Kartu Kredit
Ku: Djodi Prihatna SA
Leumpang muru sakola rurusuhan, geus kabeurangan tuda. Sugan teh rek gancang tepi geuning buktina jauh keneh. Tuda leumpangna jelema nu geus cape gawe peuting. Tapi lain digawe nu lain-lain, ieu mah estuning gawe keur nambahan pangupa jiwa. Bongan gajih teu cukup, jadi weh nyupiran angkot unggal peuting.
Isuk - isuki keneh pisan Dadang geus hudang. Poe Senen manehna kabagean piket di sakola. Guru anyar tea, lamun geus dibere tugas kitu, kitu, kitu, kudu bae ngagugu. Sedengkeun poe Senen tea, piket teh mancen tugas ganda. Iwal ti nyatetkeun guru atawa siswa nu teu hadir, piket guru poe Senen mah milu dina upacara. Siswa nu kabeurangan, eta bagian piket. Siswa nu teu make topi atawa sapatu hideung, atawa atribut sakola sejenna, eta bagian piket keneh pikeun memeresna.
Subuh keneh ge manehna geus hudang. Sanggeus solat, mandi, dahar sahuap dua huap, tuluy bae muru ka jalan. Nungguan angkot nu geus biasa. Ka sakola teh dua kali naek angkot, padahal teu jauh teuing. Ku leumpang ge pira satengah jam geus tepi. Tapi da sukuna geus karacunan ku virus globalisasi jeung modernisasi tea. Embung we kawas baheula, samemeh kawin. Baheula mah lima kilometer teh ngan sakiceup. Ayeuna ? Saratus meter ge kudu bae naek angkot.
Dadang kakara pindah tugas ka dinya. Nu matak soson-soson digawe. Lain neangan pujian. Teu, teu rek kawas batur nu sok pupujieun. Ieu mah ku karumasaan wae. Pindah ka dinya teh meunang hese cape, cek paribasana nepi ka sembah kuriling. Enya, teu sirikna nguriling ka unggal meja di kantor dinas, menta sangkan gancang-gancang pindah. Nu matak lamun ngamomorekeun teh asa piraku.
Karek ge tepi ka rohangan piket guru, tacan diuk-diuk acan. Kring telepon nu digantung deukeut meja ngirining. “Halooo!” Dadang nyekel gagang telepon. “Aya Bu Neneng?” Kadenge ti beulah ditu nyarita bari rada ngagorowok. “Teu acan sumping”, tembal Dadang. “Tabuh sabaraha datangna?” nu nelepon sugal. “Bagian beurang. Engke bae jam 12 nelepon deui”, Dadang rada teugeug nembalanana. Keuheul tuda, nanya bari sugal kitu mah. Boa-boa urang seberang ? Ah, keur naon dipikiran. Lain ka aing ieuh perluna.
Sot manehna neundeun tas dina korsi gigireun meja piket. Bus ka rohang guru, nyatet jadual poe ieu. Bu Neni nu tacan datang teh. Ma’lum imahna rada jauh, ti Rancaekek. Tapi teu kitu geuning babaturanana nu sarua deuih ti Rancaekek mah. Bu Wiwi mah suhud pisan. Malah datangna sok leuwih heula manan guru nu imahna di Bandung.
Kurunyung Ade, tata usaha, nganteurkeun koran. Ku Dadang ditampa tuluy diteundeun dina meja. Ti kajauhan mobil Kapala Sakola datang. Manehna nangtung sakeudeung. Sanggeus Bapa Kapala asup ka rohanganana mah, manehna diuk deui bari nampanan daftar hadir ti barudak. Poe ieu loba nu teu daratang barudak teh. Loba we alesanana mah. Aya kamari hujan tea, aya urusan kulawarga, gering mah geus puguh.
Tacan sajam tatamu mimiti daratang. Aya tukang kaen, natawarkeun bahan seragam. Aya barudak UPI anu rek magang bari ngayakeun panalungtikan ngeunaan program pangajaran. Rada beurang saeutik, tamu ti penerbit aya opatan mah nawarkeun buku keur taun pangajaran anyar.
Keur anteng ngobrol jeung Masna ti penerbit buku, geus kring deui sora telepon. Manehna gagancangan muru. “Kumaha Bu Neneng teh geus datang?” cek ti peuntas ditu. “Karek ge sajam, Pa. Engke atuh, apan tadi geus dibejaan?” tembal Dadang. “Cing pilari, meureun aya di kelas!” sora ti peuntas ditu, sari-sari nu nitah. “Har, apan teu aya, cek kuring ge!” “Tos, tong loba carita. Teangan, da tadi aya nu ngabejaan cenah geus datang!” cek sora eta keneh.
Dadang keuheul, ambek, asa diteungteuinganan. “Ku naon di dinya mani keukeuh-keukeuh teuing nanyakeun Bu Neneng?” “Naha bisa dipastikeun di dinya teu ngabohong?” malik nanya. “Datang bae ka dieu ari teu percaya mah!” bari gagang telepon ditutup satengah dibeubeutkeun.
Dadang memang bener-bener teu nyaho dimana ayana Bu Neneng. Tapi lain hartina manehna teu nyaho kana pasualan nu tumiba ka diri Bu Neneng. Atawa pasualan guru-guru sejen. Loba diantara guru di sakolana nu ngabogaan kartu kredit. Tapi karereanana salah dina ngamangpaatkeunana. Ari mimitina mah asa resep boga kartu kredit teh. Teu kapikir yen boga kartu kredit, sanajan ngan hiji, eta hartina nyieun cukang pikeun ngahutang. Tah ku lantaran mibanda kartu kredit teh sarua jeung ngabogaan duit, sabenerna mah boga calon hutang, ahirna loba guru nu kaberegod ku hutang nu beuki dieu beuki numpuk.
Ari mimitina mah asa ngeunah bae ngalunasan teh. Pira 5 persen tina jumlah hutang bisa dibayar heula. Tuluy bae nambahan. Ayeuna, sanggeus teu bisa ngalunasan, bank nanagih make jasa kolektor. Sedengkeun kolektor tea nu lolobana urang seberang, dina nyaritana garihal, deukeut-deukeut kana telenges. Saperti nu kaalaman ku Dadang tadi.
Dadang istigfar. Teu lila Bu Neneng nu ditunggu-tunggu teh datang. “Bu, tadi aya telepon nu naroskeun Ibu. Kacida kasarna….” Cek Dadang. Tacan tamat manehna nyarita, kirining deui telepon kasebelan teh disada. “Haloo, oh sanes. Abdi mah Bu Wiwi. Teu acan, teu acan sumping Bu Neneng mah”, cek Bu Neneng. Telepon ditutup deui kalayan anca.
Sakedapan Dadang ngajenghok. Teu nyangka Bu Neneng rek nyarita kitu. Paingan atuh anu nanagih tadi nanyana sugal. Da pasti nyangka Dadang ngabohong ngeunaan Bu Neneng. Padahal nu sabenerna pisan, Bu neneng kakara datang.
Sajam ti harita. Keur anteng nuliskeun sababaraha urang siswa nu menta idin balik, kurunyung jelema jangkung gede pupuntenan. Sopan pisan tadina mah eta jelema teh. Tapi sanggeus dibejaan yen guru nu diteangan ku manehna teu datang, nya eta Pa Sanu, tembong kalakuanana nu goreng. Nyaritana sugal garihal pisan. “Bejakeun ka Pa Sanu, tong munapek jadi jelema teh. Ngan jangji jeung jangji bae, tapi teu ngabukti”, cek eta jelema. “Kieu bae atuh”, tembal Dadang. “Bapa nyieun surat we keur ka Pa Sanu. Da poe ieu mah yakin moal kadieu. Nuju penataran.”
Bari kuraweud eta jelema nyieun surat sacewir, tuluy dibikeun ka Dadang bari keukeuh ditungtungan ku papadon sangkan ditepikeun. “Tong munapek kituh jadi jelema mah. Ngan isuk jeung isuk bae jangjina teh.”
Dadang teu ngajawab, ngan unggeuk wungkul. Tapi jero hatena pinuh ku pikiran nu lain-lain. Antara naha jeung naon, antara bingung jeung linglung. Bingung puguh ge mikiran batur nu kabeulit ku hutang bari dijejeleh. Tapi da meureun kitu kuduna. Bongan saha make boga kartu kredit? Bongan saha teu jeung wiwaha makena, asa atoh padahal gede mamalana? Ah, jeun teuing. Mikiran batur teuing! Awak ge pikiraneun. Batur mah sanajan loba hutang ge loba tetenjoeunana. Enya sugan, matak ngahutang ge sangkan bisa barangbeuli naon-naon nu teu bisa kabeuli ku duit saeutik.
Tapi teu kitu da geuning Pa Iwan mah. Sanajan batur loba anu boga kartu kredit. Sanajan batur loba nu ngahutang ka bank. Sanajan batur loba nganjuk ka koperasi. Tapi Pa Iwan mah tacan kungsi kadenge boga hutang, atawa loba hutang alatan kartu kredit. Malahan dina waktu perpisahan sakola, Pa Subarna kungsi pidato ngeunaan hiji-hijina guru anu teu kabiruyungan ku kartu kredit atawa nginjeum duit ka bank. Nya eta Pa Iwan pisan anu dipuji ku Pa Subarna teh. Guru-guru sejen kacida mujina, tapi disatukangeun mah ngajebengan. Lantaran geus kamashur Pa Iwan teh jelema pedit.
Leupas tina obrolan guru sejen ngeunaan Pa Iwan, hate Dadang mah tetep muji. Da memang kitu kuduna ari hayang salamet tina hutang mah. Kudu ngajauhan kana pijalaneun hutang. Nu penting mah kudu bisa ngadalian kahayang. Kudu aya watesanan, ulah ngalajur napsu. Saperti nginum miras, apan asalna teh tina sagelas? Kitu deui anjuk ngahutang, asalna tina leutik tut saeutik. Lila-lila ratus rebu, juta malah.
Sok inget kana lagu, cek ki burahong tea mah. Lagu naon cenah nu ngeunah jeung lagu naon nu teu ngeunah. Ari heg sanggeus dilenyepan, bet kitu. Pajarkeun teh lagu nu ngeunah mah lagu nganjuk, sedengkeun lagu nu teu ngeunah nyaeta lagu mayar. Beda jeung pamanggih ki burahol nu nyebutkeun yen bodo nu nginjeumkeun teh, tapi leuwih bodo deui anu mulangkeun. Duka atuh.
Waktu beuki nyerelek. Sakeudeung deui sakola rek lekasan. Dadang masih anteng ngumbar panineungananana antara telepon, kartu kredit, jeung kolektor nu tadi datang.*****





