Salaka Edisi Online

Lomba Tingkat IV Pramuka Pendidikan Luar Biasa di Kuningan

Ku: Hj. Imas Kurniasih, M.Ag-MG.

Kurang leuwih jam 06.30 kuring indit ti komplek Taruna Parahyangan, Ujungberung, Kab. Bandung ka kantor anu pernahna di jalan Cikutra, Bandung. Aya dua alternatip kandaraan nu digunakeun nepi ka kantor Kwartir Daerah Pramuka Provinsi Jawa Barat teh. Nu kahiji make ojeg nepi ka jalan gede, tuluy naek angkot warna pink jurusan Simpang Dago. Pasti eta angkot ngaliwatan jalan Cikutra, patokan eureunna di GOR Citra Arena. Nu kadua, make ojeg langsung tepi ka kantor (lamun keur rusuh jeung kapegat macet). Kabeneran harita keur rusuh, jadi kuring make ojeg tepi ka kantor.

Sanggeus beberes, kuring jeung ajudan Kakwarda (Giri Nugroho), staf Urdal ngarangkep supir (Cecep Dadan) ngajugjug komplek Parmindo di Cibeureum make mobil ajudan ngajemput Pingpinan. Ti dinya ganti mobil kantor nya eta Kijang Inova warna soklat ngora, warna baju pramuka kaluhurna. Tah, perjalanan ka Kuningan dimimitian.

Ngaliwatan jalan Tol tepi ka Cileunyi, dituluykeun liwat Jatinangor, Jatiroke. Tepi ka Cadas Pangeran teh mobil ngeteyep lantaran macet. Teu pati dipikiran macetna jalan, kuring sabatur-batur teu eureun-eureun diskusi ngeunaan Sajarah Pramuka jeung Tekpram.

Rumah Makan Near

Mimiti Sumedang aya anu milu, urang Majalengka, kak Adam, anu kalungguhanana Pb. Andalan Urs. Wilayah di Kwarda Jabar. Ti barang mimiti indit oge sabenerna mah geus ngontakan bae ka ajudan. Palebah rumah makan Near di Majalengka rombongan diangkir ku kak Adam ngadon reureuh bari balakecrakan. Singhoreng rumah makan teh kagungan Kak Mali, pingpinan Kwarcab Majalengka.

Dilieuk jam 12.00 pas, dahar tengah poe bari lesehan. Pamandangan endah. Komo deui aya balong mani lega. Suasana estu rileks. Lantaran ciri khas di dinya sop buntut jeung tempe goreng, kabeh pesen anu sarua. Bedana sop buntut Near jeung sop buntut nu ilahar palebah caina anu lada kacida. Enya atuh, da cabena langsung diasupkeun kana sayur sop. Tempe goreng sambel Near bungbuna the rea. Aya cabe, cikur, bawang bodas, uyah, pecin jeung tempe goreng direndos. Pokona mah eta ciri khas Near the maknyos, komo daharna bari gratis mah, hehe…

Lomba Tk. IV PLB

Inditna kuring saparakanca ka Kuningan lantaran ayana kagiatan nu diayakeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat bareng gawe jeung Kwarda Pramuka. Nya eta Lomba Tingkat IV Pramuka Pendidikan Luar Biasa, anu diiluan ku para pramuka luar biasa nu aya di Gudep-gudep PLB sa Jawa Barat.

Kagiatan anu lumangsung 28-30 Juli teh satadina rek dibuka ku Wagub, tapi ku lantaran bapa Wagub aya kagiatan sanesna anu teu tiasa dikantunkeun, nya dibuka ku Kepala Bakorwil Cirebon tabuh 14.00. dina acara Pembukaan salian ti muka LT IV oge dilantik Ulama Peduli Penyandang Cacat. Salasaurang diantarana DR. H. Basri, hiji-hijina doktor di Jawa Barat anu tuna netra.

Miluna kuring kana ieu kagiatan salian ti aktif di majalah Gladian Kwarcab Kota Bandung, jeung di buletin Simpul Erat Kwarda Jabar, oge geus jadi kawajiban kuring salaku Kabag Abdimas-Humas Kwarda Jabar, pikeun ngadokumentasikeun unggal kagiatan nu diayakeun ku Kwarda.

Memang, ieu profesi merelukeun jelema anu sehat kuat lahir jeung batin. Di sagigireun eta oge ayana karesep. Lantaran unggal kagiatan nu diayakeun ku pramuka, umumna diayakeun di alam bebas. Jadi perelu fisik anu sehat jeung karesep (hobi) kana perjalanan anu terkadang merlukeun waktu sapoe jeput malahan nepi ka samingguan. Saperti anu dilaksanakeun ieu, ti tanggal 28 nepi ka 30 Juli kuring kudu jauh ti dulur-dulur di Bandung. Leumpang mimilu anu keur lomba, motretan jeung wawancara. Tah, nya ieu kagiatan sapopoena.

Lantaran geus hobi tea, teu aya deui iwal ti resep jeung resep kuring ngalalana di lembur batur teh. Pagawean ieu mah moal sakumaha, dibandingkeun jeung dulur-dulur kuring pramuka sejen anu nepi ka luar nagri. Saperti anu kaalaman ku kang Bayu naek gunung Mc. Kinley di Alaska. Kuring mah pimanaeun nepi ka dinya. Nu matak ti kajauhan bae, kuring muji ka maranehanana anu geus hasil naek gunung di sababaraha nagara.

Perjalanan mulang teu pati loba nu bisa dicaritakeun. Pamandangan biasa antara Kuningan – Bandung. Mobil loba eureun ngadon neangan dahareun atawa oleh-oleh keur urang Bandung. Nya lolobana nu dibeuli teh tahu Sumedang jeung dodol. Naon deui atuh, nya, Kuningan jeung Bandung mah teu pati geseh kaayaanana. Nu beda teh basa wewengkonna bae meureun. Maklum Kuningan tawa Cirebon mah deukeut ka Jawa Tengah.

Ah, cape, tunduh, lungse, sagala aya. Enya, sakeudeung deui mobil ngaliwatan jalan Tol mulang ka Parmindo. Sakeudeung deui kuring datang ka sarakan. Wilujeng cape lomba wae nya, luuur.*****

Deherba