Sora
Carpon: Sundhayana
Nu balik janari tina pipir birit peuting, ngalongkewang ngudag padataran lebak, nu ngaplak, nepakeun kahayang kana lalakon nu panjang sesa tina pangalaman. Ngalengkah teh mapay tanjakan nu tarahal tur nanjeur harieum beungeut, ngajeujeuhkeun paneumbleuhan kadeudeuh. Najan kudu kukurusukan dina gerembel saliara nu pajurawet cucuk, teu ieuh ngarasa hanjelu, da puguh jucungna tangtu huluna. Jadi sanajan ceuk nu sejen pamohalan, taya barang kinasihan taya kasieun ka keueung.Naon wae nu bakal kajadian, daek teu daek kudu disanghareupan. Lebah dinya na mah, naon nu teu make risiko, boroning dahar sok kabeureuyan, dalah sare ge risikona teu saeutik. Tina lambaran nu nyesa, malibirkeun kayakinan kana sela-sela kahayang, bari duka kateang duka moal, apan sagala ge cicing dina katangtuan kodo jeung kodar. Teu bisa naon kahayang nu dicalagarakeun ngajanggelek dina angen-angen manteng. Keukeuh we, kangaranan nu disebut mahluk, moal leupas tina susah jeung bungah.Tina gagal jeung hasil.
Nu keur ngingkig, ngalieuk, kagebah ku sora nu nyabet kana ceuli batinna. Lain ukur ngalieuk ketah, sakalian ngarandeg. Malah awakna malik ka tukang kana datangna sora. Tapi aneh taya hiji wujud mahluk nu nimbulkeun sora. Padahal alam teh geus carangcang tihang, geus bisa kasawang nu di handap atawa di awang-awang. Sanggeus luak-lieuk tatanggahan neangn sumber sora, manehna malikan deui lengkah nuluykeun hanca. Karek dua tilu lengkah, geus ngong deui kadenge sora nu tadi. Bisa soteh nangtukeun eta lain sora anyar, pedah boh bobot, boh warna, malah karakter sora the nyeples cara nu mimiti kadenge. Jad najan kaselang ku sora-sora sejen, sora eta mah nu mimiti kadengen basa keur leumpang, asa moal aya nu mapandean. Teuing sora naon atuh? Anehna jaba mibanda ciri mandiri the, sora nu geus dua kali kadenge, asa nyulusup kana kalbu sumerep kana angen, sumarambah kana bayah, nepi ka sakujur awakna karasa ngadegdeg kawas nu nirisan. Eta sababna manehna nepi ka ngarandeg. Lain ku panasaran-panasaran teuing, tapi sukuna ampir hese dilengkahkeun, mun geus ngong sora nu eta.
Didenge henteu, nu kungsi ngadenge sora kitu the, cenah aki. Tapi Aki ge teu ngadongeng ka batur, ukur ka kuring we, malah meh dijieun rasiah diri. Duka aki teu percaya ka nu lian, duka memang apaleun yen isuk jaganing geto, kuring incuna bakal ngalaman ngadenge sora eta. Buktina aki ngan ngabejaan kuring wungkul. Manehna jadi kasiksa, lengkahna mandeg mayong, antara kudu buru-buru balik, jeung nineung hayang ngadengekeun deui sora nu tadi. Nya hatena ngabaruntak kudu nyokot kacindekan. Rek balik, atawa rek ngajengjen ngadago sora? Di dagoan salah, da mun manehna cicing, sora ge repeh. Kakara kadenge deui mun geus ngalengkah dua tilu kali. Teu balik, salah aya nu ngadagoan di imah. Balik, lebar, sieun teu ngadenge deui sora kitu. “Subhanalloh..” biwirna ngagereyem, dituturkeun ku hatena baceo nanya ka saha duka teuing,” Sora naon atuh eta the, mana ngagalindeng, halimpu, jeung ni’mat kadengena. Moal kitu sora geleberna jangjang widadari sawarga mah?” Taya nu bisa ngajawab. Tungtungna nyokot kacindekan. Diteang ka guha na, najan kudu rampung jantung. Asa ngadenge Mundinglaya nu ngudag lalayang salakadomas. Nepi ka kudu tarung jeung guriang. Tapi enya kitu, sora nu endah ngurung saamparan alam, kudu dijagangan ku guriang?
Taki-taki manehna rek lumpat sataker kebek, ngarah sora bisa kadenge rada tarik. Da mun lengkahna laun, sorana ge laun. Kalawan yakin kana nu dipilampahna, Heueup.. manehna ngabelenyeng lumpat ka kulonkeun muru lebah imahna. Enya we sora the jol nongtoreng tarik tapi teu matak ngajelengeng katorekan. Lalaunan ayena mah ngincid bari ngadedengekeun wirahma nu asa mulen dirina. Karasana raga,rasa,nyawa, jeung karsa, dibulen dibaguded, dikarimunan ku wirahma sora halimpu, nu saumur hirup karek kadenge harita. Meunang satumbak, manena ngajengjen deui. Ngarasakeun pangaruh ni’mat tina eta sora. Panasaran bari sakalian haying campur keuheul.. gek diuk dina batu demprak, sidakep sinukutunggal, nutup lawang pancadriya. Ngahuleng ngaraga meneng, museur ka Hyang Manon, madep ka Robbul Ijati. Hiuk angin tiis ngusapan embun-embunan, parat kana rarasaan, ngajengjen lempengan angen, ngalumbuk di juru kalbu. Sapoe dua poe, saminggu dua minggu, sabulan dua bulan, sataun dua taun, sawindu dua windu, sora nu diarep-arep teh lebeng teu kadenge sacenge. Manehna masih keneh sidakep matung ka Hyang Agung, teu nolih angin ngecewih, teu renjag hujan silantang, teu baribin ku moreretna srangenge, teu eungeuh teu geuleuh teu keumeuh ku dibulen hawa peteng poek mongkleng, teu miris ku panyisit tiris. Estu tangoh hayang nyaho naon jeung ti mana jolna. Bongan make nembongan kawas nu hayang diteang , nepi ka poe nu ka lima rebu genep ratus, manehna can cengkat. Tah basa panon poe surup dina poe nu ka lima rebu genep ratus hiji, kakara aya nu datang, mawa bungkusan bodas nu cahaya na mancur gilang-gumilang. Horeng akina nu geus lawas sah ti dunya,” Jalu..ieuh ku aki dipangmawakeun sora nu baheula ku aki dibejakeun tea” Pokna
“Aki..?” Asa teu percaya, tepung dina alam lelembutan, “ Sora tea..Ki?”
“Enya, tah ieu, pek rek dikumaha.”
“Ah ukur hoyong mulen awak ku eta sora, mung kumaha nya pilakueun..? Pokna.
“Naha pangna bias kitu kunaon..”
“Jujur we, Ki. Abdi ngarasa tengtrem, senang, tur reugreug upami nguping eta sora”
“Pedah halimpu? Mawa wirahma? Atawa pedah….”
“Sanes Ki, abdi memang butuh ku eta sora. Lir ngamalir dina awak, marengan getih, nyubadanan renghap. Abdi sanggup neuteup pangreureuhan galeuh,Abdi wani nitih wanci pangbalikan, day akin moal mangprung kapidangdung” Jawabna daria.
“Tah mun kitu, ngan hiji syaratna…”
“Kumaha, Ki, saurkeun, ku abdi ditedunan”
“Ilaing kudu hudang..” Pokna les teu tembong deui.
Lima rebu genep ratus hiji kali, panon poe medal surup, karasana asa karek kamari, awakna pinuh ku kebul jeung lukut. Buuk, janggot, kumis, jeung kukuna, ka halis-halis, paranjang. Lalaunan nu nyenyekel bungkusan sora the, beunta. Kakarek sadar diuk dina batu demprak luhur pasir, ditungguan ciung, disampakeun kerak, dipirig bibis waliwis. Sora nu dicekelna mangrupa eunteung kalangkang raga,jeung rasa. Mun rasa na alus, sora na halimpu. Mun rasa na karadak, sora na rebek. Ngan nu sidik, ti saprak ngadenge eta sora, nepi ka poe ieu windu ka dua dina tuturut lengkahna, asa can manggih deui sora nu kawas kitu.Sora nu hese digambarkeun ku kalimah, hese diguratkeun dina kanvas. Karasana ukur ku wirahma degung lebah lulurung panyambuang Sunan Ambu. Ngan leungeun kaajalian nu bisa newakna. Kitu ge mun kaburu ngalesu kalbu.(Cag.)





