Salaka Edisi Oktober 2009

Tauhid Prinsip Munggaran Pikeun Masyarakat

Ku: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG

Tauhid nandeskeun yen “umat Islam teh umat anu hiji anu pangeranna Allah. Ku lantaran kitu pek geura sembah sarta ngawula ka Anjeun-Na”. Tauhid ngandung harti yen jalma-jalma nu saiman teh dulur, anggotana silih mikacinta di jalan Allah, arinyana saling mepelingan pikeun ngalaksanakeun kaadilan jeung kasabaran. Arinyana sakabeh pada nyekel tali Allah nu panteng, teu kapisahkeun ku naon bae oge. Arinyana mibanda hubungan nu hade, sarta ngajauhan kajahatan, tur taat ka Allah sareng rasul-Na.
Visi umat Islam ngan hiji, kitu deui parasan atawa kahayang jeung tingkah paripolahna. Umat mangrupa tatanan manusa anu diwangun ku konsensus tilu bagian: akal, hate, jeung leungeun.

Aya konsensus dina mikir, nangtukeun kaputusan, sikep jeung watak, sarta leungeun maranehna. Hiji sistem kakulawargaan anu sipatna universal henteu dumasar kana warna kulit jeung teu ngabeda-bedakeun etnis .

Palebah dieu sakabeh manusa jadi hiji diukur ngan wungkul tina segi kasolehan. Lamun aya saurang muslim anu meunang pangaweruh anyar, manehna wajib ngajareun ka muslim sejenna. Lamun aya mukminin anu meunang kanikmatan atawa dahareun, inyana oge wajib ngabagi ka mukminin sejenna. Lamun aya saurang muslim ngahontal kamapanan, kaberhasilan hirup, jeung kamakmuran, inyana wajib ngabantu muslim sejenna sangkan bisa ngahontal tujuanana.

Ku lantaran kitu, moal aya tauhid tanpa umat. Umat nyaeta sarana pangaweruh, etika, kakhalifahan manusa. Umat mangrupa tatanan universal sabenerna mah malaha ngalimpudan maranehna anu henteu iman. Tauhid mangrupa tatanan damey, Pax Islamica. Umat salawasna terbuka pikeun individu jeung kelompok anu narima prinsip kamerdekaan geusan ngayakinkeun kana bebeneran. Anu neangan tatanan dunya dimana gagasan, barang, kabeungharan jeung sakujur awak manusa laluasa bagerak. Pax 1slamica mangrupa tatanan internasional leuwih luhur ajenna sarta ngungkulan PBB, nu sasat budak kamari anu diaborsi tur kapaider ku prinsip-¬prinsip nagara jeung bangsa sarta kakawasaan “nagara adikuasa”.

Prinsip-prinsip ieu dina giliranna, gumantung kana kadaulatan nasional saperti nu geus jadi pamikiran dina sejarah ideologis Eropa saprak reformasi jeung paehna gagasan komunitas universal anu salila ieu dipibanda ku gareja kalawan satengah hate. Tapi kadaulatan nasional ahirna mah dumasar kana relativisme aksiologis jeung etis.

PBB bakal hasil lamun ngalaksanakeun peran sabage negosiator, saperti nyegah jeung ngeureunkeun peperangan di antara anggotana. Tapi sabenerna PBB kiwari mah mangrupa tatanan anu lumpuh, lantaran henteu boga tentara, iwal ti lamun anggota “adikuasa” Dewan Keamanan satuju pikeun nyadiakeun tentara keur maksud-maksud nu ditangtukeun. Sabalikna, Pax Islamica geus tinulis dina konstitusi nu permanen ku Nabi di Madinah dina poe-poe munggaran Hijrah. Nabi ngawujudkeunana ngalimpudan kaum Yahudi Madinah jeung kaum Kristen Najran, ngajamin identitas, agama, lembaga sosial, keagamaan dan kebudayaan maranehna. Dina sajarah henteu kapangguh konstitusi tinulis sejen anu mere ajen ka kaom minoritas iwal ti konstitusi nagara Islam. Konstitusi Madinah dilaksanakeun tur dipikawanoh di nagara-nagara Islam salila opat belas abad jeung tetep ajeg nyanghareupan kadiktatoran sarta sagala rupa ekspansi kaasup ekspansi Jenghis Khan jeung Hulagu.

Jadi kacindekanana mah umat teh mangrupa tatanan dunya di sagigireun tatanan sosial. Nya ieu pisan basis peradaban Islam, minangka syarat nu pangpentingna. Dina representasi ngeunaan akal manusa dina diri jeung karier Hayy bin Yaqzhan, para filosof manggihan yen Hayy, kalawan upayana sorangan neangan bebeneran Islam, jeung bebeneran tauhid, minangka intisarina. Sanggeus kitu Hayy kudu manggihan umat. Ku lantaran kitu inyana nyieun kano nu dijieun tina tangkal sarta balayar di sagara nu teu kakenal pikeun manggihan umat. Tanpa umat sakabeh pangaweruh moal ngahiji jeung bebeneran. Jadi singgetna mah tauhid teh wujud tina umatisme.
Bandung, Nopember 2008

Deherba