Antara Banjarmasin – Palangkaraya
Ku: Kang Fauzi
Asa ku remen kuring meunang tugas marengan Direktur Utama teh,tapi oge ngarasa untung boga pangalaman nguriling Indonesia. Mun ngahaja mah leuh sabaraha ongkos jeung biayana, ka gambar moal kabedag. Untung digawe di bagean Humas/PR jadi kaditu kadieu nutur-nutur bujur Dirut.
Salah sahiji pangalaman anu moal beunang dipopohokeun waktu dibere tugas kudu marengan Direktur Utama ka Banjarmasin jeung ka Palangkaraya. Teu wudu bungahna lantaran can kungsi nganjang ka ngaranan kota Banjarmasin atawa ka Palangkaraya.
Atuh piisukaneun indit kuring geus miheulaan rombongan. Ieu teh geus kabiasaan, mun meunang tugas ka luar Jawa, utamana mun meunang tugas ka beulah wetan sok miheulaan maneh, teu bareng jeung rombongan anu inditna ti Jakarta make pesawat. Ari kuring ngirit ongkos, lumayan leuwihna keur biaya barudak sakola. Matak sapoe saecana rombongan indit kuring geus miheulaan ka Surabaya numpak kareta api Mutiara Selatan , tidinya langsung ka Lapangan Udara Juanda naek pesawat Mandala. Ari dibere duit keur meuli tiket mah Garuda. Koropsi saeutik !
Tidinya biur ngapung ngawang-ngawang, kira-kira sajam satengah kuring geus nepi ka lapangan udara TNI AU Syamsudin Noor Banjarmasin. Ari baheula mah ngaran Lapangan Udara ULIN ngan dina taun 1970 diganti jadi Pangkalan Udara Syamsudin Noor salah saurang putra daerah anu gede andilna dina merjoangkeun NKRI. Ngadongeng saeutik ; cenah waktu ngaganti ngaran eta lapangan udara rame heula, pamarentah Kalimantan Selatan mere dua ngaran, nu hiji Parengan Antasari ari nu kadua Syamsudin Noor. Sanggeus lila adu renyom, diputuskeun weh ku surat kaputusan DPRD Kalimantan Selatan Nomer 4/DPRD/KPT/1970 tanggal 13 Januari 1970 ngeunaan dirobahna ngaran lapangan udara ULIN. Tah, tidinya Kepala Staf Angkatan Udara di Jakarta ngaluarkeun surat kaputusan Nomer 29 tanggal 21 Maret 1970 ngeunaan ngaganti ngaran tina Lapangan Udara ULIN jadi Pangkalan Udara TNI Syamsudin Noor anu resmi dipake eta ngaran lapangan udara tanggal 9 April 1970.
Lantaran acarana isukan, jadi kuring kudu nginep heula sapeuting. Isukna, kakara nyambut pa Direktur Utama jeung rombongan anu saterusna ngajugjug heula ka Kandatel Banjarmasin. Rengse nempo jeung naliti kamajuan Kantor Daerah, kira-kira jam satengah dalapan isu-isuk kuring jeung rombongan dibawa ka “sungai Kapuas” anu geuning legana aya meureun kana dua kilo meter mah. Da eta we kapal anu mawa minyak , kapal tangker bisa asup mapay-mapay walungan. Rombongan aya lima belas urang ti Bandung teh, dibagi jadi tilu motor boot, atuh anu kaopat minangka rider ( da pulisi) make motor boot ngagunakan dua mesin. Kacipta tarikna. Kakara numpak parahu motor, kuring rada oge seseblakan sieun tikelebuh, tapi percaya maranehna geus manukna nyupiran nukitu mah. Geuleuyeung motor mimiti maju, kira-kira satengah jam eureun heula palebah anu rea parahu. Eta geuning rea parahu diparake daragang . Inget aya dina RCTI. “Euh ditempat ieu geuning anu dina televisi teh.” Gerentes hate.

Nu nulis jeung wartawan ti Banjarmasin Pos keur aya dina Motor boot di walungan Kapuas.
Anu tumpak parahu rereana ibu-ibu daragang sayur, cikopi atawa gorengan jeung sajabana. Babaturan, salah saurang wartawan ti Banjarmasin Pos anu ngilu ngaliput meuli cikopi. Eta geunig cikopi jeung lalawuhna dibikeunna make gantar , nyakitu deui mun mayar jeung mulangan, Bet teu sieun karem sakitu parahu geus oleng teh.
Teu kungsi lila ti kajauhan aya sora parahu motor rada gede maju ka girangkeun, nunumpakna diantarana salah saurang artis Jakarta sigana keur liburan. Bari cocorowokan jeung ngagupayan. Atuh dibales ku rombongan bari nyiuman leungeun sorangan. Tidituna mah “kiss by ” meureun.
Kira sajam aya didinya, mimiti motor maju nuturkeun rider. Majuna ayeuna mah mani gancang, nuturkeun motor boot anu tiheula. Nuturkeunana oge teu tigigir tapi sajajar Cenah mah mun teu sajajar nu ti tikang bisa-bisa tikelebuh ka teumbag ku ombak motor nu tiheula. Kira-kira satengah jam motor anu di tumpakan ku kuring mogok. Wah, mun tea mah supir jeung kenek teu bisa ngomean, kamana jeung kumaha neangan tukang servisna. Sikenek langsung katukang bari nyengkatkeun mesin motor. Sihoreng mogok soteh kolecerna kabulen ku kantong keresek plastik .Geus dilaan mah maju deui sapertibiasa. Jadi, sakumaha tarikna eta KOLECER MESIN, mun geus kagulung ku kantong plastic mah eleh teu bias maju. Kutarik-tarikna laju motor, cecepretan cai walungan anu nyingray kukuring ngahaja di tahan. Aduh bedul ! geuning ceceptretan cai mani nyeri kana leungeun. Ieu teh bakat kutarik nyuruwuk nyingraikeun cai walungan.
Ti walungan Kapuas, motor mengkol ka walungan Nusa. Leutik walungan teh sarua legana saperti walungan Citarum ngan sigana jero, tapi harita mah keur rada saat, jadi motor lajuna di tengah-tengah walungan, teu bisa ka sisi.
“Zi, engke mah urang bakal ngaliwatan jalan tol.” Cek babaturan anu geus lila tugas di Banjarmasin.Manehna milu lantaran di Kandatel Banjarmasinna di tugaskeun di Humas.
“Nubener euy !.” cek kuring panasaran.
“Nya tempo we.Engke ku kuring dibejaan bisi teu percaya.” Kebek kupanasan caritaan babaturan make di walungan aya jalan tol sagala. Tapi piraku ngabohong manehna teh minangka bawahan kuring.

Sanggeus rada lila motor maju, katempo ayeuna mah sapanjang sisi walungan make tembok beton. Pajang pisan aya kana tilu kilo meterna.
“Tah ayeuna urang keur ngaliwatan jalan tol.” Babaturan ngomong rada tarik bari seuri. Si kasebelan sihoreng anu disebut jalan tol teh pedah sisi walungan dibeton.
“Geus ngaliwatan jalan tol, engke urang bakal rea mangihan masjid leutik di sisi walungan.” Cek manehna bari seuri deuih ngomongna teh.
“Teu, aing mah teu percaya”
“Nya tempo we kudidinya.”
Motor geus ngaliwatan walungan anu sisina dibeton. Ayeuna mah walungan teh sisina biasa we cara di urang,ngan di sisina rea pacilingan.
“Nya ceuk aing oge pacilingan lain masjid.” Kuring ngagorowok kana ceuli babaturan. Atuh gerr kabeh panumpang ting barakatak.
Antara Banjarmasin Palangkaraya teu langsung kanu dituju, tapi ngajugjug heula ka unggal kantor cabang anu kaliwatan, Jadi perjalanan ka Palangkaraya meakkeun waktu dalapan jam. Padahal mun teu pungkal pengkol mah kana lima jamna. Sarua mun urang make beus ka Jakarta atawa ka Tangerang.

Biasana nu daragang teh nepi ka jam salapan geus baralilk.
Datang ka Palangkaraya teh pasosore, rombongan disambut ku Kakandatel jeung rengrenganana. Geus kitu rombongan dijamu di hiji hotel sakalian nginep didinya. Isukna, acara rek diteruskeun ka Sampit rek ngaresmikeun STO Sampit. Teu wudu perjalanan ti Palangkaraya ka Sampit meakeun waktu genep jam. Jadi antara Banjarmasin nepi ka Sampit diuk teh aya kana opat belas jam, teu heran ieu bujur mani asa kandel jeung cangkeng karasa nyeuri. Sapanjang jalan ka Sampit, kuring heran didieu mah keusikna bodas teu cara di urang.
“Didieu mah lamun ngabangun imah tembok kaasup mewah, lantaran keusikna lain keusik bodas da goreng dipake nembok imah mah tapi keusik biasa cara di urang ngan hargana auzubilah.” Cek babaturan . Ieu meureun anu di sebut Pasir Putih teh, bedana ari di Surabaya aya basisir laut anu dingaranan Pasir Putih, ari ieu mah lain di basisir keusik bodas teh.
STO di Sampit lain di kota tapi di sisi jalan pakampungan. Ti kajauhan katempo Tower anu luhurna 16 meter. Waktu ngabangun ieu tower aya nu nemahan pati alatan ragrag tina tower anu sakitu luhurna. Aya anu kataji , waktu ngaresmikeun STO teh, dilalajoanan ku padumuk didinya. Dasar di kampung tea mun aya hiji acara komo mun tatanggapan mah sok ngabring ti suklakna-tisiklukna daratang. Aya deui anu jadi kaheran kuring, nyeta padumuk didinya mah awewe jeung sabagian para wanoja liang ceulina gararede, nepi ka kuring nempo hiji awewe kolot ceulina aya nu ngambay sagala. Meureun ieu anu disebut urang Dayak teh.
Acara aya kana dua jamna, langsung balik ka Palangkaraya nuju ka hotel tempat nginep. Isukna rombongan rek balik ka Jakarta saterusna ka Bandung. Bet teu kuhanteu, kuring katarajang panyakit panas tiris anu pasti moal bisa balik isuk. Enya we rombongan baralik, kuring mah di panginepan heula nepi ka panyakit cageur.
Dua poe badan ngagibrig panas tiris, maksakeun maneh kuring balik kana kapal udara. Balik teh dianteurkeun ku karyawan didinya anu geuning urang Banjaran. Ti Lapangan udara Cilikriwut Palangkaraya kuring ngapung nuju ka Surabaya. Ti Surabaya ganti pesawat numpak anu rada leutik Foker 100 langsung ka Bandungkeun. Bet aya-aya bae gogoda teh, kapal udara geus rek nepi ka Bandung,ger bae hujan gede di sambung ku ting gelegerna sora gelap. Kabeh panumpang jempling, aya oge anu babacaan. Gurudug kapal oyag nembag awan. Bet asa numpak mobil nincak jalan renjul. Di luhureun lapangan udara Husen kapal kukurilingan teu bisa landing lantaran lapangan kasaput ku awan, teu katempo ku pilot. Hate mimiti seseblakan. Mun ragrag kabeh bakal nemahan pati. Tapi dasar pilotna geus professional, aya celah anu lowong, kapal bisa leupas tina bahaya. Ban kapal geus napak kana bumi ,ger bae panumpang sarusak. Salamet, alhamdullilah Cag.





