Salaka Edisi Online

Ngusir Beurit

Di imah Haji loba beurit, geus rupa-rupa cara dipake sangkan si monyong nu sok ngagerebeg bari ngagalaksak teh kabur ti imahna. Aya nu ngabejaan cenah kudu ku buah Cangkudu.

Ngahaja manehna pesen ka Mang Sarmud, lain saeutik, sakantong keresek.Barang nepi ka imahna,sorena Cangkudu teh Sok ,sok diteundeun dina jajalaneun beurit. Di beulahan heula ngahaja, ambeh bau haseumna kaambeueun. Peuting eta mah leuheung beurit teh teu pati ngagerebeg teuing. Lakadalah ceuk Haji, bener tah nu ngabejaan teh, isuk mah rek pesen deui, rek diparapaykeun di para.Barang rek salat subuh diteang, aneh naha Cangkudu teh euweuh sawareh? Horeng dihakanan beurit, tayohna radarepeh soteh pedah kabebenjokeun Cangkudu.

Isukna, nyalahkeun ka nu ngabejaan.

“Mud, teu sieuneun beurit teh, kalah Cangkuduna dihakanan!?”
“Na dikumahakeun?”
“Heu dijajarkeun dina jajalaneunana”
“Lepat atuh”.
“Kudu kumaha?” Haji panasaran.
“Upami aya beurit ngalangkung, baledog ku Cangkudu, pan beuritna kabur”
“Si Pendul….” Haji ngaleos.(Sep, Bandung)

Deherba