Salaka Edisi Online

Museum Negeri Sri Baduga, Penting Keur Sarana Pendidikan

Anu daratang ka Museum Sri Baduga satiap taunna aya kana 150.000 urang. Tina jumlah sakitu teh kira-kira 80 % rereana pelajar. Hiji hal anu ngagumbirakeun yen masarakat Bandung hususna, Jawa Barat umumna, utamana di kalangan barudak sakola aya paningkatan ti taun 2006 anu kurang leuwih 138.000 urang. Di luar siswa anu daratang ka Museum, aya kulawarga, mahasiswa, tamu nagara jeung tamu asing. Ningkatna jumlah anu daratang ka museum mangrupa ciciren yen geus aya kasadaran masarakat pikeun ngamangpaatkeun Museum Sri Baduga keur sarana pendidikan.

Taun 1974, wangunan gedong Museum Negeri Sri Baduga mimiti diwangun nyonto kana imah tradisional Jawa Barat mangrupa suhunan panjang jeung imah panggung dihijikeun dina gaya "arsitektur modern". Tanah anu dipake wangunan legana 8415,5 m2. Baheula mah mangrupa areal kantor kawadanaan Tegalega. Ari wangunan Kantor Kawadanaan nepi ka kiwari dilestarikeun sarta di pake jadi ruang kantor.

Tanggal 5 Juni 1980 Museum Negeri Sri Baduga di buka resmi ku Menteri P dan K DR.Daud Yusuf. Anu jadi dasar pamikiran ayana Museum lantaran padumuk Jawa Barat tacan ngabogaan museum anu jadi wadah pikeun ngumpulkeun sarta mintonkeun titinggal sajaran katut budaya Jawa Barat.

Sabada otonomi Daerah taun 2002, ngaran museum dirobah jadi Balai Pengelolaan Museum Negeri Sri Baduga. Ari ngaran Sri Baduga nyutat tina ngaran salah sahiji Raja Sunda di Pakwan Pajajaran anu ngaranna kasebut dina prasasti Batu Tulis Bogor. Nepi ka kiwari Museum Negeri Sri Baduga ngabogaan koleksi nu jumlahna 6.087, ngan henteu kabeh dipidangkan di rohangan pameran tetep, lantaran lega rohangan pameran teu bisa nampung koleksi anu sakitu reana. Eta barang the ditata dina hiji runtuyan ngeunaan sajarah alam jeung budaya Jawa Barat. Ngaliwatan ieu pintonan diharepkeun anu daratang ka museum bisa nambahan pangaweruh disagigireun keur rekreasi.

Koleksi anu dipidangkeun saban poe, disebutna Pameran Tetap. Osok oge dilaksanakeun pameran temporer atawa pameran husus, nyaeta pameran anu midangkeun salah sahiji aspek kabudayaan dumasar kana tema husus kalayan waktuna oge diwatesan, antara saminggu nepi ka sabulan. Biasana dirojong ku acara husus sanu aya patulapatalina jeung widang atikan katut kabudayaan saperti pasanggiri nulis koleksi museum, ngagambar koleksi, saresehan, diskusi jeung sajabana, sarta eta kagiatan the diayakeun saban taun.

Tatar Sunda the mangrupa tatar anu ngabogaan pakaya tan wilangan, boh mangrupa pakaya sasatoan atawa tutuwuhan. Eta pakaya alam di tatar Sunda dipidangkeun di pameran anu pangheulana dipidangkeunana ditata dina diorama ngagambarkeun populasi sasatoan jeung tutuwuhan di Leuweung Sancang, kabupaten Garut.

Oge gambaran ngeunaan wangun dataran Indonesia, dipintonkeun ngaliwatan peta Pletosen Indonesia anu dina eta pintonan di gambarkeun sabagian nusa anu masih keneh ngahiji jeung dataran Asia jeung Australia. Oge natrat alur migrasi sasatoan purba anu sesa-sesana jeung jadi fosil tanduk sarta hulu munding (Babalus Paleo Kerbou). Sesa sato purba anu kiwari masih keneh aya nyaeta Nadak Cula hiji (Rinoceros Sundaicus), di Ujung Kulon Banten. Didieu oge dipintonkeun mangpirang-pirang batu-batuan sarta bahan galian anu nembongkeun kumaha beungharna pakaya anu dipiboga ku tatar Sunda.

Kajadian geologis anu kawilang penting nyaeta Talaga Bandung, kurang leuwih 6000 taun katukang. Harita kawasan kota/Kabupaten Bandung kakeueum ku cai ti Cikapundung Purba alatan kapepet akibat bituna Gunung Tangkuban Parahu. Jerona eta talaga nepi ka 725 meter tina beungeut laut, digambarkeun dina wanda mangrupa maker.

Sajarah Budaya

Tata pameran saterusna nyaeta mintonkeun hasil budaya manusa nu dimimitian ti masngsa prasejarah. Bukti nu pangawalna ngeunaan ayana manusa, nyaeta kanimuna kampak ti daerah Tasikmalaya sarta ti Parigi, Ciamis oge popoitongan laleutik pakakas ti Tangerang. Eta poakakas wangunna basajan pisan, tina batu anu diasah di sabagian sisina digunakeun ku manusa dina moro sasatoan sarta ngumpulkeun kadaharan sarupaning beubeutian jeung bubuahan. Tahapan kahirupan saterusna nyaeta sabada tumetep dihiji pakampungan, sarta dina ieu mangsa manusa geus mikawanoh kahirupan sacara tatanen. Harita geus dihasilkeun pakakas tina batu anu diasah nepi ka seukeut, di basisir kaler Tatar Sunda.

Rasa hormatna ka arwah para luluhur diwujudkeun dina wanda arca anu basajan pisan, sakumaha anu loba kapanggih di kabupaten Bandung. Gambaran ngeunaan kahirupan manusa prasejarah, dipintonkeun fosil tangnkorek anu dirojong ku ayana gambaran prasejarah.

Kahirupan manusa mangsa prasejarah sabada manusa mikawanoh tulisan, anu mimitina mah mangrupa coretan anu ngandung harti titisan. Waktu pangaweruh hindu gumelar dina tatanan kahirupan padumuk di Tatar sunda, tumuwuh sarta mekar tulisan-tulisan anu aksarana aksara Palawa, Sunda Kuno, Jawa kuno. Tulisan-tulisan ieu the dirojong ku basa Sansakerta, Sunda Kunosaera Jawa kuno. Bukti titinggalna nyampak dina prasasti-prasasti. Mekerna pangaruh Hindu nyampak oge dina arca-arca tina mitologi Hindu, diantarana Arca Siwa ti Panaitan. Eta sakumna pakakas nembrakeun kaayaan alam prasejarah nepi ka mangsa sejarah, dipintonkeun di rohang pameran tahap ka hiji.

Dina awal abad ka 16, Islam geus sumebar di Tatar Sunda. Daerah Cirebon sarta Banten mangrupa basis sumebarna. Salah sahiji titinggal masngsa awal Islam nyaeta ayana Bale. Bale the mangrupa tempat maca ayat suci Al Qur'an. Kamekaran Islam henteu salawasna bisa ngarobah tatanan kahirupan padumuk tradisional. Di sawatara daerah di Tatar Sunda , masih keneh aya kelompok padumuk anu masih keneh tumut kana aturan para luluhurna, salah sahiji diantarana nyaeta masyarakat Baduy anu masih keneh ngamangpaatkeun hasil alam sabudeureunana pikeun nedunan kabutuh hirupna.

Dina mangsa colonial Walanda, pangaruh budaya eropa ngabalukarkeun tumuwuhna kelas-kelas dina status social masarakat. Sacara fisik bisa ditalingakeun tina pakean anu dipake ku para Bupati sarta anu dipake ku massarakat umum, pakakas rumah tangga sarta sarana pendidikan formal, nyaeta sakola. Dina mangsa harita oge masyarakat Tatar Sunda ngayakeun gerakan pikeun ngalawan pamarentah colonial. Bukti-buktina nyampak mangrupa pakakas perang, boh nu digunakeun ku kaom lalaki atawa kaom wanoja. Bukti liana nyampak mangrupa foto-foto perjuangan.

Tahap ka dua, oge dipidangkeun koleksi keramik asing minangka bukti geus lumangsungna hubungan antara masrakat Tatar Sunda jeung dunya luar, boh dina widang pulitik, ekonomi jeung social budaya.

Di tahap ka tilu, aya rohangan husus anu mintonkeun mangpirang-pirang imah tradisional anu aya di Tatar Sunda, anu dilengkepan ku pakakas rumah tanggana. Ditata dina wanda diorama, ngagambarkeun suasana rohangan anu aya di imah saperti rohangan tamu, rohangan dapur jeung sajabana.

Di rohangan lain, dipintonkeun pakakas kasenian ti mimiti anu basajan dijieun tina awi, kai oge tina logam. Hasil seni Kriyta mangrupa ukiran, lukisan kaca, lukisan kanvas karya seniman-seniman Tatar Sunda. Kopleksi sejenna nyaeta pakakas teknologi, pakakas kamasan, parungu (gangsa), gerabah (anjun), anyam sarta batik. Tata pameran dipungkas ku pintonan pakean panganten tradisional ti lima daerah di Tatar Sunda.

Museum Negeri Sri Baduga bukana unggal poe , ti poe Senen nepi ka poe Minggu. Sedengkeun poe libur Nasional tutup.****

Deherba