Salaka Edisi Online

Manusa Salaku Individu

Ku: Hj. Imas Kurniasih, M.Ag-MG.

Dinamika masarakat mindeng robah komo dina dekade pamungkas, sawatara teks al-Qur’an moal robah. Ku kituna dibutuhkeun proses dialogis antara teks jeun konteks. Ku jalan kitu pamikiran kana pengenalan jeung aktualisasi al-Qur’an di masarakat kudu sinambung (on going process).
Sosialisasi ajen-inajen al-Qur’an taya lian ti ngalaksanakeun upaya-upaya kumaha sangkan al-Qur’an nu asalna ti deungeun teh dianggap hiji hal anu aya pakaitna jeung ajen-inajen lokal ku masarakat lokal daerah, bari jeung teu kudu ngorbankeun naon-naon anu geus dipiboga. Kumaha sangkan maranehna bisa narima sagemblengna minangka unsur anu sinambung jeung naon-naon anu dipiboga salila ieu, sahenteuna anu geus aya dina hasanah ajen-inajen lokalna. Di sagigireun pamikiran, kumaha mere tempat pikeun ajen dasar al-Qur’an dina kapling ajen-ajen universal.

Ajen universal al-Qur’an jeung ajen lokal masarakat merlukeun proses akulturasi. Dua ajen kasebut henteu kudu paheula-heula, tapi potensi konflik antara duanana bisa jadi aya. Beuki gede pangorbanan nu narima beuki seret jalanna proses. Tapi sabalikna, leuwih karasa nyambungna jeung tradisi anu narima, proses akulturasi beuki lancar. Ajen-inajen al-Qur’an dina sajarah, lain wae kudu ngalilindeuk sasaran-sasaranna, tapi dirina kapaksa “dilindeukkeun sahenteuna keur sawatara waktu. Sanajan al-Quran ngan hiji tapi kaanekaan dina Islam jeung dunya Islam teu bisa dicegah sabage konsekuensi ajaranana anu universal.

Tina kasangtukang di luhur bakal muncul pertanyaan: Naha al-Qur’an bisa disawang tina jihad elmu sosial? Ieu hiji pertanyaan konseptual anu hese ngajawabna lantaran jarak antara al-Quran jeung elmu sosial panjang. Al-Qur’an eusina ajen-inajen nu asal-muasalna tina perspektif anu transcendental, ngaliwatan dunya nyata, jeung dimimitian tina hakekat kamanusaan. Sedengkeun elmu-elmu sosial boga anggapan yen sagalana kudu bisa diterangkeun sacara rasional. Saperti anu disinyalir ku filosof elmu pangaweruh, cenderung pikeun nganaifkeun unsur manusa. Elmu sosial leuwih nekenkeun ka masarakat sabage wngun abstrak. Jadi, naha mungkin elmu-elmu sosial digunakeun pikeun neuleuman ajen-ajen al-Quran lamun bae jarak antarana henteu sinambung?

Manusa salaku Individu

Kakawasaan Pangeran luhureun manusa dina prinsipna ngaliputan nyiptakeun, miara jeung ngancurkeun. Tapi manusa teh mahluk aneh di ieu alam, anu matak kaitan kakawasaan Pangeran kana dirina jadi spesifik. Manusa makhluk pribadi nu mibanda kasadaran sarta mampuh nyanggah Pangeran. Manehna henteu samata-mata mahluk biologis tapi oge mahluk rohani. Kahirupanana henteu samata-mata individual tapi oge sosial. Ancurna fisik lain ahir tina wujud manusa anu sabenerna. Sakabehna nembongkeun yen hubungan manusa jeung kakawasaan Pangeran jadi leuwih spesifik. Pangeran miharep sangkan manusa lain wa kudu takwin, tapi oge taklif.

Samemeh ngabahas kumaha nyiptakeun manusa teh perlu dibahas saha manusa teh cek al-Quran. Lantaran dina al-Quran aya sababaraha konsep anu nuduhkeun definisi ngeunaan manusa. Diantarana: al-insan, al-ins, al-Basyr. Ketilu konsep gunana beda-beda.

Kecap al-insan leuwih loba digunakeun. Sakabehna dina wangun ma’rifat make Alif Lam Ta’rif (al), kajaba dina surah al-Isra nu jadi susunan kecap Kul (kabeh) nu unina “Kul Insan Al-Jamana” sarta hartina “Unggal manusa ku Kami geus ditetepkeun”. Ngagunakeun wangun Mufrad ma’rifat make “al” keur kecap insan nuduhkeun harti “manusa sabage jenis”. Ku sabab kitu kecap al-insan digunakeun al-Quran henteu nunjuk ka salasahiji jalma, sanajan cek asbab an-Nujul, kasangtukang turunna eta ayat lantaran aya pakaitna jeung jalma nu geus tangtu.

Sedengkeun kecap al-Basyr mindeng dgunakeun pikeun nuduhkeun manusa nu geus tangtu. Misilna firman Tuhan: “Mangka aringet waktu Pangeran aranjeun ngalahir ka malaikat: Satemenna Kula rek nyiptakeun hiji manusa (basyr) tina taneuh liket jeung taneuh rawa hideung”. Anu dimaksud Basyr di dieu nya eta Adam anu dina ayat sejen disebut Khalifat. Tapi kecap Basyr oge dipake keur nuduhkeun tipe manusa. Misilna dina firman-Na: “Jeung Mantenna anu nyiptakeun Basyr, manusa, tina cai.”

Saterusna kumaha pamadegan al-Quran ngeunaan doktrin dualisme radikal perkara manusa anu kabagi jadi raga jeung jiwa? Katingalina sacara eksplisit henteu aya hiji ayat oge dina al Quran anu nuduhkeun manusa dumasar dua substansi anu beda. Tapi sacara implisit aya ayat ngeunaan nyiptakeun manusa anu nuduhkeun ayana substansi sejen dijeroeun manusa salian ti substansi sisi sakumaha anu rek dicaritakeun ka hareup.

Sangkan leuwih eces pandangan al Quran ngeunaan eta hal bisa dititenan tina ayat-ayat anu ngagambarkeun kumaha kakawasaan Pangeran ka manusa dina aktualisasi nyiptakeunana. Pasualan kakawasaan Pangeran dina nyiptakeun manusa nyabit-nyabit psualan: saha manusa munggaran, kumaha proses nyiptakeun manusa jeung dijadikeun naon manusa teh ku Pangeran. Jigana anu dimaksud Khalifah dina surah al-Baqarah sarua jeung kecap Basyr dina surah Shaad. nyaeta Adam, lantaran eta dua konsep dicaritakeun dina konteks kisah anu sarua nu nyaritakeun bewara ti Allah ka para malaikat ngeunaan diciptakeunanas mahluk anu bakal ngurus bumi. Ngan bae jigana konsep Basyr nuduhkeun jenis, sedengkeun konsep Khilafat nuduhkeun fungsi jeung tugas manusa. Konsep-konsep Khalifah bisa ngabogaan dua kamungkinan harti.

Kahiji ku disebutkeunana Adam sabage khalifah nuduhkeun Pangeran bakal ngangkat Adam sabage pamingpin di bumi. Konsep Khalifah dina harti pamingpin kapanggih dina surah shaad. Anu hartina: “He Adam! Kula ngajdikeun maneh sabage khalifah di bumi, mangka Kula kudu netepkeun hukum kalawan bener”.

Tina ayat di luhur jentre yen al Quran henteu nyaritakeun sacara eksplisit yen Adam teh manusa munggaran, tapi Adam teh manusa anu dijadikeun wakil Allah keur ngurus alam dunya kalawan adil, atawa manehna teh mahluk gaganti mahluk sejen nu boga akal, anu geus aya leuwih ti heula.

Kumaha carana Pangeran kalawan kakawasaanana nyiptakeun Adam henteu aya informasina dina al Quran, iwal ti Adam dijieun tina taneuh kalawan Amr Takwin “Kun Fayakun” (jadilah, mangka jadilah manehna). Jeung ku kakawasaan-Na sorangan. Naha Adam lahir ti hiji indung atawa lain, henteu dicaritakeun al Quran kalawan jentre, tapi anu pasti dijieun tina taneuh sakumaha katurunanana, anu ka inyana ditiupkeun ruh ti Pangeran.

Pikeun ngalaksanakeun tugas kakhalifahan Adam dibere wanita anu marengan. Al Quran nyaritakeun: “He manusa geura takwa anjeun ka Pangeran anjeun anu geus nyiptakeun aranjeun ti hiji manusa (nafs) sarta nyiptakeun ti manehna (minha) pasanganana, jeung ti duanana bakal nambahan lalaki jeung awewe anu loba”.

‘Ibadurrahman

0

Hartina: Jeung kawula anu hade ti Pangeran nu Maha Murah nya eta jalma-jalma anu leumpang luhureun dunya kalawa rendah hate , jeung lamun jalma-jalma jail ngajak ngomong, maranehna bakal nucapkeun kekecapan anu ngandung kasalametan.

Mufradat:0

Kecap Ibadurrahman dibagi dua kecap ‘ibad jeung al-rahman. Kecap ‘ibad mangrupa wangun jama tina kecap ‘abd. ‘Abd dipake keur nuduhkeun manusa sacara umum, sabab hakekatna manusa teh ciptaan jeung jadi kawula pikeun nu nyiptana.

Di masarakat anu nganut sistem perbudakan, ‘abd hartina budak, hamba sahaya, anu bisa didagangkeun sarta jadi milik anu meuli. Dina ieu pangartian ‘abd lawan kecap al-hurr nu hartina jalma merdeka.

Kecap ‘abd sajangkar kecap jeung ‘abada anu hartina ta’at, eleh jeung nurut. Kecap ‘abada ngalegaan jadi ‘ubudah atawa ‘abdiyah anu ngandung harti pangakuan status sabage kawula jeung ‘ubudiyah nu ngandung harti ngarasa rendah diri hareupeun nu nyiptakeun. Tina kecap ‘abada oge mekar jadi ta’abbud anu hartina ibadah jeung pasrah, atawa ta’at anu dibarengan kapasrahan.

Jadi dasar tina ‘abd nya eta ta’at, eleh, jeung nurut. Dina konteks ‘abd anu hartina budak nyaeta hiji kanyataan anu akibatna kana henteu bebasna hiji jelema dina nangtukeun kahayang.

Sedengkeun makna kadua, ‘abd hartina kaputusan Pangeran keur nempatkeun manusa dina posisi kudu ngawula jeung nurut. Ku lantaran kitu lamun aya manusa nu geus henteu nurut deui, manehna lain bae geus ingkar ti Pangeran tapi oge geus kaleungitan ka’abadanna.

Sedengkeun kecap al-rahman jeung ar-rahim asal kecapna rahm nu hartina peranakan atawa kandungan. Jadi anu kapikir waktu ngucapkeun rahm nya eta indung jeung budak anu kanyaahna ka anak gede pisan. Rahman teh bentuk aktual asih, nyaah jeung cinta, sedengkeun rahim nyaeta sipat anu aya di hiji jelema atawa Pangeran sorangan. Pangeran Maha Rahman lantaran Mantenna memang mibanda eta sipat. Nya ti dieu kecap ar-Rahman jadi salasahiji asma’ul husna. Sabalikna lamun manusa ngabogaan rahman, umumna lantaran hayang dipuji.

Tina pangartian kasebut ‘Ibadurrahman’ nya eta kawula anu taat, nurut jeung ngawula dina ngajalankeun parentah jeung ngajauhan larangan Pangeran. Bisa oge hartina teh kawula Pangeran anu asih.

Mimiti ayat 63 nepi ka ahir surah al Furqon mangrupa susunan ayat nu nyaritakeun sababaraha karakteristik ‘ibadurrahman. Manusa nu kaasup golongan ‘ibadurrahman, nya eta manusa anu nyokot pangalaman tina kisah manusa samemehna ( ayat 35-44) sarta loba nitenan fenomena alam (43-62) ku dua hal eta bakal kabentuk manusa ‘ibadurrahman.

Sawatara hal kasebut (kisah jeung alam) dijentrekeun deui dina surah as-syura. Hal ini minangka pituduh yen diajar sajarah jeung fenomena alam teh penting sarta bakal ngabentuk karakter ‘ibadurrahman.

Kandungan sababaraha ayat kasebut bisa jadi ukuran, naha urang asup kana golongan eta atawa henteu, sarta manusa anu asup kana golongan eta layak jadi batur hirup anu sajati.

Karakteristik ‘ibadurrahman

Aya sababaraha karakteristik ‘ibadurrahman anu dijelaskeun ku ayat 63 nepi ka rengse:

  1. Leumpang luhureun bumi kalawan lemah lembut. Dina konteks cara leumpang, nabi ngingetkeun sangkan urang leumpangna henteu adigung komo jeung nembongkeun dada iwal ti dina kaayaan perang. Kiwari cukilan ayat ieu bisa dina harti disiplin upamana disiplin lalu lintas kalawan nurut kana hal un tinulis dina rambu-rambu lalu lintas. Leumpang kalawan anca henteu ngebut lamun naek motor.
  2. Salawasna kudu mere respon anu hade saperti imut lamun meunang ucapan un teu pikahartieun, anu diucapkeun ku jalma bodo atawa nu leungit kontrol, nepi ka milampah hal nu teu wajar akibat dorongan nafsu, kapentingan sakeudeung, atawa heureutna pandangan. Bisa oge ku cara ngajauhan jelema bodo sacara hade. Hal ieu kajadian pikeun jalma anu hayang cageur tina bahaya narkoba, tangtu manehna kudu ngajauhan geng atawa komunitasna.
  3. Mun geus peuting ngaaksanakeun ibadahn kalawan tulus demi Pangeran, lain pedah hayang asup surga atawa ngajauhan naraka. Cek kecap sejen mah jelema anu ngabogaan relasi vertikal ka Pangeranna, jadi manehna tangtu bakal taat.
  4. Salawasna prihatin jeung waspada dina nyanghareupan perkara anu bakal narik kana pagawean anu negatif, ngaruksak jeung ngabahayakeun. Jalma anu kitu bakl bisa ningkatkeun amal hade sarta ngajauhan rupa-rupa gogoda. Dua ciri anu kahiji mangrupa karakteristik ‘ibadurrahman sacara sosial-horizontal sedengkeun anu katilu mangrupa karakteristik ‘ibadurrahman sacara vertikal. Jadi ’ibadurrahman nya eta jelema anu sikepna saimbang. Tapi lain hartina manehna boga jaminan pikeun asup ka surga atawa sacara optimis meunang kasempetan asup surga. Manehna kudu tetep ngabogaan kauletan. Hal eta dituduhkeun ku karakter kaopat.
  5. Henteu pedit tapi oge ulah royal teuing. ’ibadurahman mibanda sikep moderat pikeun harta nu dipimilik. Lamun mere henteu ngaliwatan wates kawajaran. Disaluyukeun jeung kondisi anu mere jeung anu menta. Sabalikna oge henteu pedit nya eta mere kurang ti anu diajukeun.
  6. Tauhid sacara murni henteu musrik, boh pikiran, ucapan atawa tindakan.
  7. Tara maehan jiwa anu diharamkeun ku Allah.
  8. Henteu ngalakukeun zinah saperti cicing sakamar jeung anu lain muhrim, gaul tanpa batas, jrrd.
  9. Tetep ngajaga identitas diri jeung kahormatan lingkunganana sarta henteu ngalakukeun sumpah palsu atawa nanggap tindakan anu teu wajar.
  10. Hatena muka pikeun sing saha bae, narima kritikan.
  11. Anu tetap merhatikeun kulawarga jeung masarakat, tah ieu jelema anu pantes jadi tuladan.

Tah sakitu geuning karakteristik ciri atawa sifat-sifat ‘ibadurrahman teh. Naha urang kaasup eta jalma? Sok tingali diri sorangan sacara sewang-sewangan samemeh meunteun batur. Ku sabelas ciri atawa sipat di luhur urang bisa milih batur hirup saperjuangan. Mudah-mudahan aya mangpaatna.

Deherba