Pameran Buku Bandung 2008
Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG
Sanajan dina bulan tukang rea panerbit nu geus rek "maot" lantaran naekna harga keretas 2 kali dina salila 3 bulan, ditambah dampak kanaekan BBM nepi ka IKAPI tibabaranting ngajaga kawijakan pabukon nasional kaasup PP No. 2 taun 2008 jeung meulina hak cipta tulisan buku pangajaran beuki ngabeungbeuratan kahirupan anggota IKAPI pikeun ngawangun budaya baca jeung bisnis pabukon nu saimbang, jade karasa liwung jeung nguyung saperti cek papatah "maju keuna, mundur keuna".
Pameran Buku Bandung 2008 mangrupa jawaban ti panerbit nu kagabung kana IKAPI anu tetep teuneung jeung konsisten pikeun ngabina budaya baca masarakat dina raraga ngajaga kualitas peradaban manusa nu berbudaya di tengah kendala jeung kasulitan nu disanghareupan.
Pameran Buku Bandung 2008 anu lumangsung 7 poe, ti mimiti 30 Juli nepi ka 5 Agustus 2008, diresmikeun ku Gubernur Jabar, Drs.H. Ahmad Heryawan di tempat anu biasa, nya eta di Landmark Convention Hall, jalan Braga 129 Bandung.
Ketua Panitia pameran, Rachmat Taufiq Hidayat, ngalaporkeun saperti halna pameran-pameran samemehna, Pameran Buku Bandung 2008 bisa kalaksanakeun lantaran ayana gawe bareng antara IKAPI Jawa Barat jeung Pemda Kota Bandung. Leuwih onjoyna ti eta, pameran ayeuna disokong oge ku Pemda Provinsi Jawa Barat. Ieu pameran diiluan ku 70 pausahaan nu bagerak dina widang panerbit jeung padagang buku, kalawan tema "Buku untuk Peradaban".
Inyana miharep pameran ieu bakal bisa nyuguhkeun rupa-rupa karya intelektual nu mangrupa buku dina raraga ngadorong masarakat kota Bandung khususna sarta masarakat Jawa Barat umumna ngahontal tahap peradaban jeung kabudayaan. Hal eta dilantarankeun yen buku teh milik kamanusaan nu paling luhur ajenna. Dina buku ditulis sajarah kamanusaan, gagasan, agama jeung falsafah hirup, sarta sajarah pangaweruh ti jaman ka jaman. Teu salah deui, buku gede peranna dina mekarkeun sajarah peradaban manusa.

Ketua IKAPI Cabang Jawa Barat, Drs. H. Anwarudin, nandeskeun yen peradaban atawa civilization nyaeta aspek-aspek dina kahirupan manusa nu mibanda kriteria geusan leuwih maju, leuwih lemes, leuwih sopan, leuwih endah, jrrd. Aspek-aspek kasebut aya dina sakabeh aspek kahirupan manusa, anu cek antropolog Clyde Kluckhon disebut cultural universal, atawa aspek kabudayaan nu ngawengku sistem ekonomi, teknologi, kamasarakatan, basa, kasenian, pangaweruh, nepi ka sistem religi.
Salasahiji cara ningkatkeun aspek kahirupan manusa ngaliwatan sistem pangaweruh anu wadahna dina wangun elmu tinulis nu ngaran buku. Jadi buku mangrupa siasat elmu pangaweruh geusan ningkatkeun kualitas sumber daya manusa, nu matak hiji bangsa bakal kaukur kaluhuran peradaban jeung kabudayaanana ngaliwatan eksistensi buku dina kahirupan masarakatna.
Pameran Buku Bandung mangrupa usaha intens IKAPI Jabar geusan terus ningkatkeun kualitas sumber daya manusa di Jawa barat khususna nu bakal mere kontribusi ke SDM Indonesia sacara umum, lantaran ngaliwatan pameran bakal katangen tolak ukur peradaban jeung kabudayan bangsa urang lebah mana titik eksistensina. Buku lain ngan saukur sakadar jandela elmu pangaweruh pikeun manusa, tapi jadi beungeut peradaban manusa dina ngawangun kabudayan adiluhung bangsa. Hartina, usaha pikeun ngaposisikeun buku pikeun manusa berbudaya kudu terus dipigawe. Sala sahiji di antarana ngaliwatan pameran.
Sanajan dina bulan tukang rea panerbit nu geus rek "maot" lantaran naekna harga keretas 2 kali dina salila 3 bulan, ditambah dampak kanaekan BBM nepi ka IKAPI tibabaranting ngajaga kawijakan pabukon nasional kaasup PP No. 2 taun 2008 jeung meulina hak cipta tulisan buku pangajaran beuki ngabeungbeuratan kahirupan anggota IKAPI pikeun ngawangun budaya baca jeung bisnis pabukon nu saimbang, jade karasa liwung jeung nguyung saperti cek papatah "maju keuna, mundur keuna".

Pameran Buku Bandung 2008 mangrupa jawaban ti panerbit nu kagabung kana IKAPI anu tetep teuneung jeung konsisten pikeun ngabina budaya baca masarakat dina raraga ngajaga kualitas peradaban manusa nu berbudaya di tengah kendala jeung kasulitan nu disanghareupan. Sokongan jeung gawe bareng dina usaha anu sajalan jeung visi & misi IKAPI ngawangun "Buku untuk Peradaban" geus dirintis bareng jeung instansi saperti Dinas Pendidikan Kota Bandung jeung Jabar, Pemda Kota Bandung jeung Jabar, Depag Kota Bandung jeung Jabar, Bapusda, Dsparkot Bandung jeung Disbudpar Jabar, Pusat Perbukuan Depdiknas RI, jrrd. Malahan dina waktu anu moal lila bakal dibuka di Sukabumi, nye eta di Cisaat, nu disebut Desa Buku. Di dinya bakal ngadeg perpustakaan jeung tempat-tempat pikeun urang bisa maca buku bari nyawang pAmandangan alam nu endah.
Ketua IKAPI Pusat, Setia Dharma Madjid, ngarahuh yen kiwari buku aya di pasampangan nyanghareupan gempuran teknologi. Tina salasahiji sisi teknologi ningkatkeun kualitas hirup, tapi disisi sejen urang the jiga nu ngawula sarta teu leupas tina teknologi. Luyu jeung tema pameran "Buku untuk peradaban" bakal katitenan naon peran buku dina kahirupan urang jeung naon anu ngancam kana eksistensi buku.
Sakabeh peradaban di dunya dimimitian tina buku. Puncak kajayaan Islam mangsa dinasti Abbasiyah dimimitian ku narjamahkeun buku-buku Yunani kana basa Arab. Pangaruh Helenesia tembong dina pamikiran filsuf Islam saperti Al Kindi, Al Farabi, jeung Ibnu Rusyd. Saterusna bagilir Eropah nu boga hutang budi ka Islam ku jalan narjamahkeun buku-buku elmu pangaweruh tina basa Arab ka basa-basa nu aya di Eropah. Nya dina wangkid ieu pencerahan (renaissance) Eropah dimimitian. Anu matak teu aneh mun Ibnu Rusyd kamashur di Eropah make ngaran Averrous, sarta Ibnu Sina make ngaran Avicena. Sanggeus kapangguhna mesin citak ku Johan Guttenberg taun 1439 di Jerman, nya dimimitian era buku citak saperti anu kiwari. Bareng jeung eta kabudayan Eropah ngawasa dunya nepi ka kiwari.
Frankfurt Book Fair, pameran buku panggedena sadunya nu lumangsung unggal taun, mangrupa warisan Eropah nu geus lumangsung ratusan taun sarta teu bisa dielehkeun nepi ka kiwari. Hal ieu jade bukti yen nu ngawasa buku bakal ngawasa dunya.

Amerika Sarikat nu jade nagara adidaya rakyatna mangrupa gabungan ti rupa-rupa bangsa Eropah nu ngayakeun imigrasi pikeun neangan kahirupan nu leuwih hade. Perpustakaan Konggres di AS panglengkepna di dunya nu eusina koleksi buku nu luhur kualitasna sapanjang jaman. Ieu bukti yen buku pakait jeung peradaban hiji bangsa.
Bareng jeung kamajuan teknologi buku citak boga saingan anyar nya eta e-book. Tapi ieu teu bisa disaruakeun jeung saingan antara kamera analog jeung kamera digital. Kamera analog mah tinggal ngitung waktu, teu kuat ngalawan gempuran kamera digital. Kumaha persaingan antara buku citak jeung e-book? Aya nu ngaramalkeun buku citak ngan kuat nepi ka taun 2010. bareng jeung kampanye ramah lingkungan, kertas pikeun buku kudu dikurangan. Jade taun 2010 kertas ngan digunakeun pikeun ngaberesihan toilet. Tangtu bae ieu analisa the loba nu nyanggah.
Sanajan kumaha bae oge sensasi pikeun mibanda buku dina wangun citakan moal bisa diganti ku wangun e-book, sanajan ngaliwatan telepon selular. Meureun bakal sarua jeung teknologi 3G dina handphone. Duan kamera anu awalna dipikareueus, tapi perkembanganana masih laun. Duka pedah hargana masih mahal, atawa loba anu embung lamun aktivitasna disorot terus.
Kitu deui e-book, peralatanana masih mahal, ngan saeutik anu boga. Lamun pecinta buku kudu maca ngaliwatan komputer atawa laptop, karasa henteu praktis. Piraku urang kudu nyetel heula komputer ngan sakadar hayang maca hiji bagian buku?

Google nu kiwari keur usaha ngarekam sakabeh buku nu aya di dunya, utamana buku nu geus jade public domain. Ieu buku rata-rata anu pangarangna geus maot nepi ka hak ciptana jade milik publik. Sanajan kitu karyana masih relevan nepi ka ayeuna. Contona, The Wealth of Nation karya Adam Smith.
Pikeun buku anu hak ciptana masih aktif, Google ngan ngagelarkeun 20% tina eusi buku. Ku kawijakan ieu moal ngancam industri buku citak. Malahan mah Google ngarekomendasikeun komunitasna pikeun meuli di toko buku. Tapi tangtu bae ieu bisa dianggap ancaman, lamun masarakat ngan mikabutuh informasi nu relevan wungkul, henteu sakabeh eusi buku. Buktina Wikipedia mangkin berjaya, maehan ensiklopedi klasik nu loba jilidna nepi ka ngajajar di lomari saperti Americana jeung Britanica.
Salasahiji tangtangan pikeun eksistensi buku nyaeta televisi. 24 jam televisi asup ka kamar kulawarga tanpa bisa disaring, mana anu saluyujeung pendidikan budak atawa henteu. Karek ge hudang barudak geus nongton televisi. Balik ti sakola, nongton televisi, kitu deui samemeh sare.
Tah, iraha barudak rutin maca buku? Boa-boa buku anu dibaca ngan sawates buku pangajaran anu memang geus diwajibkenu di sakola. Naha euweuh buku sejen? Ku kituna geus wajar lamun urang umajak ka sarerea pikeun ngamasyarakatkeun buku di lingkungan kulawarga, sarta ngurangan aktifitas nongton televisi. Moal aya kabudayaan luhur ku jalan nongton televisi. Pikeun ngamotivasi sangkan barudak gede minatna kana maca, kudu aya alat anu bisa saolah-olah buku bisa ngomong.

Dr. H. Edi Siswadi, M.Si, Pjs Walikota Bandung dina sambutan tinulisna nandeskeun yen buku the sumber informasi, lautan elmu jeung samudera pangaweruh. Ku jalan neuleumanana urang bakal manggihan hal-hal anu anyar, anu bisa wae tacan kungsi terang. Malahan buku the ibarat leuweung pangaweruh tanpa tungtung jeung lautan elmu tanpa sisi. Singsaha anu bisa ngalalana di jerona bakal manggihan mutiara nu luhur ajenna.
Lega pisan makna buku pikeun kahirupan manusa, buku bisa ngawangun kapribadian umat. Ngaliwatan buku kabudayan hiji bangsa bakal kanyahoan. Bisa dipastikeun bangsa jeung masarakat nu cinta buku bakal tandang sabage bangsa anu luhur peradabanana. Tapi sabalikna, waktu masrakat henteu paduli kana buku sarta henteu ngabudayakeun aktifitas maca, pasti bakal jade bangsa "terbelakang", tinggaleun informasi, miskin pangaweruh jeung peradaban.
Pikeun ngajawab eta tangtangan ihtiar IKAPI Jabar jeung panerbit ngaliwatan Pameran Buku Bandung 2008 mangrupa hal anu pantes diapresiasi. Ngaliwatan even pameran rutin ieu IKAPI ngabuktikeun komitmenna geusan milu "mencerdaskan kehidupan bangsa" sakaligus ngasejahterakeun masrakat. Disebut mencerdaskan kehidupan bangsa, lantaran mampuh narik minat jeung rasa cinta masrakat kana buku, komo jeung ku ayana harga nu kahontal, nepi ka saha bae bisa maca buku nu luhur kualitasna kalawan harga nu teu sapira. Disebut ngasejahterakeun, lantaran ngaliwatan strategi promosi nu cocog tur efisien, bisa ngahudangkeun deui bisnis panerbitan buku anu katukang-tukang mah sepi lantaran naekna bahan produksi jeung harga kertas.
DR. H. Ahmad Heryawan, Gubernur Jawa Barat, nandeskeun konci utama pikeun ngungkulan kamiskinan, kabodohan jeung katerbelakangan hiji daerah ngaliwatan pangwangunan pendidikan sacara komprehensif jeung sinambung. Ku kituna dina era kapamingpinan 2008-2013 Gubernur jeung Wagub Jabar ngabogaan komitmen kuat jeung nempatkeun usaha ngaronjatkeun program pangwangunan pendidikan jade prioritas utama pangwangunan daerah, bari tetep nyekel pageuh koridor-koridor anu rasional. Pikeun lengkah awal sacara kongkrit ngaliwatan usaha ningkatkeun proporsi anggaran pendidikan dina APBD 2009 minimal 20%. Lian ti eta Gubernur tetap usaha nyukseskeun program nu geus jalan kaasup implementasi program wajardikdas 9 taun jeung lian-lianna deui.
Sanajan kitu moal rek ngutamakeun kuantitasna tapi dibarengan aspek kualitas, nya eta sajauh mana sistem pendidikan di Jabar bener-bener mampuh nyitak manusa nu takwa, piter tur tarampil, nepi ka mampuh jade sumber daya manusa unggulan. Dina hal ieu tumuwuhna minat maca masraat bener-bener mibanda peranan anu strategis, lantaran ngan di masrakat anu resep maca bakal bisa diwujudkeun masrakat resep diajar, anu ahirna kualitas sumber daya manusa bisa leuwih gancang dironjatkeunana.

Pikeun tumuwuhna minat maca dipibutuh ayana buku anu murah, tapi luhur ajenna ku kituna Gubernur nepikeun apresiasi nu luhur ka kulawarga IKAPI Jabar anu geus mere kontribusi dina pelaksanaan pameran buku. Anu dipiharep jade salasahiji bagian tina upaya mencerdaskan bangsa ngaliwatan ngamasrakatkeun budaya baca sacara bertahap jeung sinambung.
Pameran Buku Bandung 2008 dieusi ku rupa-rupa acara anu dina seuhseuhanana mah ngarojong kana ieu kagiatan. Dimimitian poe kahiji, diantarana: kreasi seni ngahias langlayangan, bedah majalah Percikan Iman, seminar Pemantapan Teknologi Komunikasi pikeun effisiensi dunya usaha. Poe kadua: bedah buku Menggapai Matahari, bedah buku Fikih Ikhtilas, kuis. Poe katilu: lomba ngawarnaan, talk show, bedah buku Sang Juara, kuis, lomba nyanyi barudak. Poe kaopat: kreasi seni TK, bedah buku Catetan Bunda Neno, bedah buku Becoming a Radio Star, kuis. Poe kalima: workshop nulis sastra, talk show, bedah buku Inu Kencana Jatuh Cinta, kuis, bedah buku Dukun Hitam Dukun Putih. Poe kagenep: lomba ngawarnaan, bedah buku The 7 Potential Blasts. Poe katujuh: seminar Penerapan Konsep BCCT, talkshow, lomba model cilik.****





