasar ka Tana Toraja meakeun waktu 8 jam make jalan darat, ari make pesawat mah paling sateng jam nepi ka Pong Tiku, tapi sigana bakal leuwih lila lantaran sakur Kancatel atawa STO anu kaliwatan bakal di longok ku Dirut jeung rombongan. Memang bener, timimiti Maros, Pangkajene,Barru, Watangsopeng ,Pare-pare, Pinrang ,Enrekang , Jene ponto terus nepi ka Tana Toraja di longok ku Direktur Utama.Nu moal poho teh basa nyimpang ka Kancatel Enrekang, rombongan disambut ku musik tiup kabeh alatna dijieun tina awi. Malah ,cenah, eta musik tiup teh geus ngalanglang buana utamana diundang ku nagara Jepang.
Beres ngalongok Kancatel Enrekang, rombongan neruskeun perjalanan. Ari para inohong mah make mobil bus pariwisata, ari kuring make mobil Jip Ceprolet nyemprung minangka panerus jalan. Dina mobil ngan tiluan, Supir , kuring jeung salah saurang wartawan senior Kompas. Manehna sababaraha kali dipenta ku Dirut supaya bareng dina mobil, tapi unggal digeroan ngajawab ngan ukur " Terima kasih pak, disina saja." cenah. "Mending didieu Zi, jeung Dirut mah teu bebas" Pokna.
Geus rek nepi ka daerah Tana Toraja, katempo gunung batu nangtawing di beulah kenca, beulah katuhu mah jurang. Warna hideung disaput ku mega pikakeueungeun, sakapeung muringkak bulu punduk. Cek pikir, sigana didinya mayit-mayit diteundeunna.
Teu kungsi lila rombongan eureun di Kantor Telepon Tana Toraja. Nanyakeun , naliti nya kitu we saperti biasa. Geus kitu biur deui neruskeun perjalanan, eta we anu disangka 8 jam, nepi ka Tana Toraja teh geus reup-reupan. Kabeh rombongan langsung ka Novotel, salah sahiji hotel mewah anu aya di Tana Toraja. Nu teu disangka, Tana Toraja kaayaan alamna ampir sarua jeung di Kabupaten Bandung. Subur kututuwuhan, hejo ngemploh tanah garapan para padumuk anu rereana kana tani. Kabeneran waktu ka Tana Toraja keur usum hujan, jadi hawana teu pati panas.
Isukna, kira-kira jam dalapan rombongan nuju ka LEMO, gunung batu anu dieusi kurang leuwih 73 liang kuburan. Saliang teh dieusi ku sakulawarga ( Jadi sakur anu maot dikuburkeunana dihiji liang, bareng jeung kulawargana anu maot ti heula). Ti luar mah katempona ngan ukur pantona wungkul, kuring teu bisa asup da panto anu nutupan liang teh welasan nepi ka puluhan meter jangkungna . Mayit di asupkeun kana liang kujalan di kerek make tali, tapi cenah jaman baheula hususna di Mamasa ngirimkeun mayit teh teu di kerek , tapi dititah asup sorangan ngagunakeun elmu gaib.

Ti Lemo rombongan nuju ka Kete Kesu pakampungan asli urang Tana Toraja , ari imah padumuk didinya disebut tongkonan asal tina tongkon anu hartina diuk babarengan. Imah teh wangunanana siga parahu , kabeh nyinghareup ka kidul. Cenah mah ngeceskeun yen asal-usul urang Toraja datang ti Yunan (Cina). Di hareupeun imah ngajajar leuit anu disebut “alang”. Tiap tongkonan bisa miboga sababaraha alang, nunjukkeun legana sawah anu dipiboga. Tihang-tihang leuit di jieun tina tangkal Palem (bangah) maksudna supaya ulah kaserang ku beurit ,lantaran tangkal palem mah leucir jadi beurit moal bias naek. Di pakampungan Tana Toraja oge rea tukang ngukir, nyieun patung (tau-tau), dekorasi jeung sajabana. Hanjakal ditawar teh marahal. Ukuran sameter persegi hargana nepi ka lima ratus rebu (taun 1999) teuing ayeuna mah sigana leuwih mahal.
Ngobrol jeung salah saurang padumuk didinya, ngeunaan “ngurebkeun/ nguburkeun mayit”, sihoreng sakitu megahna hartina anu maot teh dikurebkeunana dienya-enya nepi ka meakeun waragad ratusan juta , malah aya anu beak milyaran ngan keur upacara nguburkeun mayit. Pesta “pemakaman” lilana 7 poe, ratusan jelema ngaleut rek nempo mayit bari babawaan saperti babi atawa munding.
Rombongan tamu biasana disambut ritual tari jeung nyanyi. Babi-babi sumbangan dikumpulkeun di tengah lapang, oge munding digiringkeun. Tamu-tamu anu dariuk di sisi wangunan disambut ku ibu-ibu nabeuh lisung pangjajap tari “ma badong”
Tapi tong salah, sumbangan babi jeung munding teh lain gratis tapi mangrupa “hutang” anu kudu dibayar mun engke kaluarga anu nyumbang ngalakukeun upacara ngubur mayit. Kumaha mun pareng kaluarga miskin. Teu padulli, nu penting kudu aya babi atawa munding rek meunang nginjeum atawa ngagade.

Mayit anu bakal di kubur ditempatkeun di hiji “erong” (peti mati). Bisa kabaca kelas social atawa awewe lalakina mayit teh nyaeta tina erong tea. Keur bangsawan, erong dijieun mangrupa imah adat, sedengkeun keur rayat biasa mah erongna mangrupa babi (awewe) munding (lalaki). Di handapeun erong diteundeun patung (tau-tau) tina kai. Cenah mah anu nyieun tau-tau aya saratna nyaeta kaluarga kudu meuncit paling saeutik 24 munding. Jadi lamun urang Toraja miskin tong ngimpi mun palastra di abadikeun dina hiji patung (tau-tau).
Munding di Toraja mah sato anu paling untung. Lantaran munding dirawatna siga ka manusa, matak munding di Tana Toraja mah lalintuh, bareresih. Eta we anu ngasuhna bisa digajih sajuta sabulan.
Ngobrol teh hayang nepi ka tuntas, ngan hanjakal nu diajak ngobrol di geroan ku dununganana, kapaksa mandeg. Nu penting Tana Toraja teh bener-bener “Melong Tongan” (indah sekali) Hanjakal kuring teu bisa ngadatangan kabeh obyek wisata Tana Toraja.
Ngan sapoe aya di Toraja teh, isukna kuring jeung rombongan mulang ka Makasar. Batur mah langsung ka Jakarta, ari kuring biasa naek pesawat nepi ka Surabaya, tidinya ka Gubeng numpak kareta api Mutiara Selatan nuju ka Bandung. Cag





