Babasan & Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
- Adigung adiguna: Gede hulu boga rasa leuwih ti batur boh kapinteran atawa kabeungharan
- Amis daging: Gampang katerap kasakit kulit tur hese deui cageurna mun raheut saeutik ge sok jadi radang
- Asak warah: Cukup latihan (didikan). Cirina: henteu dusun, basa jeung paripolahna euweuh nu salah
- Kawas badak cihea: Jalma nu leumpangna noyod siga nu degig
- Bali geusan ngajadi: Tempat dilahirkeun
- Bangbang kolentang: Sagala euweuh, teu boga duit pisan
- Kurung batok: Teu resep nyanyabaan, nimat cicing di imah bae
- Bilatung dulang: Budak keur sesedengna beuki barang dah
- Ngaburuy: Nyaneut teu make lalawuhna
- Kawas careuh bulan: Camerok, diwedak kandel teuing
Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
- Abong letah teu tulangan: Ngomong sangeunahna, kajeun matak teu ngeunah ka batur
- Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek moal nyapek: Lamun teu usaha atawa digawe moal bogadahareun
- Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang: Aleutan anu panjang pisan. Biasana aleutan prajurit jaman karajaan
- Tangkal kai teu kalis ku angin: Unggal jelema kudu bae nyorang kasusah
- Nulungan anjing kadempet: Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima
- Aub payung sabet sapon saba-soba: Nuduhkeun wawatesan pakuwon
- Babon kapurba ku jago: Awewe kudu nurut ka salaki
- Titip diri sangsang badan: Mihapekeun maneh, kumawula supaya aya nu mere dahar jeung pake
- Marebutkeun balung tanpa eusi: Madukeun perkara nu taya hasilna, taya mangpaatna
- Batu turun keusik naek: Loba turunan menak nu henteu jareneng, sabalikna loba turunan somah anu jeneng
(Djodi Prihatna).****





