Turiang Di Tanah Angar
Ku Muhammad Husnil *)
Cai teh elan vital tatanen, utamana pare. Cai lir nafas keur mahluk hirup liana. Tanpa cai hamo aya satangkal oge pare nu jadi (kajaba huma). Tapi kiwari ku pangaruh pamanasan global (global warming) morosotkeun cadangan cai dina beuteung bumi. Kanyahoan tina angarna taneuh di unggal nagara kaasup di Indonesia.
Angarna taneuh ngakibatkeun krisis pangan, nu dipitembeyan tina gagal panen, teu bina di Indonesia ge. Ti bulan Mei 2008, halodo mimiti nyimbutan ieu nagri. Meh unggal poe media massa ngawartikeun garingna jagat patanen, kawas di Purbalingga, Purwakarta, Indramayu, NTT, Blora jrrd. Diakalan, di Purbalingga patani teh ngagunakeun diesel, keur nyaian sawah, orokaya waragadna lain bantrakeun. Teu kurup kana hasil nu kaala.Komo harga bangsal morosot teu puguh waktu.(Kompas online,28/05/08).
Di Purwakarta sawah teh barejad, debit cai irigasi nyaatan. Asim (47) pupuhu kolompok tani di kampung Sukatani, desa Campakasari, kacamatan Campaka, Purwakarta, netelakeun yen 60 hektar sawah di wewengkonna gagal panen, kakurangan cai (kompas op.cit) Di desa Muroharjo, kacamatan Kunduran, kabupaten Blora, sawah salin jinis jadi kebon jagong. 102 desa di NTT sarua ruksakna.

Beda ti wewengkon sejen, di desa Kertijaya, kacamatan Tukdana,kabupaten Indramayu,bisa keneh panen dua kali sataun. Lain sulap lain sihir, malah ngalaman ronjatan hasil unggal taun.Padahal cai nu dipake nyaian teh ukur tina cai rawa. Jaba ti keur tatanen, cai rawa teh bias diropea dipake kabutuhan sapopoe, kaasup nginum jeung MCK. Eta kabeh ku jalanna kuwu Turohman, nu manggihkeun system ngokolakeun cai rawa. Jimatna ngan hiji, efektif tur wijaksana. Systemna disebut Lelang Sawah Gadu. Keur ngawujudkeun lelangan, diwangun calagara nu jalmana padumuk didinya, saterusna maranehna kordinasi jeung aparat desa sacara tuluy-tumuluy ka aparat desa nu ngurus cai nu ngahiji dina simpay patani nu ngolah cai, Mitra Cai Mekar Sari, nu diadegkeun taun 1992, tur mimiti dipake taun 2002, nepi ka ayeuna. Taun 2008 lelang dipilampah dina bulan Maret kaliwat. Syarat utama pamilon lelang nya eta warga desa Pilang Sari, cara lelang biasa we, Lelang Sawah Gadu ge, dipasrahkeunka nu nawar pangonjoyna. Nu meunang tur dipasrahan disebut Pupuhu Proyek.
Hak jeung Kawajiban
Pupuhu proyek boga hak nangtukeun ngokolakeun cai keur genep rayon/blok(tempo tabel1)Rayon/blok teh mangrupa wewengkon pasawahan.Kawajiban pupuhu proyek ngan dua; hiji mastikeun cai ngocor ka rayon/blok nu jadi tanggungjawabna, dua, tatan-tatan ngantisipasi ngabasmi hama. Patani teu diririweuh ku urusan cai jeung hama. Jadi sanggeus kapanggih system lelang cai, pancen patani jadi hampang. Maranehna boga waktu keur neangan pangupa jiwa liana, kayaning jaradi buruh di pabrik Gula Jati ujh,tukang nuar tiwu. Kasawang, pupuhu proyek moal daekeun ngaluarkeun waragad badag puluhan juta, mun teu piuntungeun. Unggal pupuhu proyek boga hak kauntungan tina bagi hasil nu ditangtukeun dina mansa lelang. Di handap ieu conto table ngaran rayon/blok, legana lahan, bagean pupuhu proyek, harga dasar,hasil ahir, jeung nu meunangkeun proyek elang keur usum melak MT II taun 2008;
| No. | Blok/Rayon | Lega (Ha) | Bagi Hasil(%) | Harga Dasar (Rp) | Hasil Ahir (Rp) | Nu Meunang |
|---|---|---|---|---|---|---|
| 1. | Parsa | 16,5 | 1/5 | 4.700.000 | 10.000.000 | Carnisa |
| 2. | Nagrog | 73,2 | 1/6 | 31.500.000 | 40.000.000 | H.Sahuri |
| 3. | Asinan Banteng | 59,8 | 1/6 | 23.000.000 | 40.000.000 | Sutara |
| 4. | Dangdangan | 59,1 | 1/6 | 25.200.000 | 32500.000 | Tasm |
| 5. | Kubang Bera | 37,2 | 1/6 | 15.000.000 | 65.500.000 | H.Ita |
| 6. | Rendeman | 99,9 | 1/5 | 27.500.000 | 90.000.000 | Rasdiah |
| Jumlah | 345,7 | 102.150.000 | 278.000.000 |
Pikeun gambaran urang itung waragad jeung kauntungan nu bakal beunang ku pupuhu proyek nu ngokolakeun blok/rayon Rendeman. Ngarah babari, urang buleudkeun jadi 100 Hektar.

1/5% tina 100 Hektar = 20 Hektar. Hasil bangsal sahektarna 3,5 ton. 3,5 ton x 20 Hektar = 70 ton. Harga bangsal sabudeureun Rp.3000/Kg. jadi 70.000 Kg x Rp. 3000 = Rp 210.000.000. Sedengkeun waragad nu dikaluarkeun kupupuhu proyek, ngan;
| No. | KABUTUH | WARAGAD | KATERANGAN |
|---|---|---|---|
| 1. | Lelang | Rp. 90.000.000 | |
| 2. | Solar | Rp. 30.000.000 | Salila 4 bulan |
| 3. | Sasadiaan Material | Rp. 10.000.000 | |
| 4. | Gaji Pagawe | Rp. 21.000.000 | |
| 5. | Waragad teu disangka | Rp. 20.000.000 | |
| Jumlah | Rp.171.000.000 |
Jadi tina hasil itungan, kauntungan salila 4 bulan, Rp 26.000.000. Sabenerna eta teh itungan minimal, sabab hasil sataun katukang 4-6 ton jeung harga bangsal Rp.3.500/Kg.Ditambah ku dicangkolong ku waragad nu dianggap teu perlu, kawas waragad munggaran jeung waragad nu teu disangka. Puguh we, kauntungan salila4 bulan keur kahirupan ekonomi di padesan mah estu lain samanea. Jaba ti kitu, keur pamarentah desa age kabagean, nepi ka dina taun 2008 APBDes Pilang Sari narima waragad tambahan tina Lelang cai Rp.270.000.000 sataun. APBDes sagemblengna dina taun 2008 sagede Rp 340.000.000. Ku eta pangasilan, Desa Pilang Sari teu menta pajeg bumi & bangunan ka rahayatna, sabab dicumponan ku pangasilan desa.Kawajiban rahayat ngeunaan PBB dibayar kabeh ka pamarentah desa.
Pikeun nyaian sawah 6 rayon/blok para pupuhu proyek, ngandelkeun cai ti sababaraha rawa, nya eta; Rawa Rancabeureum (56 Ha), Rawa Cinyesel (2,6 Ha), rawa Wewengkon PG Jatitujuh (Rawa Baregbeg, jeun rawa Wowo, rawa Sumur Seeng jeung rawa Sibuyung).
Khusus ngeunaan make cai tina rawa nu di wewengkon PG (Pabrik Gula) Jatitujuh,aya negosiasi antara pamarentah desa jeung pihak PG.Kulantaran rawa-rawa na kaasup “lahan tidur”,pamarentah desa teu menta PBB ka pihak PG. Areal lahan patanen nu dikokokolakeun kabehna 345,7 Ha Cai ti rawa Cibeureum bisa nyaian sawah legana 179 Ha, ti rawa Cinyesel bisa nyaian 9 Ha,ti rawa-rawa PG bias nyaian 157,7 Ha. Sadar yen Global warming tansah ngalangkangan kahirupan patanen,disabudeureun rawa-rawa teh dipelakan tatangkalan, malah mandar cai kapiara,teu saat. Nu dipelakna tangkal jarak pager,tangkal buah gedong gincu,jeung tangkal akasia.Melakna paselang diadumaniskeun sangkan mangpaat jeung alus katempona.

Bisi panasaran, naon bedana ngokolakeun cai system Lelang jeung system Subak cara di Bali. Bedana tina sumber cai. Huluwotan cai nu di pake Subak, jolna ti gunung nu teu saat-saat, dibarung ku sikep disiplin masrakat nu taat kana agama jeung institusi social. Lelan mah sumber caina tina rawa, koncina kawijaksanaan jeung efektifitas.
Eta sababna, desa Pilang Sari meunang pangajen ti pamarentah puseur, mangrupa piunggul ka hiji pasanggiri P3A sa provinsi Jawa Barat, dina taun 2007. Pikeun nambah pangaweruh, pamarentah mokalan ka urang Pilang Sari sangkan indit study banding ka Bali nempo systim Subak. Taun 2008 ieu urang desa Pilang Sari diondang ka Makasar, pikeun milu pasanggiri P3A tahap nasional.
Ringkesna sababarahiji kauntungan masyarakat tina Lelang Cai, nya eta;
- Ngamangpaatkeun cai rawa pikeun kabutuh sapopoe (MCK) jeung nyaian sawah, nu teu kasawang samemehna.
- Ngaronjatkeun hasil panen tina 3 ton jadi 5 ton/Ha.
- Nambahan legana lahan produktif.
- Mere pagawean ka nu ngalanggur, carekel gawe dina widang tatanen.
- Ngaronjatkeun kahirupan patani.
- Konservasi rawa, keur kalanggengan mahluk hirup sejenna.
Ulah salah, masarakat desa Pilang Sari teh indit tina lieuk euweuh ragap taya,Ngan maranehna teu cicingeun murungkutngahurun balung,Maranehna ngawuudkeun kateuogaan jadi modal pikeun nguliat, nepi ka bias ngungkulan kawerit. Desa Pilang Sari jadi desa mandiri teu gumantung ka pamarentah daerah jeung puseur, lain sisiwo. Sistim Lelang Cai, jadi turiang harepan nu nanjeur ajeg dina lahan angar, morontod jadi tangkal kahirupan nu dipiandel.Cag.
*) Nu nulis; Fungsionaris Keluarga Mahasiswa Sunda Jakarta Raya.(Kemas Jaya), aktif di Forum Ciputat(Formaci),Kungsi jadi pupuhu HMI komisariat Dirasat Islamiyah(2003-2004),Nulis di sababaraha mass media puseur dayeuh.Pupuhu HMI cabang Ciputat(2004-2005)





