Salaka Edisi Online

Manusa Salaku Mahluk Sosial (Ulil Amri)

Ku: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG

Waktu manusa diciptakeun ku Allah, inyana lain ngan dibere tugas amr takwin tapi oge amr taklif. Jadi eksistensina di dunya lain ngan wungkul minangka hamba Allah tapi oge khalifatullah. Anu nulis nyoba medarna kalawan misah. Sawaktu manusa mibanda predikat khalifatullah fil ardl bakal katangen sabage mahluk sosial. Lantaran papancenna sabage khlifatullah jelas aya implikasi jeung pakuat-pakaitna jeung aspek-aspek sosial.

Coba tengetan ayat ieu:
He jalma-jalma anu iman, mangka geura taat anjeun ka Allah jeung Rasul-Na sarta ulil amri di antara maraneh. Tapi lamun maraneh boga pamadegan sewang-sewangan ngeunaan hiji hal, pulangkeun ka Allah (Al quran) jeung Rasul (sunnahna), lamun maraneh bener-bener iman ka Allah jeung poe panganggeusan. Hal sarupa kitu leuwih hade pikeun maraneh sarta leuwih hade balukarna.

Ulil/Ulul Amri

Aya sababaraha istilah anu sakarupa jeung eta kekecapan, misilna ulul quwwah, anu hartina jalma nu mibanda kakuatan ( QS. Al-Qosos (28):76), ulul azmi nya eta jalma anu mibanda kaunggulan saperti para nabi ( anu kamashur nya eta Nuh, Ibrahim, Musa, Isa jeung Muhammad), ulul albab, nyaeta elmuwan atawa cendikiawan. Aya oge ulul ilmi anu hartina nu boga elmu anu disebut 7 kali anu jadi rujukan ajen-ajen paelmuan jeung ulin nuha kalawan makna anu sarua. Salian ti eta aya oge istilah ulu fadl (Q.S an-nur (24):22) anu hartina jalma-jalma nu mibanda kabeungharan jeung tangtu bae aya ulil amri.

Istilah kasebut disusun tina dua kecap nya eta Uli atawa Ulu jeung al amri. Kecap uli atawa ulu mangrupa wangun plural (jama’) tina kecap wali nu hartina nu boga atawa nu ngurus jeung ngawasa. Kecap ieu sarua maknana jeung kecap dzu, sanajan ngagunakeunana beda. Wangun jama’ nuduhkeun loba. Sedengkeun kecap al-amr mibanda karageman pangartian, gumantung konteks ayatna. Ieu kecap bisa ditarjamahkeun parentah (parentah Allah), urusan (manusa atawa Pangeran), perkara , hiji hal, kaputusan (Pangeran atawa manusa), kapastian (anu ditangtukeun ku Pangeran) bisa oge dihartikeun tugas , misi kawajiban dan kapamingpinan. Dina konteks ayat anu keur dikaji ieu harti ulil amri nya eta jalma-jalma anu boga wewenang ngurus urusan kaum Muslim. Maranehna nyaeta jalma-jalma anu bisa diandelkeun dina pasualan-pasualan kamasyarakatan. Saha atuh maranehna teh?

Muasabah Ayat

Ieu ayat jeung ayat saterusna ngabogaan hubungan anu dekeut jeung ayat samemehna. Mimiti ti ayat anu marentah pikeun ibadah ka Allah, henteu ngagabungkeun jeung nu lian, bakti ka kolot, mere anjuran sangkan ngaluarkeun infak, jrrd. Parentah-parentah kasebut ngadorong manusa pikeun nyiptakeun masyarakat anu adil jeung makmur, sili tulungan, gawe bareng, taat ka Allah jeung Rasul, ngawula ka ulil amri, memeres pasualan (lamun aya) dumasar ajen-inajen anu diajarkeun al- Qur’an jeung sunnah luyu jeung aturan anu baku.

Sacara khusus ayat (58) marentah pikeun netepkeun hukum kalawan adil. Ayat 59 marentah ka kaum mu’min sangka taat kana putusan hukum jeung saha bae anu boga wewenang pikeun netepkeun hukum.

Kandungan Ayat

Ieu ayat jeung ayat samemehna (58) ngandung prinsip-prinsip anu ngatur hal-hal anu aya hubunganana jeung kasejahteraan ummat Islam, utamana dina widang pamarentahan. Prinsip-prinsip kasebut nyaeta: 1) taat ka Allah sakumaha anu kaungel dina al-Qur’an, 2) taat ka Rasulullah sakumaha nu kaungel dina sunnahna anu sahih, 3) taat ka nu nyekel kakawasaan, sawaktu maranehna jadi babagian ti kaum muslimin jeung salila parentahna henteu pasalia jeung parentah Allah jeung Rasulna 4) mulangkeun ka Allah (al-Qur’an) jeung Rasulna (sunnah), mun aya pabentar paham.

Taat nyaeta ngawula, narima kalawan tulus. Ku kituna taat lain ngan sakadar ngalaksanakeun naon anu diparentahkeun, tapi milu partisipasi dina upaya anu dilakukeun ku panguasa pikeun nyokong usaha ngabdi ka masyarakat. Dina konteks ieu Nabi sasauran, anu unina: agama nyaeta nasehat pikeun para pamingpin kaom muslimin (HR.Muslim). Nasehat anu dimaksud nya eta sokongan sacara positip, kaasup kontrol sosial geusan suksesna tugas-tugas anu diemban.

Ieu ayat mere isarah sangkan unggal muslim ngawujudkeun rupa-rupa sistem anu bisa memeres pasualan. Dina birokrasi modern, sistem kasebut bisa mangrupa lembaga anu nepi ka ayeuna kamashur misilna eksekutif, yudikatif jeung legislatif.

Saha atuh Ulil Amri?

Para ahli beda pamadegan ngeunaan saha anu dimaksud ku ieu istilah. Sahenteuna aya 3 pamadegan ngeunaan eta hal: 1). Para panguasa atawa pamarentah, 2).Ulama jeung 3). Maranehna anu ngawakilan masyarakat dina rupa-rupa kelompok jeung profesi.

Pamadegan sejenna tumanya naha ari ulil amri teh lembaga atawa individu? Anu nyekel kana sora teks ulil Amri anu sifatna plural, Ulil amri teh hiji badan atawa lembaga anu boga wewenang pikeun netepkeun atawa ngabatalkeun hiji hal, misilna dina ngangkat kapala nagara, nyusun undang-undang jeung hukum, anu biasa disebut ahlul halli wal aqd. Maranehna nyaeta tokoh masyarakat, para ulama, petani, buruh wartawan, jeung kalangan profesi lain sarta angkatan bersenjata.

Pamadegan sejenna, Ulil Amri nya eta jalma anu masing-masing boga wewenang anu sah pikeun marentah dina widang masing-masing. Wewenang anu dipimilik naha sabage badan atawa perorangan. Sumberna bisa ti masyarakat anu rek diatur atawa ngaliwatan pamarentah anu Sah. Ku sab kitu anu kaasup Ulil Amri bisa bae polantas, Ulama atawa cendekiawan.

Jadi Ulil Amri bisa mangrupa 1).panguasa politik, 2).para ulama jeung ahli hukum syara’, 3). Sakabeh ahlu halli wal aqd nu asalna ti ahli elmu pangaweruh umum.****

Deherba