Salaka Edisi Online

Kunti Dina Tangkal Koang

Ku: Kang Fauzi

Bet Saumur nyunyuhun hulu karek harita kuring nempo anu ngarana Kunti (meureun). Da cek batur mah anu ngarana kunti teh ayana di cai atanawa dina kokocoran cai. Ari nu kungsi katempo ku kuring , teuing jin teuing enya kunti.
Harita teh poe Salasa, biasa aya borongan. Mobil butut-butut oge boga sorangan bisa ngahasilkeun duit keur ka dapur. Sok sanajan pamajikan digawe jadi pagawe nagri ( Kesehatan) , tapi ari nu ngaran kapala rumah tangga nya kudu we neangan sahuap sakopeun Atuh aya leuwihna ditabung, sawareh keur biaya sakola barudak. Rea anu menta supaya mobil teh ulah dibawa kusorangan, tapi di Omprengkeun. Ah, geus rea kajadian ari dibawa kubatur mah moal aya tanggung jawab, beda jeung kusorangan da nyaho modalna.

Alhamdullilah, disagigireun nyupiran, kuring oge katelah jadi tukang ngajait baju. Kabisa ngajait teh ti nu jadi indung, da indung mah almarhumah muka kaputan geus kawentar “Penjahit Wina” pernahna di jalan statsion Majalaya hareupeun Kantor Pulisi. Ayeuna mah sanggeus taya dikieuna, diteruskeun ku kuring jeung adikuring, tapi teu rame saperti jumeneng keneh. Matak teu heran mun kuring nyambil jadi supir, kabeneran boga mobil butut-butut oge. 

Poe eta, kacida bungahna aya omprengan sakulawarga ka Garut ,rek kaondangan anu ngawinkeun Ongkosna mucekil, matak teu diengkekeun deui kuring mawa muatan sakulawarga.
“Make kenek atuh ustad.” Cek si Ujang. Geus biasa lalandian ka kuring teh Ustad, teuing timana mimitina.
“Ah, teu kudu, kusorangan oge tepi.” Cek kuring.

Jam salapan mobil geus nyemprung ka Garutkeun. Alhamdullilah di jalan taya bancang pakewuh nepi kanu dituju. Rame oge, sigana anu boga hajat teh lain jelema jore-jore, ieu mah salah saurang inohong Garut. Muatan kabeh arasup kagedong kariaan, ari kuring mah ngadagoan dina mobil. Lila oge ngadagoan teh, jam sabelas kakara ting kurunyung.
“Lain ngompreng heula jang." Ceuk pa Tua
“Wios pa. Kumaha urang uih wae ?”
“Ke…ke, kabeneran kakara ka Garut teh sanggeus aya kana sapuluh taunna. Ayeuna mah kumaha lamun  sakalian ka Cipanas.” Kulawargana nyatujuan, komo incuna mah make keprok sagala.

“Mangga, mung……….” Kuring teu neruskeun kaburu dipotong manten.
“Ngarti bapa oge…….Sok haranjat !.” Pak Tua ngajak kulawargana anu katempona pada satuju dituluykeun ka Cipanas heula.

Di Cipanas ngadagoan anu keur curak-curak rada lila oge aya kana tilu jamna. Geus rengse marandi, kuring diajak dahar di hiji Restoran. Da eta we datang ka Majalaya teh jam dalapan peuting. Teu jadi masalah nu penting ongkosna mucekil. Sanggeus mere ongkos pa Tua nganuhunkeun pangpangna mawa mobil teu surudak suruduk cara batur.

“Insyaallah, ke mun aya deui kaperluan pasti ka Ujang.” Cenah nga ujangkeung.


Mang Dede (si Ustad) anu ngalaman nempo Kunti dina tangkal Koang

Mobil teu diteundeun heula di garasi lantaran cape. Garasina oge nyewa ka batur da imah kuring mah di gang. Gura-giru ka imah, nyampak pamajikan keur ngawuruk ngaji ka budak anu bungsu. Budak kuring teh ngan tilu, anu kahiji geus kelas tilu SMA , nu kadua kelas hiji SMA ari nu katilu mah karek di TK.
“Na mani uih wengi, pa.” Pamajikan nanya.
“Pan ti Garut diborong kanu kariaan, terus ka Cipanas. Tah hasilna lumayan.” Cek kuring bari mikeun duit. Geus kitu terus solat isya, beres solat langsung ka kamar. Goledag awak kana kasur, karasa paregel. Guher bae sare. Teu karasa hudang teh jam dua belas peuting, inget mobil can dika kagarasikeun. Pamajikan teu ngageuingkeun maruk mobil geus di asupkeun.

Teu diengkekeun deui, kuring gura giru muru mobil. Geus hirup langsung ka garasi anu teu pati jauh ti imah. Beres neundeun mobil kuring teu langsung  ka imah , tapi nguriling ka jalan statsion sakalian rek nempo imah titinggal kolot anu dieusian ku lanceuk jeung adi-adi.

Leumpang ngungkug bari ngarasa heran bet taya saurang-urang acan anu dagang. Biasana wayah kieu teh masih aya anu dagang bajigur atawa anu dagang baso. Mengkol ti jalan tengah ka jalan statsion ka ayaan maniasa combrek. Angin ngahiliwir, bulan sapasi nyaangan bumi bet asa karareueung. Ancog ka hareupeun imah, nempo kantor pulisi anu aya di peuntaseun, sarua tiiseun padahal biasana  wayah kieu pulisi sok aya anu ngajaga atawa ngarobrol bari ngadarongeng.
“Teti………….kadieu……………..” aya sora awewe hawar-hawar tibeulah kaler. Sigana sora teh datangna ti Puskesmas, sarua dipeuntaseun imah ngajajar jeung kantor pulisi, ngan kahalangan ku gang. Luak-lieuk taya jelema.

Kuring leumpang ka buruan Puskesmas , terus ka tukang bisi enya sora teh jolna ti tukangeun Puskesmas. Bet lebeng taya sasaha.

Teti……………….kadieu……………” cenah sora aya deui. Tapi naha ayeuna mah sora teh ti Beulah kidul. Mimiti bulu punduk carengkat. Ah, na make sieun kunu kitu. Mun enya mah jurig atawa setan aing moal sieun. Manusa leuwih luhur tibatan jurig atawa setan.

Sora disada deui………… ayeuna mah bet kadenge di luhur tangkal koang anu aya di hareupeun Puskesmas. Eta tangkal teh geus kolot, da kuring masih di SD geus aya. Panasaran kuring tanggah lalaunan ka luhur………………………… na’ ana breh teh aya mahluk make baju bodas, buuk panjang ngawigwig, mata……………..aduh………….. gustiiii. Kuring babacaan, tapi bet pabaliut. Nyoba neger-neger maneh teu bisa da ieu dina punduk asa aya nu naplok. Sakali deui di tempo ………kalah unggut unggutan dina cabang dahan bari terus ngageroan ngaran :Teti..............................kadieu.............teti...............kadieu. Gebeg kuring bet  kakara inget yen Nyi Tuti teh geus maot saminggu  geus kaliwat alatan ngalahirkeun. Manehna nemahan pati jeung orokna.

Teupikir panjang, berebet kuring lumpat sataker kebek nuju ka imah. Sendal katinggaleun sabeulah teu dipalire. Mangsa bodo anu penting buru-buru nepi, da rarasaan mah eta mahluk teh nuturkeun. Rek mengkol ka gang anu kaimahkeun, aya jelema cindekul. Sigana Mang Uyun keur ngaronda.
“Aya naon ustad eta mani ti paparetot kitu ! “

“Kunti dina tangkal koang !!.” cek kuring bari terus lumpat. Datang ka imah kabeneran panto teu ditulakan deuih, ngan pamajikan sigana ngadagoan.
“Aya naon kang mani haruhah harehoh.” Cek pamajikan heraneun.
“Ah, taya nanaon,” Kuring langsung ka cai, abdas geus kitu kuring salat nenangkeun pikiran.

Isukna jadi ribut, bet nyarahoeun kuring nempo Kunti dina tangkal Koang. Sigana polah Mang Uyun. Keun bae, ngan mugi we kajadian ieu teh ulah ka kaalaman deui. Da nyakitu, ari can nempo mah hate wani mun aya jin setan anu nyiliwuri moal ngejat. Tapi ari enya na mah bororaah disampeurkeun, nempo oge teu wasa. Cag.

Deherba