Angin Jalan - Jalan
Ku: Aam Amilia
Lantaran cape gawe,hiji mangsa Angin leutik ngajak jalan-jalan ka sasama papada angin. Nu ngilu teh,Angin Puyuh,Angin Gede,Angin Panyakit. Lebah Angin Topan hayang ngiluan,kapaksa baradami. Lantaran Angin Topan mah gede ambek,mun nyarita teh saucap-ucapna sok matak picilakaeun umat manusa.
“Kumaha atuh da maksa, Angin Topan hayangeun milu,” cek Angin Gede. Manehna mah teu kawasa nolak ongkoh kapi uwa ka Angin Topan teh. Najan enya ge Angin Gede sok rada gede ambek,teu sabaraha picilakaeun ka umat manusa,mun dibandingkeun jeung Angin Topan mah.
Sanggeus lila ngaharuleng,satuju weh,Angin Topan dibawa tapi make sarat,tur teu kaci dirempak.
“Heg Wa Opan ngilu,tapi teu meunang nyarita sabot jalan-jalan,nya,” cek angin leutik. Angin leutik mah boga sipat nyaahan,tara ngabeda-beda ka sasaha ge,jeung elehan mun nenjo nu purungas porongos teh.
Mani beregegeh Angin Topan teh basa dek diajakan jalan-jalan najan manehna ge teu nguntup kana eta pasaratan,gancang we diheueuhkeun,da hayang milu tea jalan-jalan.
“urang mimiti ti dayeuh gede geura jalan-jalan teh,reseeep loba tetenjoan anu matak pikabungaheun,” cek Angin Leutik.
“Pek kuma ilaing we,asal milu weh “cek Angin Panyakit.
Bring angin jalu limaan ngabring mapay-mapay kota nu keur meujeuhna pagegelek,ma`lum ti beurang,jelema teh keur sagawena-sagawena.
Lebah hiji kantor gede,nu sababaraha tingkat,katenjo aya jelema keur nyarande kana pangdiukan korsi. Beuteungna mutiktrik bangun tas seubeuheun dahar.
“ari eta mahluk naon ?” cek Angin Puyuh.
“jelema,ngaranna Pangusaha,” tembal Angin Leutik.
“Naon pangusaha teh ?”
”Rupa-rupa pangusaha teh,nu ieu mah pangusaha gede,disarebutna Cukong…..Kade lain incu bangkong,enya ge budayut. Jelema kieu tara nyaho kasusah,da duitna merul wae,”
Handapeun gedong nu sigrong teh ngabarak tukang dagang,rupa-rupa aya nu dagang bubuahan,nu dagang papakean barudak,nepi ka katenjo ti luhur mah warna warni pisan.
“Tah eta ge pangusaha,ngan pangusaha leutik. Hirupna koreh-koreh cok. Sakapeung ari payu,untungna mucekil,ari teu payu mah nya ngegel curuk we.”
“Jelema ta ge, nya?” cek Angin Puyuh.
“Enya jelema.
Lar aya mojang geulis duaan leumpang, Angin Panyakit mani bangun kaget. Tuluy limaannana nyorobot hayangeun sidik.
“Geulis, nya,” cek Angin Gede.
“awakna alus “cek Angin Leutik.
Bangun panasaran,kelepuh mojang duaan teh ditiup alon,atuh mani pakepuk,da baju erokna ngapung ka luhur,jaba kekebul ngabrul muih,rabeng jeung runtah-runtah harampang.
“Kayas…..,” cek Angin Panyakit.
“Bulao ngora nu hiji deui mah,” key saleuseurian.
Rokaya Wa Opan, geus rek engab pisan seuri geuwat dipeungpeukan ku suanna,Angin Gede,bisi kumaonam. Eureun sareurina basa maranehna geus tepi ka hiji pilemburan. Di lebah dinya aya tangkal gede,daunna mani gomplok. Di handapeunnana loba nu keur ngalunjar,ngareureuhkeun cape. Lolobana mah kuli-kuli dibaraju hideung. Dudukuy jeung tanggungannana ditarunda di gigireunnana.
“Deudeuh teuing hareudangeun meureun,”cek Angin Leutik. Manehna ngawahan,terus alon pisan ditiup nu keur ngariuhan teh. Katenjo aya nu terus ngadayagdag sagala.
“Nuhun Gusti…,mani raos kieu angin,” cek salasaurang.
“Eta ge sarua jelema,nya?” cek Angin Puyuh.
“Sarua,nu sawareh kuli ari, gawena buburuh macul,ngored beberesih kebon,dibayarna unggal poe”.
Nu jalan-jalan kalah bangun parogoteun,terus mapay jalan,nenjoan sagala,nu nyampak di dunya. Biasana ge maranehna saba jalan,ngan tara salse kawas ayeuna. Biasana mah da tugas ti Nu Kawasa,jadi henteu kaburu barang ilik.
Di hiji imah gedong, Angin leutik ngajak eureun,lantaran nenjo aya lalaki geus saged,bangun rek indit ka tempat pasamoan. Limaan ronghok tina jandela,olohok nenjo imah sakitu agrengna. Jol aya jajaka umur dalapan welasan taun,nyampeurkeun.
“Pap, mobil teh nu itu mah tos awon,sok brengsek sering mogok…,”pokna.
“wayahna heula,ke minggu payun meser deui”, tembalna anca bari ngadaharan anggur tina wadah Kristal hareupeunnana.
“Mercy we , Pap…”
“Heug”.
“Boy, … Boy…dasar si Kasep,mobil ge hayang nu sae,” cek indungna bari imut ngagelenyu bangun kayungyun.

Lebah dieu mah nu kekecrek teh ngan Angin Leutik wungkul,nu sejen mah ukur olohok.
“Cik Mam tutup jandela teh,ongkoh tengah poe tapi mani tiris kieu,”
Basa jandela ditutup nu ronghok undur sakeudeung,saterusna mah lalajona tukangeun jandela we.
“Naha make kekecrek, Leutik?” cek Angin Panyakit.
“Atuda ganti mobilna mindeng pisan,”
“Naon mobil teh?” cek Puyuh
“Eta nu maraju di jalan.”
“Eueueueuh…”cenah rampak.Wa Opan ukur unggeuk-unggeukan.
“Cek Kipas Angin ngabejaan ka kuring,ieu jelema teh ngaranna Koruptor,jelema keneh,ngan loba ngadahar rejeki nu lain hakna,Hirupna kacida mewahna,sosoranganan we,”
Nu opatanana unggeuk-unggeukan,basa meunang katerangan ti Angin Leutik teh ! Kakara kahartieun salang surupna rupa-rupa manusa jeung pangkatna jeung kahirupanana.
Basa Jelema Jegud tea kaluar, nu limaan terus nuturkeun,sup kana mobil herang alus,biur wae mangprung. Horeng inditna teh jauh pisan,ka pasisian. Ngaliwatan puluhan pengkolan,rebuan tangkal nu rajeg di sisi jalan. Tepi ka hiji pilemburan anu geus di rarangkenan. Saparat jalan tingkelebet umbul umbul warna-waeni,ngabageakeun nu sumping.
Satepina di hiji tempat, pada ngagondeng,pada ngabageakeun,malah diperenahkeunana ge dina korsi pangalusna di luhur panggung nu geus disadiakeun ti tadina.
Horeng manehna teh rek ngaluuhan pesta tepung taun hiji desa,anu cenah mah desa panghadena,dina sagala widang pangwangunan, Manusa mungguh noyek geus rupa-rupa kaayaanana. Nu wedakna luntur,nu buukna geus kusut,nu bajuna geus kotor,nu sampingna geus morosot. Papadaning kitu basa jelema jegud tea unggah kana puade,sarerea hempak saregep.
Der wae si jegud teh nyarita, ger nu keprok. Nu limaan ngawaskeun ti jauhna. Enyaan sumangetna teh,mani aok-aokan nyarita,komo lamun pareng dikeprokan mah,beuki motah gayana teh.
“Urang kudu diajar narimakeun kana kadar, naon anu dipasihkeun ku Gusti ku urang kudu ditarima. Teu kudu tuluy tipoporose numpuk-numpuk dunya, nepi ka tega ngadahar anu lain hak urang."
Barakatak teh Angin Gede seuri,sarerea reuwas. Angin Leutik ngahuit, da balandongan rada inggeung.
“Bisa keneh nyarita kitu,nya,sakitu sapopoena manehna ngalakukeun pagawean saperti anu dicaritakeun bieu.”
“Keun bae, da ngaranna ge manusa….”
Nu lalajo seah,nenjo balandongan rada inggeung teh. Sawareh aya nu purat- perot balik. Tapi basa kaayaan reuhreuy deui jelema bangun aranteng deui ngadengekeun nu nyarita.
“Kudu dipiara kasehatan teh,eta perluna pamarentah ngayakeun PusKesMas teh,urang kudu percaya ka Dokter…Dokter anu bisa ngubaran rupa-rupa panyakit…kawas Bapa,tuh sehat we da ka Dokter wae….”
Angin panyakit bangun nyeuneu ngadenge kecap Si Jegud. Manehna terus niup Si Jegud lebah embun-embunanana, atuh ujug-ujug jekes wae beresin. Pidatona eureun. Jelema-jelema nu deukeut aya nu purat-perot mawa cai herang. Rek dibikeun pisan,kepoh ditiup ku angin puyuh jeung panyakit,anu bangun kareuheuleun ka Si Jegud teh.
“Dokter-dokter… lah, Gusti Alloh nu nyageurkeun mah,sok yeuh lawan angin panyakit jeung angin puyuh.”
Kaayaan beuki teu puguh,sagala paburisat,sabangsa nu harampang mah ngarapung basa dikepoh ku angin puyuh. Jas Si Jegud ge ngapung kaluhur,breh beuteungna nu bureuteu katara,manehna teu bisaeun lumpat,taya nu bisa nulungan deuih da dikepohan terus ku angin puyuh.
Barakatak teh Wa Opan teu beunang ditahan,hayangeun seuri,atuh sagalana ge teu katulungan. Boro-boro panggung,imah-imah sakurilingeun eta mah rempag kabeh ge. Jelema-jelema tingkoceak,tingjarerit,nu katinggang papan,katinggang beusi,katinggang tangkal.
“Wa Opan,bekem… bekem…,”cek Angin Leutik. Nu sejen kakara ngarasa reuwas, geuwat Angin Topan dibekem kakara eureun seurina. Tapi hanjakal kampung teh geus ruksak imah-imah rugrug,nu Jegud ngajurahroh,geus taya nu bisa nulungan, da sarerea nyalametkeun diri.
Geuwat Angin Leutik ngajakan balik ka sarerea. Ti kajauhan maranehna nenjo kaayaan nu sakitu matak pikawatireun.
“Heureuy teh kamalinaan, silaing mah,”cek Angin Leutik.
Sarerea ngaheruk. “Deudeuh urang lembur,nu sarakahna saurang,sarerea kabawa sial,” ceuk Puyuh.
Kakara angin hareureuy,komo lamun guludug ucing-ucingan atawa gelap udag-udagan,tada teuing ruksakna dunya.
Mangle No. 814.
Disalin tina PANGGUNG WAYANG kumpulan 50 Carita Pondok
Karangan Aam Amilia
Penerbit cv Geger Sunten Bandung.
Tilam sono:
Basa sim kuring narima tugas ti Kang Asep Idjudin pikeun maca kumpulan carita pondok,karangan Ibu Aam Amilia kacida atohna,atuh da asa dicacapkeun kasono kana wanda carita anu pinuh ku ajen inajen kahirupan anu sipatna ideal, sok sanaos Ibu Aam nyeratna teh dina kurenan taun ngawilang dasa warsa katukang tapi geuning tetep relevan jeung pajamanan ayeuna, jaman kiwari anu teu weleh dieusian ku rupa-rupa tunggara,boh akibat alam anu geus diruksak ku tingkah polah manusa,anu geus teu ngamumule lingkungan,poho tina adab. Enya poho da piraku teu kungsi diwawadian mah,yen alam teh kudu dijaga,kudu nyaah kapapada mahluk Allah,miara sabudeureun pangeusi dunya, sing geten jeung tulaten. Bisi matak cilaka. Cilaka sarerea,nya awak urang sorangan,pon kitu deui anak incu turunan rundayan urang sarerea.
Kitu pan papatah ti guru ngaji oge.geus puguhning ti guru di sakola mah, ngan teuing kumaha atuh sigana teh poho we..euweuh nu nerap elmu pangajaran teh. Teuing pedah cape teuing, duka pedah teu menarik ari Guru keur nerangkeun teh,komo ayeuna mah Guru teh sok bari SMS-an di kelas teh,bisnis meureun nya..Wallohualam
Ngahaja hayang mintonkeun ,dongeng Ibu Aam Amilia, ANGIN JALAN-JALAN ..tada teuing pogotna lamun dicaritakeun ka barudak,yen angin oge aya rasa katugenah,miboga rasa heureuy,jail,usil,oge bisa nyeungseurikeun paripolah jalma anu sarakah,anu tara ngucap muji syukur Alhamdulillah dina meunang pirang-pirang kani`matan. Asa sapira mun pareng hareudang dipepes ku angin leutik anu ngahiliwir nebak tatangkalan, diwaaskeun heg urang ngiuhan handapeun tangkal,cara dina dongeng Angin Jalan-jalan,para kuli anu marake baju hideung teh ngalalunjar ngareureuhkeun cape..Kahebatan Ibu Aam dina ngadongeng,luar biasa hebat pisan,ngagambarkeun kaayaan nepi ka maca teh asa miluan jadi pamaen dina eta carita.
Kacida keuheulna ka jelema jegud anu jadi koruptor,anu jaman kiwari kacida mahabu.ngababarikeun pisan dina ngawowoy anak, atuh dina pamer pakaya,jeung “GILA HORMAT’.teu aya euih-euihna,siga anu moal meunang hisab ti Nu Maha Kawasa. Hebat Bu Aam teh hebat pisan,lamun anjeuna keresa nampi sim kuring,hoyong mulungan elmu nulis, sasieureun sabeunyeureun pikeun bacaeun anak incu. duh…kacida bagjana.
Aeh..aeh naha jadi kateterusan ngahayal teh,ketang lain ngahayal ari keur ngudag-ngudag angen-angen atawa cita-cita mah piraku henteu tinekanan.
Nyacapkeun kasono pikeun dulur-dulur anu aya di pangumbaraan.ngawitan sasih ieu sim kuring bakal teras nyalin dongeng-dongeng ti pangarang Sunda anu moyan anu kawentar ahli dina ngagambarkeun rupa-rupa carita,boh unu mangrupa,hiburan,cinta rumaja,sastra politik jste.
Muga-muga carita ANGIN JALAN JALAN ,karangan Ibu Aam Amilia bisa ngajadikeun pamadegan anu nerap pikeun barudak anu regep ngupingkeun. Geuning pun incu oge ayeuna teh nagih wae,Kieu pokna:”Ni`ang (incu nyebut ka kuring Ni`ang,tina nini sayang cenah)…teras kumaha angin teh ,uihna kamana? Kumaha upami hareureuy deui angin teh?” Kuring oge ngahuleng jadi rusras bieu dina berita diwawarkeun aya angin puyuh ngaruntuhkeun ratusan imah.. Palangsiang di lembur eta aya koruptor keur pidato, tuluy…….
Cag,tilam sono ti Ni`ang Hj Titien Gilang MS





