Babasan & Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan
- Abang-abang lambe: Alus omongan wungkul, ukur keur ngagenahkeun hate nu sejen
- Biwir nyiru rombengeun: Cerewed, sagala rasiah diomongkeun
- Careham hayameun: Jelema garogotan. Papakean keur dikaput hayang geura anggeue da hayang geura make. Bungbuahan can asak hayang ngala da hayang nyaho rasana, jrrd
- Disakompetdaunkeun: Nu goreng saurang ari disebutkeunana mah goreng kabeh
- Ginding bangbara: Resep ngaginding ngarah katenjo ku batur tapi di imah mah kekerehet
- Heuras letah: Heuras ati, omonganana sugal
- Jabung tumalapung, sabda tumapalang: Jelema nu teu nyaho urusan megat kalimah (megat omongan batur)
- Katurug katutuh: Keur cilaka katambah-tambah ku pikasusaheun
- Ngarawu ku siku: Hayang loba untung, tungtungna teu beubeunangan
- Rambat kamale: Boga perkara ayang-ayangan, teu anggeus-anggeus
Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
- Anak tilu keur kumusut: Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona karusut
- Buluan belut jangjangan oray: Hal anu mustahil bakal kajadian
- Caina herang laukna beunang: Hasil maksud
- Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban: Dipiara tapi teu diurus dahar pakena, lumbrahna mah pikeun awewe
- Geus apal luar jerona: Geus nyaho kana kalakuan jeung tabeatna
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoe: Kahadean anu sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun goreng sakali
- Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun: Masrahkeun atawa nyerenkeun sagala-galana. (dina acara seserahan waktu aya hajat pernikahan)
- Janget kinatelon: Turunan hade ti indung ti bapa
- Kajeun pait heula amis tungtung, batan amis heula pait tungtung: Leuwih hade dicaritakeun anu banggana heula, tibatan dibibitaan heula ku piuntungeunana bisi ahirna kaduhung
(Djodi Prihatna).****





