Salaka Edisi Online

Bandros Mang Deri

Mun pareng ka Kantor Pos Bandung, beulah kulon aya hiji nudagang Bandros nu geus aya taunna di eta tempat. Malah Bandrosna teh kajojo lain wae dibeulian ku tukang parkir, tukang Koran wae tapi rea anu turun tina mobil ngahaja meuli Bandros mang Deri. Mun ditanya salah saurang ibu anu katempona jelema “aya” ngajawabna ; Banros mang Deri mah asli tara dicampuran ku tipung tarigu. Cenah.

Mun ditilik apik, Bandros anu asal muasalna ti kota Bogor meunang mang Deri mah estu ngandelkeun kaaslian anu dijeunna tina tipung beas jeung kalapa ngora. Tipung beas dihijikeun diguley jeung kalapa anu menang marud. Jadi, mun geus asak karasa nikmatna. Tah eta merueun rahasiahna nyieun Bandros teh.Sigana babari pisan.

“Ah, teu aya rahasiahna. Mung urang kedah tiasa nyampurkeunana, seueurna tipung sareng kalapa, oge campuran caina” Cek Deri. Anu geuning pakasabanana lain ngan ukur dagang Bandros, tapi sok nampaan pesenan erloji atawa naon bae, nupenting halal.

Deri teh urang Garut, umurna kakara nincak opatpuluh taunan. Buntutan kakara hiji ,kawin ka urang Bandung. budakna geus sakola di SD. Cenah mah, manehna diajar nyieun Bandros ti lanceukna anu leuwih tiheula dagang Bandros. Teu babari geuning, nepi ka diajarna oge opat bulan kakara bisa. Tah ti harita munteu salah mah ti tauh 1999 manehna dagang Bandros nepi ka ayeuna.

“Kapungkur mah lumayan da pun bojo didamel. Ayeuna mah kapaksa banting tulang alatan pun bojo keuna ku PHK.” Nyaritana semu daereuda. Komo cenah ku kaayaan jaman kiwari, sagala mahal utamana dina perekonomian. Mun teu kuat iman bisa-bisa ngalakukeun pagawean anu nirca. Ngan ku iman anu geus nerap ti indung bapa jadi hiji pang dorong dina nyubadanan hirup kumbuh, nyumponan kapentingan kaluargana.

Modalna ngan 70 rebu perak cek Deri nuluykeun lalakon hirupna. Lumayan cenah sapoe bisa jadi Rp.100 rebu. Dagang ti isuk nepi ka sore, mun can beak sok nepi ka jam 10 peuting.

“Da Bandros mah upami dienjingkeun janten haseum. Mung Alhamdullilah teu acan pernah dugi ka nyesa.”

Mang Deri keur ngaladangan anu meuli.(foto Kang Fauzi)

Bahan keur Bandros utamana tipung beas rea nu ngajualan di pasar, tapi mun kalapa ngora ayeuna mah hese neanganana, lamun teu ti Pasar Astana Anyar sok neangan ka Pasar Andir atawa kapasar nulianna. Pokona kalapa keur Bandros mah kudu kalapa ngora. Dicampur 60 – 40, terus di guley make uyah saeutik di hijikeun make cai saperluna. Geus kitu digoreng dina citakan husus keur bandros anu dijieun tina beusi, eusina sakali ngagoreng teh sapuluh siki, tapi aya oge citakan anu sakali ngagoreng 20 siki. Ari hargana sapuluh teh Rp.3.500 . Anu penting cek Deri mah sagala kahayang nu meuli kudu diladenan kalawan daria. Eta we cenah, numareuli  teh rupa-rupa ,aya nuhayang Bandros amis, aya oge hayang anu asin. Aya deui nu meuli hayang rada garing atawa hayang tong garing teuing. Mun can pangalaman mah rea anu teu bisa  nyumponan kahayang nu meuli, anu ahirna moal mareuli deui..

“Didieu mah mung tilu rebu lima ratus rupia sapuluhna , tapi mun di Jalan ABC mah ngicalan teh sapuluh lima rebu rupiah.” Cek Deri anu ayeuna keur tatan tatan rek meuli imah ladang PHK pamajikan jeung hasil usahana tina Bandros. Tina dagang Bandros anu ngahasilkeun duit saeutik geuning geus bisa nyubadanan kaluarga jeung sakola budakna. Nupenting cek Deri mah hirup jujur teu aral subaya, nampi kana pangersa nu maha suci bari terus usaha.

Bilih saderek kaleresan ka kantor Pos Bandung, cobi ngareret ka palih kulon bakal aya anu dagang Bandros. Komo upami isuk keneh, bari Bandrosna haneut keneh bakal ponyo ngadaharna. Cag (Kang Fauzi)

Deherba