Salaka Edisi Online

Inget Ka Lembur

Ku Wahyudin (Batam)

Lembur kuring katelah Rancapateuh, salahsahiji kampung anu aya diantara Soreang jeung Katapang di Kabupaten Bandung. Duka kumaha atuh bet ngaran lembur teh kawas kitu, tapi meureun aya sajarahna, ngan nepi ka ayeuna masih keneh jadi misteri keur kuring mah. Sabab baheula mangsa keur SD mah can aya perhatian kana asal usul ngaran lembur sagala, padahal harita teh lamun rek nanyakeun masih aya keneh narasumberna nyaeta para inohong entragan awal anu ngamukim di eta wewengkon.

Ka beulah Kulon pasawahan tepi ka sisi jalan hideung (jalan kabupaten) jadi lamun warga rek indit-inditan teh kudu leumpang heula, aya kira kira opat ratus meter. Baheula mah masih galengan sawah, nya ari kadieunakeun jalan teh geus rada lega kira-kira asup mobil, ngan asup tina jalan hideung teh aya imah nu teu bisa di pindahkeun, jadi tetep teu bisa asup mobil mah. Kitu deui ka beulah kaler pasawahan ngemplak.

Ka beulah wetan, gawir anu dihandapna aya walungan Cikambuy ti mimiti tungtung imah padumuk, nepi ka sisi walungan teh pinuh ku tangkal awi, dina turunan aya tangkal Kanyere, da waktu harita mah ti lembur ka belah wetan teh ari ceuk kolot baheula mah geueuman, komo deui dina tangkal kanyere, cenah aya lelembut anu nungguna. Padahal harita teh, kuring biasana lamun poe Saptu sanggeus magrib biasana sok indit ka imah nini nu pernahna wetaneun Cikambuy, jadi kudu mentas heula sasak jabaning jalana rumpil oge, ieu daerah teh kakoncara geueuman. Atuh lamun bari leumpang teh biwir mah teu reureuh babacaan. Geus jadi matuh unggal malem Minggu kuring atawa lanceuk sok silihgenti mondok di imah nini maturan, maksudna mah.

Beulah Kidul masih keneh poek ku tatangkalan jeung lamun terus ngidul aya gawir anu di luhurna loba liang kadal meteng. Anu baheula mah oge ceuk kolot cenah dina liang kadal meteng eta teh tempatna bangsa lelembut. Jadi ampir sabudeureun lembur teh geueuman cenah.

Salulusna ti STM, kuring indit ngalalana padahal harita teh ditawaran kuliah ku pun biang, jeung aya surat ti POLTEK ITB, ngan da sok teu genah kana hate atuh ku sabab lanceuk-lanceuk mah teu aya anu kuliah, sakolana paling luhur SMA jadi mending neangan gawe. Anu ahirna kuring bisa aya di Pulau Batam.

Sababaraha taun kuring aya dipangumbaraan, asa waas inget ka lembur. Eh geuningan lembur teh geus loba pisan robahna, imah-imah nu tadina ngan saeutik, da ngan sekeseler karuhun kuring wungkul. Atuh jadi salembur teh baraya wungkul, ayeuna mah pasawahan geus robah jadi lembur. Anu tadina liang kadal meteng, ayeuna geus jadi gedong. Ka sisi walungan oge ayeuna mah pinuh ku imah. Atuh saperti nu ku kuring dicaritakeun diluhur, nyeta aya tangkal kanyere anu geueuman tea ayeuna mah kanyere na geus jadi bonsai, dihareupeun imah gedong tea. Ah enya manusa mah sakti bisa ngalindih tempat jurig, jadi karunya ka jurig ayeuna pindah kamana nya jurig na teh?

Jeung deui jelemana dilembur loba pisan anu teu wawuh ayeuna mah, da memang pangeusina loba urang kota anu mareuli tanah di kampung-kampung.

Tapi aya deui anu leuwih pikareuwaseun, parobahan lembur teh, baheula mah basa kuring didinya keneh, can kungsi kabejakeun aya parawan reuneuh ti heula, ari ayeuna mah geus teu aneh dilembur teh, geus loba pisan. Geuningan jurig anu ayeuna ngalindih manusana ari kitu mah. Jadi lieur ah mikiranana.

Deherba