Salaka Edisi Oktober 2009

Undak Usuk Basa

Asuhan Ike Tasrika, S.Pd.

  1. Kecap pagawean

    Ngadenge lemesna nguping/ngadangu
    Larapna dina kalimah: Abdi nguping hayam kongkorongok, dupi akang ngadangu, henteu?

    Paeh lemesna maot/pupus/tilar dunya
    Larapna dina kalimah: Waktos pun aki pupus, abdi sadar yen bakal maot, dupi tuang eyang jumeneng keneh atanapi tos tilar dunya?

    Neang/neangan lemesna ngalayad/milari
    Larapna dina kalimah: Parantos ngalayad ka Dedy? Abdi mah teu acan neang.
    Kamari abdi sareng pun aki, milarian bumi Pa Duyeh.

    Udud lemesna nyesep/ngalelet
    Si Udin keur udud, Mang Dahlan oge nyesep, dupi bapa seneng ngalelet?

    Nyeupah lemesna ngalemar
    Larapna dina kalimah : Bi Amah nyeupah meni ngabulaeh, pun nini oge nuju ngalemar
    Ssjb.

     

  2. Kecap Barang

    Hulu lemesna sirah/mastaka.
    Larapna dina kalimah: Hulu lauk teh ragrag ninggang sirah abdi, saena teu kana mastaka ibu.

    Buuk lemesna rambut
    Larapna dina kalimah: Buuk abdi teu patos hideung sapertos rambut Neng Ati.

    Tarang lemesna taar
    Larapna dina kalimah: Tarang Dadang nongnong sapertos taar Mang Soma.

    Panon lemesna soca
    Larapna dina kalimah: Panon abdi kapireungpeunan,soca pun lanceuk mah teu nanaon.

    Ceuli lemesna cepil
    Larapna dina kalimah: Ceuli abdi mah teu nyeri sapertos cepil akang.

    Irung lemesna pangambun
    Irungna rada kembung dipuji teh, benten sareng pangambung Euceu, tara robih.

    Biwir lemesna lambey
    Biwir abdi rada ableh teu sapertos lambey Teteh ngagondewa.

    Numutkeun pamendak salahsawios inohong Sunda, RH. Hidayat Suryalaga (Mkl.289: 3-6 Taun 2004): nu disebat Undak-Usuk Basa atanapi tatakrama Basa teh nya eta:
    ……tatakrama upami ngayakeun kontak sosial, dina rupi-rupi kaayaan, boh sifatna multi etnis, multi kultur, multi religi, mibanda ciri 4 R, nya eta: Cageur (sehat lahir batin),Bageur (tumut kana hukum; agama, nurani, adat/konvensi, hukum positif/nagara, ngawengku oge pasipatan jujur-amanah), Bener (lempeng tujuan hirupna,panceg iman,mibanda visi,misi, strategi hirup), Pinter (mampuh ngungkulan masalah hirupna). Diwuwuhan ku pasipatan sanesna kayaning:
    • singer = rancage (sumanget gawe/etos kerja)
    • teger = henteu babarian, kuat hate, kuat ku prihatin.
    • panger = panceg hate,pageuh pamadegan, henteu gedag kaanginan.
    • wanter = wani tandang, boga wawanen, beunghar elmu panemu, “percaya diri”
    • cangker = sehat awakna tur tanginas.
    Numutkeun hasil panalungtikan, tatakrama Basa Sunda ngawangun saperti kieu:
    • Ragam Basa hormat (Basa lemes), diwangun ku:
      1. Ragam basa lemes pisan(luhur)
      2. Ragam Basa lemes keur batur
      3. Ragam Basa lemes keur pribadi (sedeng)
      4. Ragam Basa lemes kagok (panengah)
      5. Ragam Basa lemes kampung (dusun)
      6. Ragam Basa lemes budak.
    • Ragam Basa Loma (Akrab, kasar)
      1. Ragam Basa Loma (Akrab, Kasar,Netral)
      2. Ragam Basa Garihal (Kasar pisan, Songong).
    Dina kanyataan sakedik pisan kecap-kecap nu mibanda dalapan tingkat (ragam) Anu kedah apal mah, nya eta ragam 2,3 sareng 7:

    Pola I : A =B=C
    Pola : A sami sareng B ari B sami sareng C

    A
    Basa Loma
    (Akrab, Kasar)
    B
    Basa Lemes keur Pribadi
    (Basa Lemes Sedeng)
    C
    Basa Lemes Keur Batur
    Aya Aya Aya
    Kumaha Kumaha Kumaha
    Iraha Iraha Iraha
    Dimana Dimana Dimana
    Naon Naon Naon
    Kadua Kadua Kadua
    Itu Itu Itu
    Ieu Ieu Ieu
    Tatangga Tatangga Tatangga
    Agama Agama Agama

    Pola II : A# B # C
    (Henteu sami sareng B-B Henteu sami sareng C )

    A
    Basa Loma
    (Akrab, Kasar)
    B
    Basa Lemes keur Pribadi
    (Basa Lemes Sedeng)
    C
    Basa Lemes Keur Batur
    Balik
    Wangsul
    Mulih
    Bawa Bantun Candak
    Beuli Peser Galeuh
    Bisa Tiasa Tiasa
    Boga Gaduh Kagungan
    Dahar Neda Tuang
    Datang Dongkap Sumping
    Denge Kuping Dangu
    Era Isin Lingsem
    Gering Udur Teu damang
    Imah Rorompok Bumi
    Indit Mios Angkat
    Kasakit Paudur Kasawat
    Menta Nyuhunkeun Mundut
    Nitah Ngajurung Miwarang
    Ngomong Sasanggem Sasauran
    Nyaho Terang Uninga
    Poho Hilap Lali
    Sare Mondok Kulem
    Tanya Taros Pariksa
    Tenjo Tingal Tingali
    Pamajikan Pun Bojo Tuang Garwa/geureuha
    Salaki Pun Lanceuk Tuang Raka
    Anak Pun Anak Tuang Putra
    Indung Pun Biang Tuang Ibu
    Bapa Pun Bapa Tuang Rama
    Aki Pun Aki Tuang Eyang pameget
    Nini Pun Nini Tuang Eyang Istri
    Ua Pun Ua Kapirama/kapiibu

    Titenan masing tenget pola diluhur : A#B#C
    A henteu sami sareng B
    B henteu sami sareng C

    Pola III : A#B#C
    (A sami sareng B,ari B henteu sami sareng C )

    A
    Basa Loma
    (Akrab, Kasar)
    B
    Basa Lemes keur Pribadi
    (Basa Lemes Sedeng)
    C
    Basa Lemes Keur Batur
    Baju Raksukan Panganggo
    Irung Irung Pangambung
    Lalajo Lalajo Nongton
    Ngaji Ngaji Ngaos
    Nginum Nginum Ngaleueut
    Puasa Puasa Saum
    Samping Samping Sinjang
    Ulin Ulin Amengan
    sste sste sste

    Pola IV : A#B=C
    (A henteu sami sareng C )

    A
    Basa Loma
    (Akrab, Kasar)
    B
    Basa Lemes keur Pribadi
    (Basa Lemes Sedeng)
    C
    Basa Lemes Keur Batur
    Bungah Bingah Bingah
    Eleh Kawon Kawon
    Kajeun Sawios Sawios
    Kungsi
    Kungsi
    Kantos
    Tepung Tepang Tepang
    sste sste sste

Deherba