Dina raraga nyanghareupan PILGUB: Balitungan Jalma Nu Nyebarkeun Fitnah
Ku : Rifqu Fawaj Fauzi
Dawuhan Allah : Waqootiluhum hatta la yakuna fitnatun wa yakunaddinu lillahi, fainin tahau fala’udwana illa’aladhdolimin.
Hartosna : “ Jeung prak peperangan ku maranehna nepi ka teu aya deui gangguan (pitnah), jeung nepi ka agama teh ngan nu kagungan allah bae, tapi upama maranehna geus eureun, ulah aya deui mumusuhan anging jeung jalma-jalma anu darolim.”(Al-Baqarah ayat 193).
Nurutkeun Buku Ensiklopedi islam jilid 2, fitnah teh tina basa Arab, hartina bisa riceuw, rebut, kacilakaan, sirik, cobaan, ujian atawa siksaan. Kitu deui dina basa Indonesia, fitnah teh hartina beja bohong atawa haharewosan , taya lian karana aya maksud nu goring. Ngomongkeun lain nu sabenerna.
Fitnah akibat tina sangeunahna ngaluarkeun ucapan. Aya paribasa ; hade ku omong, goreng ku omong. Hartina ulah saomong-omongna. Sigana mah ieu pisan nu kudu ati-ati pikeun manusa supaya teu jadi fitnah. Komo dina mangsa Pilgub ayeuna khususna di Jawa Barat, aya istilah Jurkam, tukang ngomong nepikeun program partey pikeun narik simpati masarakat. Didieu omongan jalma nu ngundang fitnah bakal kapanggih. Bakal muncul fitnah-fitnah anyar pikeun ngagebruskeun lawan politikna.
Ku kituna dina naon bae, bagja jeung cilaka hiji jalma gumantung kana omonganana . Lamun omonganana dina jalan bebeneran geus pati meunang kabagjaan. Sabalilkna lamun omonganana ruksak, teu mawa mangfaat, pastina cilaka atawa sumberna nu jadi fitnah. Jalma anu ngarti ka diri atawa nu bener-bener nganggem agama, tangtuna omonganana oge bakal diriksa. Komo jalma muslim geus boga cecekelan, yen Al-muslim, man salima muslimuna min lisanibi wa yadihi. Nu disebut jalma muslim teh, nyaeta jalma nu bisa salamet tina omonganna jeung leungeuna.
Ayat diluhur tadi jentre pisan , yen fitnah nu gede pisan mah fitnah masalah agama. Hal ieu sakumaha dicaritakeun dina hadis Bukhari, yen nalika sahabat Ibnu Umar ditaros ngeunaan fitnah. Ibnu
Umar ngajawabna sakumaha ayat di luhur tadi : “ Jeung prak perangan ku maraneh nepi ka teu aya deui gangguan (fitnah) jeung nepi ka agama teh ngan nu kagungan Allah bae.”
Saterusna Ibnu Umar naros : “ Cing naon ari fitnah teh ?.” Saterusna Ibu Umar ngajelaskeun :”Nabi merangan jalma-jalma kafir (supaya arasup Islam jeung teu balik deui kana agamana), balik deui kana agamana eta teh nu disebut fitnah, lain perang nu perjoanganana pikeun kakuatan dunya.”
Sakumaha hadis di luhur, fitnah teh balik duei tina kayakinan nu benar kana kayakinan nu nyesatkeun. Masalah agama teh masalah kayakinan. Lamun jalma geus teu yakin kana agamana, hartina manehna geus ngalakukeun fitnah dina agamana. Sacara filosofis, fitnah nu pangbeuratna teh dina masalah agama nu hakekatna loba jalma alatan bohong.
Lamun dititenan kana mangsa kiwari, mangsana pinuh ku fitnah. Jaman nu teu butuh deui ku agama. Agama teu dipallire deui, agama mung dianggem wungkul lain jadi kakuatan hirup . Kadang oge agama mung saukur baju wungkul. Jalma kitu estuning lain merjuangkeun agama, tapi justru nyieun fitnah. Teu sadar urang oge poho dina merjoangkeun agama (Islam). Disagigireun urang teh loba keneh nu kudu digeuingkeun, diajak kana ajaran nu bener, tapi urang mah kalahka iluan, ancrub kana kadoliman. Saenyana eta teh fitnah tea. Jalma nu sok ngobrolkeun batur nu lian saenyana, jelas bahaya pisan, kkudu diperangan. Sabab ieu teh matak riceuw atawa musibah balarea. Sok komo di urang , mangsa Pilgub, mangsana loba obrolan nu barareda. Jelemna ngobrol paheuras-heuras pikeun saling dedetkeun, saling jongklokeun, saling ancurkeun mung sakadar neangan simpati masarakat. Koncina, saha jalma nu ngobrolna alus sanajan can tangtu bener, bakal meunang sowara alus.
Ku kituna, teu mustahil, munculna masalah fitnah anyar, rek dina kahirupan sapopoena atawa dina masalah agama. Kitu deui papada muslim, loba partey Islam nu rek merjuangkeun Islam, kahade katerapan fitnah, alatan partey Islam nu sejenna jadi lawan. Sing inget, “kaburo maktan indallohi am takulana maa laa taf’alun”
Fitnah oge lain keur urang kafir wungkul tapi papada muslim. Sakumaha kaunggel dina Surat Al-Maidah ayat 71 : “Wahasibuu’alla’takuna fitnatun fa’amu washommu tsuma taballohu’alaihim tsuma’amu washomu katsirun minhum wallohu basbirun ya’lamun, Hartosna : “Jeung maranehna nyangka yen moal aya fitnah (cocoba), tuluy maranehna lolong jeung torek deui, jeung Allah maha ningali kana saniskara anu dipilampahkeun ku maranehna.”
Kasebutkeun dina tarikh Islam, aya al-fitnah al-kubra (finah gede) nu kahiji,nyaeta rajapatina Kahafilah Usman bin Affan. Disusuldeui kajadian peperangan antara Mu’awiyah jeung Ali RA kacatet al-fitnah al kubra nu kadua. Hal ieu papada muslim , disebutna fitnah tuli, buta. Sabab papada muslim nu teu katempo saha nu bener. Wal fitnatun asaddu minal qotli, hartosna : jeung fitnah teh lewih gede (dosana) batan rajapati (Al-Baqarah : 191).
Kitu deui ayat 217-na : Wal fitnatun akbaru minal qotli ( jeung fitnah teh leuwih gede (dosana) batan rajapati). Kacida gedena (dosana) fitnah teh , ku Allah ditetepkeun : Fayamut wahua kafirun (maotna dina kakufuran).
Fitnah oge dihartikeun ujian atawa cobaan. Kaunggel dina surat Al-Anfal ayat 28 : Wa’lamuu annama amwalukum wa aoladukum fitnatun wa annalloha indahuu ajrun’adhim.” Hartosna : Jeung sing nyaho, yen hartabanda maraneh jeung anak-anak maraneh teh ngan ukur cocoba, jeung saestuna Allah, nya di Anjeunna aya pahala anu gede pisan.” Dina ayat ieu fitnah hartina cocoba. Harta jeung anak-anak bisa jadi fitnah lamun teu bisa ngadidik jeung ngurusna. Na’adzubillahi mindalik, sing ati-ati dina ngadidik anak jeung ngurus harta. Salah ngadidik jeung ngumpulkeun harta bari teu dizakatan atawa koret alias pedit, tara berehan, mangka baris dagoan siksa, cilaka di dunya boh di aherat engke.
Fitnah , kitu deui hartina siksaan. Hal ieu kaunggel dina surat Al-Anfal ayat 25 : Wattaqu finatan la tusibannal lazina dholamu minkum khoosotan wa’lamuu annalloha shadidul ‘iqob.” Hartosna : Jeung maraneh geura jaga tina fitnah (siksaan) anu henteu ngan tumiba ka jalma-jalma anu darolim ti antara maraneh wungkul. Jeung sing nyaho yen Allah teh banget pisan siksaanana.”
Siksaaan pikeun jalma-jalma nu lumur dosa, ngalajur nafsu, poho kana tetekon agama, ngabalieur diajak ibadah ka Allah, ieu teh sarua hakekatna manehna geus ngalakonan fitnah kana agama atawa dirina, Naon akibatna, geuning ayat tadi ditungtungan yen siksaan Allah banget pisan.
Dina hadis nu diriwayatkeun ku Ibnu Majah ti Ibnu Umar, “Yen Nabi Muhammad SAW ngajak supaya kaom muslim ngajhauhan tina fitnah (nu ayana alatan omongan salah) sabab tisoledatna letah teh ibarat tisoledatna pedang.”
Timana atuh panyakit fitnah teh?
Diriwayatkeun ku Bukhori ti Abu Hurairah yeh Nabi Muhammad, SAW ngadawuh : “ Geus deukeut kana jaman jeung ngurangan amalan, tumiba jalma karoret, ayana kariceuwan jeung lobana kaributan. Terus para sahabat naros : “Naon eta teh ya Rosul ?” Rosul ngajawab : “ Rajapati jeung rajapati” Fitnah oge datang karana loba jalma barodo, elmu geus dicabut, jeung loba kariceuwan sarta rajapati.”
Kukituna koncina mah di urang-urang keneh. Supaya teu keuna fitnah, tangtosna oge kudu ati-ati jeung pageuh kana tali agama Allah malah mandar amar ma’ruf nahyi munkar. Al-Qur’an jeung hadis masihan ugeran supaya kaom muslimin menta panyalindungan ka Allah tina fitnah. Dina surat Al Maidah ayat 101 : Ya ayyuhal lazina aamannu la tas’alu’an ashyaa’a in tuhdalakum ‘ tasu wain tas allu anha hunnayunajalalul qur’anu tubdalakum ‘ afallohu’ anha wallohu gofuurun haliim.” Hartosna : Yeuh , jalma-jalma anu ariman ! ulah deuk nanyakeun perkara anu lamun diebrehkeun ka maranehna jadi nyusahkeun maranehna, upama nanyakeunana dina mangsa turunna Al’qur’an mah tanwande diebrehkeun kamaranehna, Allah teh maha jembar pangampura, maha halim.”
Kitu deui dina milih pamimpin, nu kedah diperhatikeun teh masalah kajujuran, tauladan, taat dina agama, jauh tina fitnah agama Islam sarta omonganana teu matak munculkeun fitnah. Nu kuaha atuh ? Tangtos uih deui, sakumaha sifat Khalifah Umar sarerea, Rosullulah SAW, nyaeta jalma nu Sddik, patonah, amanah sareng tableg. Jalma nu bener, pinter, jujur jeung mampu nepikeun bebeneran.
Margi ageing pisan bahaya fitnah teh , Rosullulah SAW salawasna nyuhunkeun panyalindungan ka Allah “ A’uzubi Allahi min su’i al fitani” (kaula nyalindung ka Allah tina ruksakna fitnah).
Kumargi kitu urang salawasna ngadu’a, mudah-mudahan dina nincak Pilgug ieu, dijauhkeun tina fitnah, hususna fitnah agama. Kitu deui mudah-mudahan baris tetep aya dina panyalindungan Allah SWT, robbana dolamna angfusana wa’ilham tagfirlana wa tarhamna minal khosiriiin. Amin.(*)





