Sisindiran
Ku Djodi Prihatna SA.
- Rarakitan
- Silih Asih
Sapanjang jalan soreang
moal weleh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weleh diakalan
- Piwuruk
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
sing getol neangan elmu
nu guna dunya aherat
- Sesebred
Majar maneh cengkeh koneng
kulit peuteuy dina nyiru
pajar maneh lengkeh konen
kulit beuteung mani nambru
- Silih Asih
- Paparikan
- Silih Asih
Pucuk tiwu akar bangban
Amis mata di susukan
Mun rek milu geuwat dangdan
Cimata geura susutan
- Piwuruk
ka kulah nyiar kapiting
ngocok lobak bobodasna
ulah sok liar tipeuting
osok loba gogodana
- Sesebred
Dulugdugdag dulugdugdag
tumpak motor ka banjaran
nu budug diudag-udag
ku doktor rek diubaran
- Silih Asih
- Wawangsalan
Aya buah nyuhun daun
Matak panas teuing ati
(ganas)
Kembang bodas buah bundeur
(kapal)
Ngaheruk nya pipikiran
(Jeruk)
Teu beunang ditiwu leuweung
Teu beunang dipikasono
(Kaso)
Teu beunang dirangkong kolong
Teu beunang dipikahayang
(hayam)
Teu beunang disupa dulang
Teu beunang dibebenjokeun
(Kejo)
Beulit cinggir simpay tangan
Salamina hamo lali
(ali)
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
(layung)
Bako siksik diseuneuan
Ulah ngan jamedud bae
(udud)
Awi gede pakeun tihang
Nu sombong dipikangewa
(gombong)
Beas ditutuan deui
Iraha atuh nya tepung
(tipung)
Sendok batok digagangan
Geus lawas abdi ngalayung
(gayung)
Untun tipung tambang beas
Laksana kapiduriat
(laksa)
Sekin alus tuturunan
Kaduhung dating pandeuri
(duhung)
Keong leutik saba sawah
Ulah ngan sambutut bae
(tutut)
Gedong ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela
Teu beunang dihurang sawah
teu beunang dipikameumeut
(simeut)
Kendang gede pakauman
dagdigdug rasaning ati
(bedug)
Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri
(puyuh)
Teu puguh monyet hideungna
asa teu puguh tungtungna
(lutung)
Dudukuy panjang gagangna
kunaon bet nguyung bae
(payung)
Wadah minyak tina beling
mun digawe kudu getol
(botol)
Dayeuh mashur loba taleus
kuningan dijieun bokor
(bogor)
Puter gede saba lembur
kuring seja belapati
(japati)
Alun-alun paleuweungan
gagal teh lamun teu jadi
(tegal)
Goreng endog deungeun sangu
wayahna geus kadar diri
(dadar)
Cacangkir wanguna buleud
Masing welas lahir batin
(gelas)
Nyiru gede wadah bangsal
mangka ulah sindir sampir
(tampir)
Sok rajeun ngabuah kawung
curuluk cipanon bijil
(caruluk)
Nyiruan genteng cangkengna
masing mindeng pulang-anting
(papanting)
Nu dikurungan eta wangsalna.





