Ancurna Rasa Miboga
Ruksakna ahlak jalma anu muja duit, geus meh nepi kana biwir jungkrang kaancuran. Shalat jeung puasa dina Islam atawa misa jeung kebaktian di Kristen, mujasmedi jeung upacara sejen dina Hindu jeung sarupaning wujud paibadahan sejenna di unggal agama, asa can napak dina lakuning hirup sapopoe. Upadi keur jalma nu bebas tara milampah parentah agama. Geus kajudi laku-lampah sapopoena pasti ngabagongtorek tunggul diparud catang dirumpak, geus poek tur lolong, teu bisa ngabedakeun bener jeung salah, halal jeung haram.
Antukna tong boroning barang paeh, dalah mun kasedek, aya kalana anak atawa pamajikan dijual demi DUIT. Maranehna geus nyoplokeun padika nepi ka bleng teu eling, yen duit teh ukur alat pikeun ngahontal kabagjaan, lain kabagjaan mutlak. Kaciri teu elingna, ari kabagjaan di udag-udag nepi ka tisusut-tidungdung, ari jeung nu boga bagja (Alloh SWT) teu wawuh.
Kajadian kumaha laifna saurang mentri agama di nagara Pancasila, bari nyanding gelar guru besar, kungsi nyoplokkeun predikat intelektual jeung iman, ku cara ngabongkar taneuh handapeun batutulis, rek neangan harta karun. Coplokna ajen kalaifan diri teh nerekab ka maranehna nu gawena muja duit, muja dunya nu mangpaatna ngan sakiceup , kabuktian ku leungitna situs Batu Kuya ti leuweung tutupan Haur Bentes, Kacamatan Sukajaya, Kabupaten Bogor, anyar-anyar ieu. Situs Batu Kuya titinggal Tarumanagara, nu wangunna kawas kuya tur beuratna 6 ton (jangkung 4 m, diameter 3 m) dipaling ku jalma sarakah dibantuan ku oknum patugas hukum, diasupkeun kana treuk toronton, dibawa ka Tanjungpriuk, pasti dijual ka luar nagara. Eta kajadian teh lain dadakan tur teu susulumputan, tapi nembrak ngahagal nyieun heula jalan ka jero leuweung tutupan,lega 4 m, keur jalan toronton, sangkan teu hese mawa. Boh aparat hukum, aparat widang kabudayan/purbakala, malah rahayat sabudeureun kawas nu teu baroga kapanasaran, kana kajadian nu lumangsung. Kakara ribut digeunjleuhkeun malah nepi ka diudag, najan teu kaburu ge, sanggeus beja pabeja-beja, batu kuno aya nu mawa. Kakara usik, kapanggih di “aman”keun di Cilincing, cenah. Teuing rek kumaha ngungkulanana.
Sakur situs purbakala teh apan dipayungan ku undang-undang cagar budaya, tapi kawasna undang-undang teh leeh mengpelehe kahebos lambaran dollar. Buktina we, candi nu kapanggih di Bojong Menje, wewengkon Cicalengka, titinggal abad ka 7 ti karajaan Kendal (Nagreg), teu bisa dituluykeun ngaludangna, sabab kacepet ku pabrik-pabrik. Undang-undang nu dijieun meakeun duit rahayat ratusan juta teh, teu mampuh nobros pabrik, da nu bogana Tionghoa. Ukur ditulis dina daluang, digantungkeun dina tangkal jambu gigireun candi. Teu bina ti undang-undang gantung.
Inti tina eta pasualan, nongerak yen bangsa nu dumuk di nagara Pancasila, sabagian gede, geus teu mirosea, malah geus coplok rasa miboga na (Sense of belonging). Boa geus ancur-ajur-aduy kawas gebog buruk usum ngijih di jarian, campur bau. Naha naon nu jadi marga pangna kitu? Teu pira ukur nembongkeun yen sabagian gede ieu bangsa ”resep dijajah”, utamana dijajah ku hawa nafsu, ku kasarakahan, nepi ka leungit kaera jeung tanggungjawab. Nu penting asal meunang duit duit jeung duit, teu miduli ajen-inajen burakrakan ge. Jadi asa nempo singa ngarebut daging ti anjing, paduli anjing kalaparan ge, asal seubeuh sorangan we. Naon bedana atuh? Cag.





