Seminar Sajarah Jawa Barat
Ku: Hj. Imas Kurniasih, M.Ag-MG.
Seminar sajarah anu munggaran diayakeun dina dekade taun dua rebuan ieu meunang perhatian anu lumayan ti kalangan guru sajarah. Kakara ayeuna nyarahoeun yen karajaan munggaran di Jawa Barat teh Salakanagara lain Tarumanagara, jadi perlu dipikiran kumaha ngaganti buku pangajaran ngeunaan sajarah, utamana sajarah Jawa Barat.
“Bangsa anu luhur nya eta bangsa anu ngahargaan jasa pahlawanna”, kitu kasauran Bung Karno anu nepi ka ayeuna moal bisa dipopohokeun ku sakumna bangsa Indonesia. Kekecapan sejen anu moal bisa kapopohokeun, nya eta “Basa teh ciciren bangsa, leungit basana leungit bangsana”. Indit tina dua ranggeuyan mutiara ieu, Majalah SALAKA Online bareng gawe jeung Museum Negeri Sri Baduga ngayakeun seminar sapoe anu lumangsung tanggal 28 Agustus 2008 jam 08.00 nepi ka 16.00 di Aula Musieum Sribaduga, Jl. BKR 185 kota Bandung, kalawan judul “Sejarah Jawa Barat di Museum Sri Baduga sebagai Sarana Pembelajaran”.
Kalawan sponsor PT Telkom, Fleksi, TELKOMSEL ,Unpas jeung dukungan koran Sunda Mandiri jeung Majalah Gladian seminar dibuka ku Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Prov Jabar, tempatna di Musieum Sri Baduga kalayan peserta 65 urang guru SD, SMP, SMA nu aya di Bandung ditambah sababaraha urang ti Sukabumi jeung Subang. Sedengkeun panitia kurang leuwih 25 urang ti Majalah SALAKA On Line jeung karyawan Musieum, ditambah ku tim Redaksi Majalah Pramuka GLADIAN jeung Kwarda Pramuka Jawa Barat.

Dina sambutanana Bapa Budhiyana nandeskeun perluna regenerasi pikeun sinambungna sejarah jeung budaya hiji bangsa. Nurutkeun panalungtikan kiwari unggal 10 poe aya hiji basa anu leungit. Jade supaya basa teu leungit the kudu aya 3 unsur nu tetep jalan, nya eta pendidikan di sakola-sakola, pamakean sapopoe di imah, jeung sejarah anu salawasna dimumule ku eta bangsa.

Dina ieu kasempetan Pingpinan Umum Majalah SALAKA On Line, Drs. Asep Ijudin ngungkabkeun sajarahna kumaha ieu Majalah bisa terbit. Majalah Salaka On Line diterbitkeun pikeun ngajawab tangtangan jaman, utamana ngajawab pernyataan anu nyebutkeun yen basa Sunda moal lila deui bakal leungit. “Pikeun bukti yen basa Sunda tetep eksis, sim kuring sabatur-batur nerbitkeun ieu majalah. Tapi ku margi di darat mah moal bisa ngahontal ambahan anu leuwih lega, nya majalah ieu diterbitkeunana di langit. Kiwari majalah SALAKA parantos dibuka ku komunitas langkung ti 15000 urang nu aya di 43 nagara di dunya”.
Kapala Musieum Sri Baduga, Bapa Wawan Ridwan,SE,MM dina laporanana ngarasa reueus ku bisa lumangsungna seminar sajarah anu karek ayeuna dilaksanakeun. “Sainget sim kuring tacan kungsi aya seminar sajarah ngeunaan Jawa Barat, nembe ayeuna. Anu kungsi aya teh mung kongres basa Sunda sareng diskusi-diskusi ngeunaan basa Sunda wae.” Ku kituna inyana miharep sangkan para budayawan jeung arkeolog Sunda gawe bareng dina raraga ngumpulkeun bukti-bukti sajarah anu otentik khususna sajarah Sunda.

Teu wudu seminar anu ngan lumangsung sapoe teh rame oge. Lolobana pertanyaan ti para guru sejarah nya eta kumaha carana sangkan pangajaran sajarah dipikaresep ku siswa, anu dijawab ku pemakalah yen guru sajarah kudu bisa nyiptakeun game pikeun sarana PBM sejarah. Anu rada kaget teh, ayana pertanyaan kumaha nepikeunana ka barudak yen singhoreng karajaan munggaran di tanah Sunda teh bet SALAKANAGARA lain Tarumanagara. Sabab nepi ka kiwari buku-buku sejarah nyebutkeun karajaan munggaran teh Tarumanagara.
Ngajawab ieu pertanyaan, ku lantaran bukti geus aya memang sakuduna buku pangajaran diganti, kudu dirombak. Ngan tangtu keur ngaganti buku-buku nu aya perelu dana anu lain saeutik. Jadi pikeun sawatara waktu mah para guru sanajan masih tetep make buku heubeul, tapi sahadena oge nepikeun kanyataan anu sabenerna. Yen bukti sajarah, karajaan SALAKANAGARA nya eta karajaan munggaran di Jawa Barat.

Seminar sejarah Jawa Barat anu kakara ayeuna dilaksanakeun teh diluuhan oge ku Kapala Musieum Asia Afrika, Bapa Isman, anu ti mimiti dibuka nepi ka tuntasna, sapoe jeput, ngiring nyakseni lumangsungna seminar. Nurutkeun rencana seminar ngeunaan sajarah Jawa Barat teh bakal dilaksanakeun oge di kabupaten atawa kota lianna, kari nunggu waktu.*****





