Salaka Edisi Online

Zakat Fitrah Kasampurnaan Nyucikeun Diri

Ku : H. Kamin Islamin

Bismillahirrohmaanirohim.

Kacida untungna jalma jalma anu nyucikeun dirina. Jeung anu inget ka Alloh Aja Wajala, tur ngalaksanakeun parentahna, salah sawiosna sholat (Al'alaa 14-15).
Dulur dulur sadayana,anu dimulyakeun ku Alloh, teu karasa ku urang sadayana tos tiasa pendak deui jeung bulan ramadhan, bulan suci pikeun umat muslim, muslimat anu saroleh, sararolehah. Bulan suci pikeun ngalebur dosa. Hyang Cholik masihan deui kasempetan kaurang sadayana, panjang umur, teu aya sanes, masihan omer ngajalankeun tobat, anu sabener benerna tobat, fisik, hate dihijikeun, munajat ka Pangeran yen urang loba karumasaan memang rumasa, loba dosa, ngumbar napsu, ngagugu pangajak syetan, anu temahna ngajongklokkeun kajurang naraka.

Kulantaran kitu hayu urang babarengan tingkatkeun kataqwaan , frekuensi ibadah ka Pangeran remenkeun , supaya urang ngais kamulyaan disisi Alloh , sakumaha anu parantos dijanjikeun ku anjeunNa, eces disebut dua ayat diluhur surat Al’ Aaa.

Puasa anu urang laksanakeun di bulan puasa ayeuna kudu bener bener dihayati,ulah ngan saukur ngeureunan dahar,tapi leuwih ti eta.Rasakeun dina manah sorangan sorangan, aing teh keur puasa, tekadkeun dina hate, atuh prilaku oge kudu puasa.Hartina ngeureunan tina lampah anu goreng. Salahsahiji kawajiban urang dina nyampurnakeun ibadah puasa ieu nyaeta, kujalaran ngaluarkeun jakat fitrah. Tengetan sabda Nabi urang , kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu unina kieu: Puasa eta ngalayang diantara bumi jeung langit, moal ditarima, salian kudu ngaluartkeun zakat jeung fitrah.

Eces pisan jang urang sakabeh, yen zakat fitrah teh ngarupakeun kawajiban anu teu bisa di popolerkeun ku satiap muslim jeung muslimah.Zakat fitrah nyaeta salah sahiji kawajiban Agama anu teu beurat,nyaeta ngan mere santunan ka pihak pihak nu geus ditangtukeun ngan saukur saeutik, nyaeta ngarupakeun bahan pokok atawa ku duit saharga anu sok urang meuli. Dilaksanakeun sarengse sholat Id.

Dihandap urang pedar hadits Rassullullloh saw, anu netelakeun yen wajibna ngaluarkeun zakat fitraf.Kira kira kieu unina: Ibnu Abbas r.a. nyarioskeun : Rassullulloh parantos ngawajibkeun zakat fitrah , yen zakat fitrah teh bisa ngarupakeun pembersih hate kanggo jalma jalma anu getol puasa .

Hadits diluhur netelakeun yen zakat fitrah teh nyaeta ibadah anu ngabogaan katangtuan khusus, sakumaha ibadah anu sejenna. Waktuna geus ditangtukeun, nyaeta bulan ramadhan, dugi ka waktu shalat Id arek di mimitian. Jadi zakat fitrah teh teu beunang ditunda tunda waktuna, sabab lamun ditunda tunda ngalaksanakeunnana, ibadah puasa urang moal meunang pahala ti Gusti nu Maha Suci,ibarat langlayangan kakalayangan antara langit jeung bumi,moal dibere pahala samemeh ngaluarkeun zakat fitrah,nyaeta dina waktu anu geus ditangtukeun.

Zakat fitrah anu kudu dikaluarkeun teh nyaeta kadaharan anu biasa sapopoe kuurang didahar. Sebagian ulama ngagaduhan pamadegan, yen ngaluarkeun zakat fitrah bisa diganti kuduit saharga bahan kadaharan anu kuurang biasa dibeuli.Jadi ngaluarkeun zakat fitrah kuduit ngaganti beas kasebut sah,sabab bisa dibeulikeun ku panarimana kana kadaharan anu diperlukeun.

Hadits diluhur netelakeun, yen zakat fitrah ngandung dua fungsi utama, nyaeta ngarupakeun pembersih pikeun jalma anu puasa, oge sarua jeung mere dahar ka fakir miskin.

Fungsi anu mungaran hikmahna ditarima ku jalma anu puasa, dimana kakurangan kasampurnaan ibadah puasana bisa dibersihkeun ku zakat fitrahna. Sedengkeun fungsi anu kadua ngandung harti nulungan ka jalma jalma anu bener bener merlukeun uluran tangan, nyaeta fakir jeung miskin.

Hikmah anu bisa ditarik dina kaitannana jeung kawajiban zakat fitrah, nyaeta kaum muslimin teu bisa tega ninggali dulur dulurna anu lain ngalaman kalaparan, anu sakuduna mah maranehna gumbira dina Hari Raya Idil Fitri.

Jadi kuayana kawajiban zakat fitrah eta, bisa diciptakeun suasana marhamah jeung mahabbah di golongan kaum muslimin, nu undakna ngaleungitkeun kasenjangan sosial diantara kaumna.

Memang indah ajaran agama urang teh, bisa ngaitkeun antara dua kepentingan, nyaeta hubungan urang jeung Alloh, nu dimanifestasikan dina bentuk ibadah khaashshah ( ibadah khusus ), sarta hubungan urang jeung sasama manusa anu dimanifestasikeun dina bentuk ibadah khaashshah jeung ‘aammah.

Lamun urang geus bisa sadar kalayan ngarti tur dibarengan kayakinan, oge dibeungkeut dina hate anu bener bener ikhlas ka Pangeran, yen kadua hal diluhur, ngaguar hate kana jalan kataqwaan, kalayan bisa ngabuktikeun sakumaha luhurna ajaran islam, tur sakaligus ngarasakeun nikmatna sarta lezatna ngalaksanakeun tuntunan islam sajeroning hirup sapopoe.

Islam teh nembe karasa nikmatna, saengeus dilaksanakeun , numawi kitu hayu urang babarengan miluruh hikmah anu aya di sajeroning ibadah sakumaha anu diwajibkeun, supaya ngalaksanakeunnana teu ngarasa ngansaukur kawajiban wungkul, tapi oge dirasakeun memang kabutuhan atanapi hak .

Hayu urang laksanakeun ibadah zakat fitrah anu sabener benerna , saluyu jeung aturan anu geus ditangtukeun, tinagtos kenging ridha, sarta ampunan Alloh SWT.

Taqobbalallaahu Minnaa Wa Minkun Tabbal Yaakariim.

Deherba