Salaka Edisi Online

Panjalu

Ku: Djodi Prihatna SA

Panjalu ngaran hiji desa di kacamatan Panjalu, kabupaten Ciamis, provinsi Jawa Barat. Desa Panjalu sakaligus jadi ibukota kecamatan Panjalu. Prasarana jalan ka eta tempat memang hade. Boh nu asalna ti kulon atawa wetan. Ti kulon, utamana ti Bandung ngajugjug Panjalu ngaliwatan desa Ciawi, Panumbangan. Jauhna aya kana 100 km. lamun ti wetan nyaeta ti Cirebon atawa Kuningan ngajgjug Panjalu ngaliwatan Panawangan jeung Kawali jauhna kurang leuwih 30 km.
Luyu jeung lingkungan alam padesan nu ngabogaan kasangtukang sajarah jeung budaya anu cukup narik, Panjalu ngabogaan lingkungan geografis pagunungan anu alus, tengtrem jeung endah. Pendudukna mangrupa masrakat anu agraris. Hal ieu dilantarankeun Panjalu dikurilingan ku pagunungan tur taneuhna subur. Tapi kiwari ku ayana kamajuan dina widang transportasi jeung komunikasi nu dibarengan ku ningkatna kamampuh dina widang pendidikan, orientasi pagawean penduduk mimiti ngeser kana perdagangan, transportasi jeung jasa.

Biasana lingkungan masrakat tradisional embung nyanghareupan resiko dina usaha inovasi geusan meunang kahirupan anu leuwih hade. Tapi masrakat Panjalu mah sabalikna. Kabiasaan pikeun neangan jalan sejen dina hal pagawean di luar tatanen leuwih katara. Ieu bisa katingali tina kamajuan-kamajuan nu geus kahontal ku masrakat di luar tatanen.

Salian ti kamajuan-kamajuan anu geus kahontal aya sababaraha riwayat anu nepi ka ayeuna masih kapimilik ku masyarakat Panjalu. Di handap ieu caritana urang guar.

Situ Lengkong

Nurutkeun sajarah Panjalu, Situ Lengkong teh lain situ alam anu jadi sorangan, tapi jieunan luluhur Panjalu. Baheula, leuwih kurang abad ka-7 Masehi di dinya geus aya karajaan Hindu anu ngaranna Karajaan Panjalu. Raja anu marentah nyaeta Sanghyang Cakradewa. Harita Kangjeng Raja boga kahayang sangkan putra mahkota anu bakal ngaganti kudu ngabogaan elmu anu ampuh jeung sampurna.

Nya putra mahkota nu jenengan Borosngora angkat ka tanah suci sarta tujuanana geus hasil. Nyaeta neuleuman agama Islam. Sanggeus lila mukim di tanah suci, Borosngora balik deui ka Panjalu dibahanan cai zam-zam, anggoan kasultanan jeung kalengkepan perang, sarta ngemban tugas jade Raja Islam sakaligus ngaislamkeun rahayat. Nya anjeunna ngaganti ramana jadi raja sarta make gelar Sanghyang Borosngora.

Ti harita karajaan Panjalu robah tina karajaan Hindu jadi karajaan Islam. Cai Zam-zam nu meunang mawa ti Mekkah dibanjurkeun ka hiji lengkob anu disebut lengkob Pasir Jambu. Caina beuki loba nepi ka jadi situ nu kiwari disebut Situ Lengkong.

Perlengkapan perang saperti pedang, cis jeung pakean kasultanan disimpen di Musium Bumi Alit anu harita mangrupa musium karajaan. Karaton dipindahkeun ti pasir Dayeuh Luhur ka Nusa Gede nu ayana di tengah-tengah situ Lengkong. Jadi harita Situ Lengkong teh ngarupakeun benteng pertahanan karaton Panjalu. Salian ti eta inyana mindahkeun kapatihan nu disebut Hujung Winangun ka belah kulon Nusa Gede sarta nyieun taman jeung kebon jeung tempat rekreasi di Nusa Pakel. Pikeun ngagampangkeun komunikasi dijieun gapura keur asup ka karaton. Gapura nu kahiji diukir sarta dijaga ku gulang-gulang janggotan nu ngaranna Apun Obek. Sedengkeun gapura kadua mangrupa jambatan nu ngahubungkeun Nusa Gede jeung daratan, ayana di beulah kulon nu dikenal ngaranna Cukang Padung. Kiwari eta patempatan disebut kampung Cukang Padung.

Sanggeus Prabu Borosngora pindah ka Jampang kakawasaan dipasrahkeun ka anakna Raden Hariang Kuning, nu satuluyna dibikeun ka adina Raden Hariang Kancana (Embah Panjalu nu dimakamkeun di situ Lengkong) anu nurunkeun raja Panjalu saterusna.

Situ Lengkong anu disebut oge Situ Panjalu mangrupa salasahiji pasesaan karajaan Panjalu anu nepika kiwari masih aya. Sedengkeun barang-barang pusaka anu masih aya mangrupa dolmen, lingga, batu urut singgasana.

Dina Babad Panjalu peti No. 121 koleksi CM Pleyte nu wangunan pupuh diterbitkeun ku Depdikbud Jakarta taun 1982. Eta mangrupa hiji naskah anu nerangkeun ngeunaan karajaan Panjalu, anu ngeceskeun yen salila jadi raja Sanghyang Borosngora teh pamingpin anu rajin sarta sok ngadenge kahayang rahayatna.

Perjalanan sajarah Panjalu dibagi dua, nyaeta Sajarah Panjalu Heubeul mimiti ngadegna karajaan Panjalu nepi ka Panjalu Anyar. Tuluy sajarah Panjalu Anyar ti mimiti asupna agama Islam nepi ka bubarna karajaan Panjalu.

Bumi Alit, Situ Lengkong jeung Upacara Nyangku mangrupa bukti paninggalan sajarah waktu agama Islam asup ka Panjalu. Ti harita di karajaan Panjalu aya parobahan dina tatanan kahirupan nu ngabalukarkeun ngeserna tata ajen sacara lalaunan.

Legana Situ Lengkong 57,95 ha sedengkeun Nusa Gede 9,25 ha. Jadi legana kabeh 67,2 ha. Jerona cai 4-6 meter. Ieu situ luhurna 731 meter luhureun beungeut laut.

Nusa Gede

Di tengah-tengah Situ Lengkong aya nusa atawa pulo nu ngaranna Nusa Gede. Legana 9,25 ha. Cek caritaan mah baheulana ieu nusa teh puseur pamarentahan karajaan Panjalu sarta mangrupa benteng pertahanan. Pikeun nepi ka Nusa Gede kudu make jambatan nu disebut Cukang Padung. Kiwari Nusa Gede jadi leuweung larangan (hutan lindung) diawas ku KSDA (Konservasi Sumber Daya Alam) nu dijerona aya Cagar Budaya handapeun Suaka Peninggalan Sejarah dan Purbakala nu kantorna di Serang. Legana 0,5 ha di jerona aya makam nu nyebarkeun agama Islam nu disebut Mbah Panjalu (Harian Kancana) putra Prabu Borosngora. Di jero leuweung aya 307 tangkal nu dibagi kana 30 jenis.

Nyangku

Nyangku teh upacara adat di Panjalu. Upacara Nyangku, musium Bumi Alit jeung Situ Lengkong pada-pada pakait, tiluanana mangrupa patok sajarah ngeserna kaayaan sajarah Panjalu heubeul ka Panjalu anyar. Upacara Nyangku oge ngarupakeun sesa titinggal raja-raja Panjalu nu nepi ka ayeuna masih aya. Baheula mah ngarupakeun misi anu luhur salah sahiji cara nyebarkeun agama Islam. Biasana dilaksanakeun sataun sakali dina ahir bulan Rabiulawal, dina minggu panungtung poe Senen jeung Jumaah.

Istilah Nyangku asalna tina basa Arab "Yanko" nu hartina beberesih. Jadi upacara ieu teh pikeun ngaberesihan barang-barang pusaka titinggal karuhun Panjalu.

Tujuan upacara pikeun ngarawat barang pusaka sangkan awet make tatacara nu geus jadi tradisi atawa adat. Tapi hakekatna mah ngaberesihan tina sagala hal anu dilarang ku agama. Lian ti eta pikeun paringetan maulud Nabi Muhammad SAW, jeung ngadeukeutkeun babarayaan katurunan Panjalu.

Upacara dilaksanakeun ku para sesepuh, unsur pamarentah desa, instansi nu terkait, LKMD, tokoh masrakat, jeung para kuncen. Jalan upacara dikordinir ku Yayasan Borosngora jeung Desa.

Pikeun persiapan upacara sakabeh kulawarga katurunan Panjalu memeh maulud Nabi jaman baheula mah sok nyadiakeun beas beureum keur bahan sasajen, keur nyieun tumpeng. Beas teh kudu dileupaskeun tina gabahna make leungeun (lain ditutu) ti mimiti tanggal 1 nepika sapoe samemeh upacara. Tuluy katurunan Panjalu ngayakeun ziarah ka makam raja-raja Panjalu sarta mere nyaho ka kuncen luluhur Panjalu.

Geus kitu nyokot cai ti 7 cinyusu: cinyusu Situ Lengkong, Karantenan, Kapunduhan, Cipanjalu, Kubangkelong, Pasanggrahan, Kulah Bongbang Kancana. Upacara nyokot cai dipigawe ku kuncen Bumi Alit atawa patugas nu ditunjuk. Sasajen mangrupa tujuh rupa sasajen ditambah hui, nyaeta: panggang hayam, tumpeng sangu beureum, tumpeng sangu koneng, lauk ti situ Lengkong, sayur daun kelor, endog hayam kampung, rupa-rupa hui. Pikeun inumanana: kopi pait, kopi amis, cai herang, cai teh, cai mawar, cai bajigur, rujak cau. Kalengkepan sejen nu diperlukeun nya eta 9 gayung jeung kasenian Gemyung.

Peuting samemeh upacara diayakeun acara muludan pikeun paringetan babarna kangjeng Nabi Muhammad SAW nu dihadiran ku sesepuh Panjalu jeung masrakat. Acarana: Pamuka; maca ayat suci al Quran diteruskeun tasauf jeung barzanzi; riwayat Nyangku dipapanjeran ku Ketua Yayasan Borosngora; sambutan ti unsur pamarentah daerah, sesepuh Panjalu jeung Disdik Kab.Ciamis; kisah Maulud Nabi; Do'a jeung Panutup. Geus kitu mah kasenian Gemyung manggung sapeuting jeput.

Isukna make pakean adat sesepuh Panjalu katut kulawarga Yayasan Borosngora laleumpang ka Bumi Alit, tempat barang-barang pusaka disimpen. Pupujian dilagukeun jeung solawat Nabi. Barang-barang pusaka nu geus dibungkus make kaen bodas diarak ngajugjug tempat keur ngaberesihan.

Perjalanan dikawal ku peserta upacara adat dipirig musik Gemyung jeung solawat Nabi. Jauhna aya 1 km ka Nusa Gede. Sanggeus tepi ka situ Lengkong dikawal ku 20 parahu diarak ngajugjug wawangunan nu aya di Nusa Gede mangrupa bangku dialasan kasur husus. Barang-barang pusaka teh diteundeun luhureun kasur, hiji-hiji dibukaan bari ditembongkeun ka nu araya sarta riwayatna dipedar ku Ketua Yayasan. Geus kitu mah barang-barang teh diberesihan ku cai tujuh cinyusu tadi make jeruk nipis. Nu pangheulana nya eta pedang Sanghyang Borosngora. Sanggeus diberesihan tuluy diolesan minyak kalapa husus, tuluy dibungkus ku janur sarta dibungkus deui make 7 lapis kaen bodas, make tali tina benang boeh digaringkeun ku haseup menyan geus kitu mah disimpen deui engke di Bumi Alit.

Ngalaksanakeun upacara Nyangku teu salawasna di Nusa Gede, terkadang diayakeun di bale desa atawa alun-alun. Samemeh rombongan datang ka bale desa dijemput make upacara saperti datangna rombongan calon panganten lalaki make raramean. Malahan mah biasana 7 poe samemeh upacara Nyangku sok diayakeun pasar malem.

Barang-barang pusaka anu diberesihan teh nya eta: Pedang sabage senjata pikeun ngabela diri dina syiar Islam, Cis sabage senjata pembela dina syiar Islam, Kujang nu dipake meulah gentong anu nutupan sirah Bongbang Kancana, Keris komando para raja Panjalu minangka tongkat komando, Keris cecekelan para Bupati Panjalu, Pancaworo senjata perang, Bangreng mangrupa senjata perang, Goong leutik keur ngumpulkeun rahayat baheula, sakabeh barang pusaka nu aya di Yayasan Borosngora jeung di masrakat.

 

Bumi Alit

Bumi Alit mangrupa wawangunan tempat nyimpen barang-barang pusaka karajaan ti mimiti ayana karajaan Panjalu nepi ka kiwari. Pernahna teu pati jauh ti Situ Lengkong, deukeut terminal Panjalu. Bumi Alit nyaeta wawangunan leutik di hiji tempat nu ngaranna "Pasucian". Ngaran Pasucian diciptakeun ku anu nyieunna, nya eta Sanghyang Borosngora atawa Syeh Haji Dul Imam, raja Panjalu nu munggaran asup agama Islam.

Bumi Alit atawa Pasucian mimitina mah aya di kampung Buni Sakti, tuluy dipindahkeun ka Desa Panjalu ku Sanghyang Borosngora. Wangunan heubeul masih wangun tradisional, tempatna pinuh lukut nu diwatesan ku batu-batu galede. Pagerna ku waregu. Di tengah-tengah lukut ngadeg Bumi Alit nu ukuranana gede. Baheula dijieunna tina kai, awi jeung ijuk, tihangna jangkung, make bilik sedengkeun hateupna ijuk ngawangun sadel, tungtung hateup mencos ditutup ku kai nu diukir. Di sisi beulah kulon aya panto leutik nu di hareupna aya tetecean tina kai balok gede.

Bumi Alit ayeuna hasil pamugaran taun 1953 nu dilaksanakeun ku warga Panjalu jeung sesepuh nu ngaranna RH Sewaka (alm). Wangunna mangrupa campuran wangun modern jeung masjid baheula nu hateupna susun tilu. Palebah panto aya patung oray dimakutaan sedengkeun di gapura aya patung sirah gajah. Pamiaraan musium Bumi Alit dilakukeun ku pamarentah desa nu dikumpulkeun ti wargi Panjalu diawas ku Disdikkab Ciamis.

Siloka

Ngomong-ngomong ngeunaan siloka, memang jalma baheula mah sagalana sok dibarengan ku siloka (lambang). Contona: Gayung Bungbas nya eta siloka diri manusa saperti kidang. Mun isuk-isuk dieusian dahareun, pasosore bakal kosong sarta bakal menta dieusian deui. Lamun hirup ngan saukur pikeun dahar jeung nginum, moal aya puasna, manusa jadi rampus jeung kosong tanpa harti. Sangkan hirup boga harti, manusa kudu ngagem agama, iman, boga elmu, amal hade jeung amal soleh. Gayung Bungbas bisa pinuh ku cai Zamzam hartina pek eusian diri ku agama (kasucian).

Situ Lengkong nu asalna tina cai zam-zam dijadikeun benteng karaton ngandung siloka. Hartina: taya deui nu nanggel kahirupan nu hade iwal ti kasucian. Nya eta suci di jero hate, suci dina ucap, lampah jeung suci (beresih) dahareun jeung papakean.

Pangalaman Prabu Anom Sanghyang Borosngora waktu masih ngora geus ngawasa rupa-rupa elmu gaib, kanyataanana henteu mampuh ngalawan elmu ajaran Nabi Muhammad nu dipimilik ku Sayidina Ali r.a. Sanggeus eta kajadian muncul papatah Panjalu nu nafasna Islam: "Mangan karna halal, pake karna suci, tekad-ucap-lampah sabeuneure".

Prabu Sanghyang Borosngora ngajadikeun Situ Lengkong keur sumber cai pikeun nginum jeung teu meunang dikotoran. Hartina getih urang Panjalu kudu kawas cai zam-zam, bakatna pinuh ku kasucian, hirup dina suasana kaagamaan. Jenengan Sanghyang Borosngora oge ngandung siloka. Boros nyaeta iwung anu tumuwuh diantara indungna (awi) norobos lapisan taneuh, sesa-sesa leuweung mangrupa tatanan kahirupan baheula tuluy mekar sabage pembaharu, mawa binih tatanan hirup anyar nu leuwih hade jeung leuwih maju. Cag.****

Bacaan: Sejarah kisah Panjalu Dalam Enam Versi dan Ceritera Rakyat: 1. Situ Lengkong, 2. Parabu Borosngora, 3. Maung Panjalu Karya: H. Djadja Sukardja S tahun 2001

Deherba