Salaka Edisi Online

Maca Buku, Lir Ngumbara Di Sakuliah Dunya

Jaman kuring kakara bisa ngeja aksara, buku anu paling munggaran “dibaca” nyaeta Ensiklopedia Indonesia, lantaran eta buku anu ngawengku 3 jilid teh (Seri A-E, F-M jeung N-Z) salawasna nampeu na ‘kolong’ meja. Memeh asup TK oge, kuring remen ngabulak-balik eta buku, najan sakadar nempoan gambarna wungkul oge. Salila genep taun sakola di Sakola Rakyat (SR, kiwari SD), eta ensiklopedia teh ampir salawasna marengan waktu salse kuring. Ari geus ngabulak-balik eta buku, tara karasa waktu teh ujug-ujug geus liwat.

Rek teu resep kumaha. Lamun geus ngungkaban ti kaca ka kaca lianna, estu matak pikaresepeun pisan. Buku anu sakitu kandelna teh, geus mere harti anu positip pikeun diri kuring anu harita mah masih keneh ‘bau jaringao’ jeung nongtot leho. Loba hal anu dina buku sejen mah teu kaungkabkeun, dina eta buku mah dijentrekeun kalawan eces.

Sabada kelas 5-6 an meureun, kakara bahan bacaan teh nambahan. Lian eta ensiklopedia, oge dibarung ku nginjeuman buku-buku ti perpustakaan sakola. Lolobana mah bacaan fiksi, da ari geus maca teh asa poho kana waktu ulin-ulin acan, saperti buku-buku seri Winetou. Aya deui onjoyna. Kuring oge mimiti resep macaan buku silat, pangpangna karangan Boe Beng Tjoe, OKT atawa Gan KL. Buku-buku nu ieu mah diinjeumna ti taman bacaan. Keur nyewa buku, biasana ‘nyengcengcelengan’ duit bekel.

Karesep kana maca buku teh lain bae nambahan wawasan, oge nambahan pangaresep lianna, nyaeta ngarang. Sainget kuring, waktu kelas 6, kungsi narima ‘hadiah’ ti sakola lantaran kapeto jadi wakil sakola kana pasanggiri ngarang nu dilaksanakeun di SD Banjarsari, Jalan Merdeka. Ari hasilna pasanggiri mah lebeng teu nyaho saeutik-eutik acan, dalah diayakeunana eta pasanggiri ngarang oge kuring mah teu nyaho dina raraga naon.

Kitu deui waktu geus sakola di SMP. Bisa jadi lantaran geus resep maca buku “Sejarah Umat Islam” beunang Hamka, waktu ahir taun pelajaran/kanaekan kelas, kuring deui-deui narima hadiah ti sakola, mangrupa buku-buku ngeunaan inohong-inohong sarta pahlawan-pahlawan Islam kayaning Abu Bakar ash Shidiq, Umar bin Chatab, Utsman bin Arfan, jeung Ali bin Abu Thalib (khalifah anu opat), oge Zaid bin Zabith anu kawentar jujuluk si ‘Pedang Allah’.

Anu jadi cukung lantaranna mah bisa jadi tina hasil ulangan umum, dina pelajaran Bahasa Indonesia karangan kuring kaitung aya onjoyna dibanding jeung babaturan lianna, meureun kitu oge. Da anu puguh mah atoh we nu aya, nambahan boga buku bari teu kudu meuli.

Waktu geus di SMA, karesep kana maca beuki mahabu. Teu sirikna unggal buku ngeunaan sosial, sejarah katut kabudayaan mah geus jadi bacaan sapopoe. Teu aneh lamun guru nerangkeun hiji perkara, kuring mah geus ti heula maca, sumberna mah tina buku anu lian.

Anu jadi cukang lantaranna, nyaeta guru Bahasa Indonesia (Bapa Hadi) lamun geus nerangkeun ngeunaan sumebarna basa Malayu ti kulonna di Madagaskar nepi ka wetan di Polinesia umpamana, kuring mah bati olohok. Sakitu beungharna bahasa urang Malayu teh geuning nepi ka antukna mah kuring sok nyiar buku sorangan. Pon kitu deui buku-buku ngeunaan antropologi, sajarah kabudayaan sarta kasusastraan, asa kurang afdol lamun kapiheulaan diterangkeun ku bapa guru teh, wuri-wuri ari ngeunaan sajarah mah ti SMP mula geus ngabogaan koleksi sorangan.

Sabada lulus SMA, kuring teu neruskeun ka paguron luhur. Sakola anu dipikahayang, nyaeta Akademi Teater dan Film (ATF) nu pernahna di Gedong YPK jalan Naripan, geus bubar, meureunan lantaran ditinggalkeun ku Jim Lim ka Paris. Aya karesep nu ‘anyar’ deui, rarasaan mah, nyaeta nulis sajak. Asalna mah sakadar pikeun ngedalkeun rupaning rarasaan, malum geus jadi rumaja nu keur meumeujeuhna buta tulang buta daging. Naon-naon anu karasa sarta tumiba ka diri sorangan, jadi catenan, nyaeta sajak tea.

Harita, taun 1970-an, kuring mimiti nyoba-nyoba ngirimkeun sajak ka sababaraha penerbit. Inget keneh, sajak nu munggaran dimuat dina Mingguan Berita Tunggal anu disauh ku Kang Dawam. Nya inyana nu mere sumanget sangkan kuring nulis oge di media sejenna. Antukna rabeng tulisan the dimuat di sababaraha koran kayaning Rikat, Harmoni, Gala, Mandala, malahan Pikiran Rakyat oge. Ka inohong seni saperti Sutardji Calzoum Bachri, Abdul Hadi WM, Uddin Lubis (suwargi), Karno Kartadibrata, Yayat Hendayana sarta nu lianna, geus teu asa jeung jiga deui, da ari gaul jeung seniman mah kitu geuning, taya watesan. Arinyana mah teu ieuh ngarasa ieu aing uyah kidul atawa seniman moyan, ka entragan anu ngarora teh estu ngahiap-hiapna. Nya ti harita kuring teh asa jadi seniman. Ngan ku nu lian mah katelahna teh gorombolan kota alatan rambut diantep sina ngarerewig ngaleuwihan cangkeng bawaning panjangna.

Alatan gaul jeung seniman-seniman nu geus meujeuhna moyan, kuring oge kabawakeun jadi resep macaan buku-buku ngeunaan filsafat, malahan pulitik oge. Ari karesep oge nambahan, nyaeta diajar drama. Kukituna kuring daptar ka Teater Remaja nu diasuh ku Kang Ajat Sudrajat. Neuleuman drama teh itung-itung nebus kahayang asup ka ATF bareto. Antukna, pabukon oge nambahan deui bae, katambahan ku buku-buku ngeunaan dramaturgi. Asa kaubaran puguh ge. Najan teu tulus milu kuliah di ATF, tapi rarasaan mah asa geus cukup ngagulang-gaper buku-buku standar pikeun diajar drama teh. Komo sabada sering milu pagelaran mah, boh di Bandung atawa di Jakarta, hate asa bungangang. Atuh milu drama teh henteu ngan di Teater Remaja wungkul, tapi oge di Teater 23761, bareng jeung Remy Sylado. Jeung Uddin Lubis (suargi) milu ngadegkeun Teater Braga jero tahun 1977-an.

Taun 1975-an, deui-deui karesep teh nambahan. Ayeuna mah jadi resep apruk-aprukan, jajarambahan, leuleuweungan. Ngan sabada sering apruk-aprukan, tumuwuh kasadaran, yen kahirupan teh geuning estu jero jeung lega ambahanana. Neuleuman kahirupan sosial budaya teh henteu bisa saukur tina buku wungkul, tapi kudu larap jeung kanyataanana sacara realistis. Ngan ayeuna mah lain saukur ngaluluguan karesep, tapi lahir tina hiji kasadaran, yen urang teh gumelar ka dunya estu ngan saukur hiji atum, malahan hiji ion, henteu aya naon-naon anu bisa dipikareueus ari lain pangakuan, lega temen ambahan kahirupan teh. Anging Gusti anu sarwa Maha mah.***

Deherba