Pamijahan, Pajoangan Syeh Haji Abdul Muhyi Mekarkeun Agama Islam Di Jawa Barat
Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG
Pamijahan teh hiji kampung anu pernahna sisi walungan, anu matak lamun walungan caah eta kampung ge kabanjiran. Nepi ka sababaraha imah kabawa palid. Pamijahan sabenerna puseur kampung, ngarangkep puseur Desa Pamijahan. Baheula mah katelahna Desa Bongas, Kacamatan Bantarkalong, Kabupaten Tasikmalaya.
Di dinya aya makam waliyullah SYEH HAJI ABDUL MUHYI bin SEMBAH LEBE WARTAKUSUMAH. Jenengan ibuna nya eta RADEN AJENG TANGANJIAH.
1. ASAL MUASALNA
Cek salasahiji sumber nu bisa dipercaya Syeh Abdul Muhyi datang ti Kuningan bulan Rabiulawal taun 1109 H (1688 M). Perkara taun kadatanganana bareng jeung ngadegna karajaan Mataram jeung Cirebon. Hubungan kadatanganana tea sawaktu jeung Mataram lantaran aya surat ti Mataram ka Pamijahan ngeunaan kaistimewaan daerah (daerah pasidkah), suratna aya di Kuncen. Sedengkeun nyebarna agama Islam ti Mataram kira-kira taun 1525 Masehi.
Hubunganana kadatanganana sajaman jeung Cirebon (Faletehan/ Gunungjati) lantaran harita di Darma, Kuningan, geus loba jelema anu nganut agama Islam, sedengkeun anu nyebarkeun agama Islam di dinya nya eta Faletehan ti mimiti taun 1527 Masehi. Anu saterusna inyana kamashur make ngaran Sunan Gunung Jati ti mimiti taun 1552 Masehi.
Alur katurunan Syeh Abdul Muhyi ti bapa, nya eta: 1. Ratu Galuh – 2. Ratu Puhun – 3. Kuda Lanjar – 4. Mudik Cikawung Ading – 5. Entol Penengah – 6. Sembah Lebe Wartakusumah – 7. Syeh Haji Abdul Muhyi. Sedengkeun ti indungna mah, nya eta: 1. Baginda Nabi Muhammad SAW – 2. Sayidatina Fatimah – 3. Sayidina Husain – 4. Sayidina Zainal Abidin – 5. Sayidina Syeh Jafar Sidik – 6. Sayidina Syeh Kasim al-Kamil – 7. Sayidina Syeh Isa al-Basri – 8. Sayidina Syeh Ahmad Abu Najii – 9. Sayidina Syeh Ubaidillah – 10. Sayidina Syeh Muhammad – 11. Sayidina Syeh Almy – 12. Sayidina Syeh Ali al-Gayam – 13. Sayidina Syeh Muhammad – 14. Sultan Abdul Fatah Raja India – 15. Sultan Abdul Khan Duddin – 16. Syeh Amir Ahmad Jalaludin – 17. Syeh Jamaludin al-Husen – 18. Syeh Maulana Ibrahim Zainal Akbar – 19. Syeh Maulana Ali Murtadhu – 20. Syeh Maulana Ishak – 21. Syeh Sunan Giri Raden Paku – 22. Syeh Pangeran Laya Atam Sunan Girilaya – 23. Syeh Adipati Wiracandra – 24. Kentot Sambirana – 25. Nyi Raden Ajeng Tanganjiah – 26. Syeh Haji Abdul Muhyi Waliyullah.
Syeh Abdul Muhyi dilahirkeun di Mataram tapi digedekeun di Gresik. Pendidikanana mangsa rumaja utamana mah tolab elmu agama Islam di Gresik jeung Ampel, saterusna dina umur 19 taun inyana pindah ka Kuala di Aceh, salila 8 taun (1088 – 1096 H atawa 1667 – 1675 M). Guruna di Kuala nya eta SYEH ABDULRAUF bin ABDULJABAR bin ABDUL QODIR BAGDAD.
2. NAEK HAJJI
Dina umur 27 taun Abdul Muhyi jeung babaturanana dibawa ku guruna (Syeh Abdul Rauf) ka Bagdad. Di Bagdad kungsi jarah ka makam Syeh Abdul Qodir Jaelani bari neuleuman elmu agama Islam, tuluy diajak ka Makkah al Mukarramah pikeun ngalaksanakeun ibadah hajji.
Waktu rombongan aya di Baitullah, Syeh Abdul Rauf ujug-ujug meunang ilapat yen di antara para santrina bakal aya anu boga kaistimewaan (ayana tanda kawalian). Cek ilapat, samangsa-mangsa eta tanda geus katenjo, Syeh Abdul Rauf kudu gancang-gancang nugaskeun eta santri balik ka Jawa Kulon, bari sakalian neangan GUHA sarta kudu tuluy netep di eta patempatan. Sabenerna eta guha teh urut Syeh Abdul Qodir Jaelani waktu narima ijasah elmu agama Islam ti guruna, nya eta Imam Sanusi.
Wanci asar Syeh Abdul Muhyi jeung babaturanana keur karumpul di Masjidil Haram. Ujug-ujug muncul cahaya anu langsung nyirorot kana beungeut Syeh Abdul Muhyi. Eta kajadian katenjo ku guruna. Mireungeuh eta kajadian, Syeh Abdul Rauf kaget sarta inget kana ilapat anu kungsi katarima. Sanggeus diinget-inget inyana yakin yen eta teh pertanda kawalian anu keur ditunggu-tunggu. Sanajan satadina mah dirasiahkeun.
3. BALIK TI MAKKAH
Sanggeus mireungeuh kajadian anu tumiba ka Syeh Abdul Muhyi, Syeh Abdul Rauf henteu sak deui. Terus ngajak santri-santrina mulang ka Kuala. Barang geus tepi ka Kuala, inyana gancang nyalukan Syekh Abdul Muhyi sarta mere tugas sangkan buru-buru indit ka Gresik bari neangan guha. Lamun eta guha geus kapanggih kudu netep di dinya.
Nampa pancen ti guru, atuh gancang-gancang Syeh Abdul Muhyi balik ka Gresik. Barang tepi ka Gresik inyana nyaritakeun titahan guruna ka indung katut bapana, sakalian menta idin jeung du’a restu pikeun ngalaksanakeun eta papancen. Indung bapana kacida atoheunana, lantaran anakna geus dipercaya ku guruna. Tangtu bae pamenta anakna teh disaluyuan. Kalawan idin jeung pidu’a indung bapa, Syeh Abdul Muhyi indit ninggalkeun Gresik ka kulonkeun, nya anjog ka daerah Darma, Kuningan.
4. DI DARMA
Waktu ngadon reureuh di Darma, Kuningan, inyana ditampa ku urang dinya tuluy ngarobrol. Kabeneran deuih, urang dinya geus rea anu nganut agama Islam. Sarta kataji ku tingkah polah Syeh Abdul Muhyi anu darehdeh, komo sanggeus pada nyaho kana kapinteranana ngeunaan agama Islam. Ku lantaran kitu arinyana menta sangkan Syeh daek cicing di dinya pikeun ngabingbing jeung ngadidik bab agama. Syeh Abdul Muhyi nyumponan eta pameredih, sarta mukim di Darma salila 7 tahun. Indung bapana meunang beja ngeunaan cicingna Syeh di Darma, sedengkeun apan tujuan utamana mah neangan guha di pulo Jawa bagian kulon. Ku lantaran kitu Sembah Lebe Wartakusumah jeung Nyi RA Tanganjiah nyarusul sarta milu cicing di dinya pikeun sawatara waktu.
5. PAMEUNGPEUK Kurang leuwih 7 taun syekh Abdulmuhyi jeung indung bapana bumen-bumen di Darma, Kuningan. Ari geus nepi kana waktuna mah inyana pamit ka penduduk pikeun nuluykeun lalampahanana dina raraga ngalaksanakeun tugas ti guruna. Ti Darma ngajugjug daerah pakidulan, nya anjog ka Pameungpeuk, Garut Kidul. Di dinya ngadon reureuh salila 2 taun. Nya di wilayah Pameungpeuk bapana nya eta Sembah Lebe Wartakusumah, pupus sarta dimakamkeun di kampung Dukuh di sisi walungan Cikaengan.
6. LEBAKSIUH
Ti Pameungpeuk Syeh Abdul Muhyi jeung indungna nya eta Nyi RA Tanganjiah ngajugjug ka Lebaksiuh. Di kampung Batuwangi samemeh tepi ka Lebaksiuh diandeg ku penduduk, malahan marenta sangkan Syeh Abdul Muhyi sareng RA Tanganjiah nganjrek di dinya. Kalawan sababaraha tinimbangan, pameredih ti masarakat dicumponan. Lilana di Batuwangi henteu aya katerangan anu pasti. Ti dinya Syeh Abdul Muhyi neruskeun lalampahanana, nya anjog ka Lebaksiuh sarta tumetep salila 4 taun.
Waktu aya di Lebaksiuh kungsi meunang gangguan ti agama sejen. Tapi henteu nimbulkeun masalah atawa karugian malahan agama Islam leuwih nyebar. Gangguan anu kungsi kaalaman ku inyana nya eta waktu didatangan ku 2 jelema, tokoh agama sejen, nu ngaran Embah Ibra jeung Embah Asmun.
Waktu maranehna datang Syeh Abdul Muhyi keur solat. Harita teh keur sujud. Kaayaan sarupa kitu (sujud) dianggap nguntungkeun pikeun maranehna lantaran musuh keur nukangan. Salasaurang Embah rek nyerang ti tukang (duka neunggeul atawa najong). Tapi aheng pisan, bisa jadi mujizat ti Pangeran, sang Embah teu hasil maksud. Malahan leungeun jeung sukuna teu bisa oyag.

Sanggeus inyana rengse solat, Syeh Abdul Muhyi kaget waktu ngalieuk ka tukang, aya jelema tukangeunana anu leungeun jeung sukuna kaangkat ka luhur. “Kunaon eta panangan jeung sampean teh, dulur?” saurna.
Si Embah ngajawab terus terang naon anu rek dipigawena tadi, sarta menta dihampura jeung menta sangkan bisa cageur deui. Syeh Abdul Muhyi nyuhunkeun ka Gusti Nu Maha Murah sangkan Embah dibere ampun jeung cageur deui. Dadak sakala sang Embah cageur. Hanjakal pisan, sanggeus cageur manehna lain nganuhunkeun, tapi nembongkeun rasa takabur. Embah nu hiji deui malahan nyabut bedogna rek maehan Syeh Abdul Muhyi.
Tapi naon anu kajadian? Bedog teh manjangan, terus manjangan teu eureun-eureun. Tepi ka ukuran kakuatan leungeunna beak eta bedog masih terus manjangan, bari teu kaluar tina sarungna. Teu bisa diasupkeun saperti ukuran bedog nu lumrah, malahan leungeunna oge napel dina peurah bedog.
Ku ayana dua kajadian tadi, Syekh Abdul Muhyi nanya ka maranehanana: “Naha aranjeun masih nurutkeun nafsu amarah, atawa rek ngalaksanakeun pituduh ti kuring?”
Lantaran geus teu sanggup deui ngalawan, jeung sadar kana kasalahanana, maranehna serah bongkokan sarta jangji rek tumut kana piwejang Syekh Abdul Muhyi. Malahan eta Embah sakalian jeung anak buahna arasup agama Islam. Eta salasahiji kajadian waktu anjeunna aya di Lebaksiuh.
Sangkan leuwih tengtrem ngalaksanakeun ibadah, inyana terus-terusan neangan tempat nu dianggap leuwih ayem jeung teu petot-petot ngadu’a sangkan guha nu diteanganana gancang kapanggih. Henteu sabaraha lilana Syeh Abdul Muhyi nepi ka hiji lengkob, sarta manggihan hiji guha anu ciri-cirina saluyu jeung pituduh guruna. Eta lengkoban dingaranan MUJARRAD nu hartina tempat nyirnakeun manah.
Teu jauh ti dinya, beulah wetan, diwangun hiji kampung anu dingaranan SAFARWADI anu hartina jalan luhureun jungkrang. Eta kampung kiwari disebut PAMIJAHAN.
Naha bet disebut Pamijahan?
Sabab eta kampung mindeng didatangan ku jalma-jalma pikeun jarah ka makam Syekh H. Abdul Muhyi Waliyullah. Ku reana jelema nu datang dina waktu anu sarua, kaayaan di dinya teu beda jeung di balong saperti dina waktu lauk rek ngarendog nu sok disebut mijah (mijah teh sesebutan pikeun lauk anu rek ngendog, pagaliwota di balong atawa situ). Jadi harti Pamijahan teh nya eta tempat lauk rek ngarendog lain “Pamujaan”. Palebah dieu jentre tur eces, yen pasti urang dinya bakal nampik lamun aya di antara tatamu nu ngahartikeun kecap Pamijahan ku harti Pamujaan. Hadena mah para tatamu nu daratang ngan pikeun ngalaksanakeun jarah dumasar tuntunan agama Islam.
Sababaraha hal anu nuduhkeun punjulna Syeh Abdul Muhyi ti manusa biasa, di antarana: kajadian di Lebaksiuh nyanghareupan Embah Ibra, datang ka Pamijahan dina umur 40 taun, mingpin Pamijahan lilana 40 taun, datang ka Pamijahan dina bulan Rabiulawal, pupusna oge bulan Rabiulawal.
Hal ieu dianggap luarbiasa, beda ti manusa. Dilahirkeun taun 1069 H atawa 1648 M, cunduk ka Pamijahan taun 1109 H atawa 1688 M, pupus taun 1149 H atawa 1728 M. Memang teu kapaluruh iraha ibuna pupus, iwal ti nu pada terang teh ibuna oge dimakamkeun kurang leuwih 200 meter kiduleun kampung Pamijahan, sedengkeun Syeh Abdul Muhyi dimakamkeun palebah kaler-kulon kampung Pamijahan, sisi walungan Cipamijahan.
7. MEKARKEUN AGAMA ISLAM
Inyana beunang disebutkeun seniman, nu matak cara mekarkeun elmu agama Islam make cara kasenian, diantarana: 1. Ngajarkeun maca al Qur’an ku jalan dihariringkeun, 2. Ngajarkeun du’a-du’a make istilah mantra atawa jampe.
Carana: Sanggeus rengse pagawean, inyana maca al Qur’an ku jalan dihariringkeun luyu jeung seni bacana. Ngareungeu kaendahan seni baca al Qur’an sarupa kitu pasti loba nu kataji, ahirna rea nu datang hayang diajar maca al Qur’an.

Pikeun nyumponan pamenta nu daratang teh inyana henteu langsung mere pangajaran maca tapi nyontoan ngalagukeunana, geus kitu dipapatahan cara atawa saratna nyekel, mawa jeung maca al Qur’an. Anu dimaksud nya eta maca sahadat, wudhu, jsb. Kalawan harepan bisa mawa maranehna sangkan nganut agama Islam.
Ku jalan mantra: para patani dibere du’a, sangkan hasil tatanenna leuwih mucekil. Ka seniman inyana mere du’a pikeun kakuatan awak sabab mangsa harita lamun aya pentas seni, sok diteruskeun kana adu kakuatan. Harita mah anggota grup kasenian teh lolobana masih ngora.
Satahap-satahap ku inyana diajarkeun, kayaning ngeunaan kautamaan maca al Qur’an nu bisa nimbulkeun katenangan, kasucian rasa kerna Allah. Leuwihna ti eta maca al Qur’an teh kauntunganana bakal manglipet-lipet. Tangtu bae teu matak heran lamun penduduk mindeng pisan datang menta diajar maca al Qur’an.
8. PALAPUTRANA
Nurutkeun sarsilah, pala putrana teh aya 18 urang ti 4 istri, nya eta ti:
- Sembah Ayu Bahta: Syeh Abdullah, Dalem Bojong, Syeh Faqih Ibrahim, Nyi Madya Kusumah (istri Syeh Najmudin, Lengkong Kuningan)
- Sembah Ayu Fatimah: Syeh Kiai Nadzar, Syeh Atam, Nyi R. Usim, Nyi R. Arunah, Nyi R. Hatisah
- Sembah Ayu Salamah: Kiai Bagus Muhammad, Ny. R. Siti, Ny. R. Ajeng (istri Syeh Abdul Wajah)
- Sembah Ayu Winangun: Nyi.R. Candra, Ny.R. Ajeng Enur, N.R. Jabaniah, N.R. Ajeng Nidor, R. Bagus Atim, R. Ali Akbar.
9. HAL-HAL PENTING
a. Kabudayaan asli.
Hateup imah ngawangun sadel nyodor ti wetan ka kulon, maksudna ngajak penduduk sangkan ngiblat babarengan ka Allah SWT. Ti mimiti urang asup ngaliwatan gapura geus aya larangan : teu meunang ngaroko, naek sapeda, motor, jsb. Asup ka makam teu meunang make sapatu, sendal, topi, payung (iwal lamun hujan).
Naon sababnya teu meunang ngaroko?
Nurutkeun katerangan, Syeh Abdul Muhyi baheula kuat pisan kana ngaroko. Memang cek salasahiji sumber inyana resep ngaroko. Tapi sanggeus aya kajadian balukar tina roko, ti wangkid harita Syeh Abdul Muhyi eureun ngaroko. Pala putrana jeung incu-buyutna oge diwagel ngaroko deukeut anjeunna. (ulah nepika kacium bauna). Tangtu aya alesanana jeung aya hikmahna.
Ku ayana larangan ngaroko, para penduduk nyieun wates ngaroko ti sababaraha juru. Sanggeus Syeh pupus wates larangan ngaroko teh ngalegaan pikeun ngahormat kana jasa-jasana. Lantaran samemeh anjeunna pupus mah wates larangan ngaroko teh ngan sabudeureun kampung Pamijahan, henteu lega kawas ayeuna. Tina eta larangan ku urang bisa dicokot hikmahna mangrupa kacindekan yen ngeunaan pagawean anu makruh geus dilarang komo deui anu haram.
b. Tatatertib namu ka Pamijahan:
Umumna tatamu wajib lapor ka pos hansip di lawang gapura, geus kitu kudu daftar ka kuncen, jarah kudu nurutkeun pituduh kuncen, waktu jarah dipiharep make pakean muslim sakurang-kurangna make pakean anu sopan, sanggeus jarah wajib namu ka guha Safarwadi, kitu deui ka makam Syeh Khotib Muwahid di Panyalahan.
Tamu kudu nyaluyukeun diri jeung katangtuan nu aya di sabudeureun tempat jarah Pamijahan utamana masalah kaamanan, katartiban, kaberesihan jeung kaendahan di makam Pamijahan, Panyalahan, Bengkok, R. Yudanagara Pandawa, kaasup di guha. Dipiharep tamu henteu curat-coret kana wawangunan nu aya di dinya (makam, tembok jeung jalan). Lamun rek mulang kudu pamit heula ka kuncen. Lilana jarah paling lila 3 poe.

Urutan Panembahan Pamijahan:
- Sembah imam Waji bin Siti Madya Kusumah binti Syekh H. Abdul Muhyi
- Eyang H. Adam
- Eyang H. Na’iim
- Eyang H. Amsar
- RH Abdul Rahman bin R. Yudamanggala (Camat Karang) bin R. Wirayudha (Wadana Karang) kira-kira taun 1800 M.
- RH Abdul Mumin bin RH Abdul Rahman
- Eyang H Lamri
- RB Abdullah
- RH Abdullah Shaleh bin RH Abdullah
- RH Muhammad Shaleh
- H. Muhammad Qasim
- M. Syukruddin
Ti mimiti panembahan H. Muhammad Qasim sesebutan panembahan diganti jadi kuncen. Ngeunaan identitas panembahan kasebut di luhur anu lengkep ngan saurang, nya eta RH Abdul Rahman (Panembahan ka-5) saperti di handap ieu:
RH Abdul Rahman lahir di Lebaksiuh 1257 H (1836 M) wafat di Pamijahan 19-04-1341 H (1920 M). Diangkat jadi khalifah (wakil Imam Panembahan) Pamijahan dumasar surat pangangkatan ti Bupati Sukapura tanggal 26 Syaban 1304 H (1884 M). Dicap jeung ditanda ku Regent van Soekapoera (Bupati Sukapura) nya eta R. TG. Wiraadiningrat. Ku kituna inyana jadi panembahan salila 37 taun ti mimiti 1304 nepi ka 1341 H. Dina mangsa kapamingpinan RH Abdulrahman dijieunna benteng makam Syeh Abdul Muhyi anu dimimitian poe Kemis tanggal 09-04-1314 H, anggeus poe Salasa tanggal 12-06-1414 H. Tapi anu tinulis dina papan paringetan luhureun panto makam mah tanggalna teh 14-07-1314 H. Ari ngeunaan miara, mulasara jeung ngarombak wangun katut model dipigawe ku panembahan saterusna, leuwih-leuwih dina mangsa kapamingpinan bapa kuncen H. Muhammad Qasim rea parobahan jeung inovasi nu disaluyukeun jeung kaayaan jaman.
Bukti titinggal Syeh Abdul Muhyi nu masih keneh aya, di antarana: kopeah hajji, baju kurung, jubah, bedog. Barang-barang kasebut aya di Kuncen sanajan anjuran ti pamarentah sangkan eta barang teh dibikeun ka musium, tapi nepi ka kiwari tacan aya pelaksanaanana.
Aturan jarah di jero makam, di antarana: Asup ka rohangan makam sabada wudhu, ngalaksanakeun jarah nurutkeun pituduh nu nganteur sanggeus rengse ka luar ka tempat sejen lamun rek ngayakeun kagiatan sejen saperti maca al Qur’an. Ngeunaan amalan nu luyu jeung agama Islam ngan husus pikeun jarah kahiji. Rohangan pikeun wanoja husus di beulah wetan ti kubah make rohangan husus nu katutup minangka kaamanan pikeun wanoja. Mushola aya kalereun kubah. Rohangan sejenna keur lalaki salila aya di makam pikeun ngalaksanakeun amalan, utamana ngalobaan maca al Qur’an. Teu meunang dahar jeung masak di sabudeureun makam, iwal ti anu gering atawa telat dahar ngan meunang dahar kueh-kueh. Amankeun barang anu dibawa, utamana barang nu hargaan, ulah nepi ka aya kajadian anu teu dipiharep.
10. HUBUNGAN SYEH ABDUL MUHYI JEUNG MAKAM DI PAMIJAHAN
Hubungan Syeh Abdul Muhyi jeung makam-makam anu aya di Pamijahan saperti makam:
- Bengkok: nu dimaksud makam Bengkok, nya eta makam Sembah Dalem Sacaparana, mitoha Syeh Abdul Muhyi.
- Kidul: R. Yudanagara I, nya eta lanceuk beuteungna, sabab R. Ajeng Halimah (Ayu Salamah) teh dulur R. Yudanagara I.
Ringkesna sarsilah kieu:
Rd. Adipati Wirawangsa (Wiradadaha I) Bupati Sukapura tahun 1632 M kagungan putra R. Jayamanggala (Wiradadaha II), Bupati Sukapura, Pasirhuni. R. Jaya Manggala kagungan putra R. Tumenggung Anggadipa (Wiradadaha III), Bupati Sukapura nu kamashur jenengan Dalem Sawidak.
Dalem Wiradadaha III kagungan putra 62 urang, diantawisna:- R. Subamanggala (Wiradadaha IV), Dalem Pamijahan, makamna di beulah wetaneun makam Syeh H. Abdul Muhyi, nu make payung.
- R. Yudanagara I, Patih Sukapura, makamna kiduleun Pamijahan anu disebut makam Kidul, padeukeut jeung makam R. Ajeng Tanganjiah (ibuna Syeh Abdul Muhyi) leuwih kurang 200 m ti kampung Pamijahan.
- R. Dalem Abdul, ahli tatanen anu ngamimitian ngayakeun tanah kaprabon
- Ny.Rd. Ajeng Halimah (Ayu Salamah) istri Syekh H. Abdul Muhyi.
11. ASAL MULA KAMPUNG PANYALAHAN
Jaman baheula di hiji tempat aya dua jelema, lalaki jeung awewe, anu geus rumah tangga. Maranehna teh estu balageur pisan. Maranehna boga sato piaraan anu rea, diantarana aya hiji maung anu geus lindeuk lantaran dipiara ti leuleutik keneh. Kabagjaan maranehna leuwih-leuwih sanggeus boga budak anu montok tur mulus. Kahirupan eta kulawarga sapopoena tatanen. Jadi teu aneh lamun unggal poe henteu aya di imah, sedengkeun bayina henteu dibawa, mimindengna ditinggalkeun bae, dijaga ku maung tea.

Mangpoe-poe, ganti minggu jeung bulan tara aya kajadian nanaon. Tapi dina hiji poe aya kajadian anu pikasediheun. Waktu balik ti huma maranehna dibageakeun ku maung anu nembongkeun rasa suka. Eta maung ngulang-ngulangkeun buntut bari ngagosok-gosokkeun awak ka dununganana. Mireungeuh kalakuan maung kitu, beda ti sasari, tangtu bae bakal nimbulkeun tanda tanya. “Aya kajadian naon, yeuh?” Waktu keur malikiran hal eta, maranehna nenjo dina biwir maung teh loba getih, geus teu sak deui tangtu budak kameumeutna geus dipergasa.
Harita keneh bapa bayi ngambek, tuluy nyarita “Sato anu teu nyaho males budi! Ti leuleutik dipiara, ayeuna sia males ku kajahatan. Tega sia maehan anak aing!” Awahing ku ambek manehna nyabut bedog tuluy disabetkeun kana beuheung maung tea. “Tarima hukumanana, hutang getih bayar getih !” Bari ceurik kanyenyerian pamajikanana asup ka imah dituturkeun ku salakina, rek nempo kaayaan budakna, sanggeus najong bangke maung.
Tapi naon anu ku maranehna katempo di jero imah? Bayina keur sare dina ayunan teu usik-usik. Tuluy dicabak dadana, karasa masih haneut. Panyangka maranehna, pasti bayi teh tacan lila maotna. Dioyag-oyagkeun awakna, bayi teh hudang kagareuwahkeun. Panonna lalaunan beunta, terusna mah imut manis.
Geuning bayi teh masih hirup! Leuwihna ti eta, maranehna nempo bangke oray mani gede, lamokot ku getih deukeut ayunan. Ayeuna maranehna ngarti tur sadar yen maung piaraanana teh nyatana geus nyalametkeun anakna tina bahaya dibeulit oray. Getih anu ngalembereh dina biwir maung teh singhoreng getih oray nu geus dipaehan ku maung samemeh rek ngabeulit budak. Maranehna kacida ngarasa kaduhung geus maehan maung anu sakitu gede jasana.
Ieu kajadian teh akibat salah sangka, anu dina basa Sunda disebutna nyalahan. Pikeun paringetan eta kajadian, tempat maranehna sanggeus maotna maung piaraan teh disebut Panyalahan, hartina tempat maranehna nyieun kasalahan. Eta patempatan beuki loba nu ngadatangan nepi ka robah jadi kampung anu maju tur endah sarta pendudukna ngalaksanakeun Tibmantra (katartiban, kaamanan, kasejahtraan).
Kitu asal mulana kampung PANYALAHAN anu tangtu kiwari moal kajadian saperti anu kaalaman ku eta kulawarga. Cek para sesepuh kampung “Lantaran dipaehanana maung anu teu tuah teu dosa, ayeuna mah pakarang naon bae moal bisa maehan maung”.

Anapon kitu sesepuh di eta kampung henteu daekeun nyebut Panyalahan, tapi Pamasalahan. Demi sababna, di eta kampung aya dua kajadian. Kajadian anu kahiji anu geus dicaritakeun di luhur. Anu kadua kajadian di guha Safarwadi. Eta guha karamat teh sabenerna tempat pikeun para wali nyawalakeun pamasalahan atawa pasualan. Sedengkeun eta guha ayana di daerah Panyalahan.
Dua katerangan anu beda teh duanana bisa ditarima ku akal. Katerangan kahiji ngeunaan tempat nyieun kasalahan (salah sangka), katerangan kadua tempat para wali ngayakeun musawarah pikeun memeres masalah ngeunaan agama di guha Safarwadi.
Nyawang sipat tina dua kajadian bisa ditarik kacindekan yen kajadian kahiji sipatna pribadi, kajadian kadua sipatna umum. Jadi katerangan anu kuat jigana nu kadua nya eta PAMASALAHAN.
(Carita Rakyat Tasikmalaya, dicaritakan deui ku Soepanto, terbitan PT Balai Pustaka, Jakarta 1974, jilid IV)
Sumber:
Sejarah Perjuangan Syekh Haji Abdul Muhyi Mengembangkan Agama Islam di Sekitar Jawa Barat.
Cetakan ke-4, 1997.
Dikumpulkeun jeung disusun ku:
R. Abdullah Apap jeung R. Haji
Abdullah Miftah
Idzin terbit: SKB Pemerintah Desa jeung Kuncen Pamijahan
No. 67/165/KEP/III/1984 jeung No. 01/KC-P/PP/III/1984
Pamijahan, Bantarkalong, Kabupaten Tasikmalaya.





