Pensiunan PT.TELKOM Jadi Tukang Mulung
Saha anu teu hareugeueun Pangsiunan salah sahiji perusahaan pang majuna di Indonesia, jadi pamulung. Bet teu kaharti ku akal, naha ieu teh taya perhatian ti para inohong PT.TELKOM atawa karyawanna teu bisa ngirit duit gajih. Sabaraha atuh gajihna the, kumaha nepi ka bisa jadi Pamulung ?
PT.TELKOM, salah sahiji perusahaan anu pangmajuna di Indonesia, taun 2007 boga kauntungan nepi ka 12,9 milyar. Gedong Kantor Pusatna oge sigrong di Jalan Japati No.1 Bandung ngabogaan 8 laitai, 2 bessman. Atuh mun nempo karyawanna pikabitaeun pagawe sejen: make mobil , pakean perlente, ngajingjing Laptop. Ah, taya cawadeunana deuih da dibarung ku elmu anu geus masagi. Matak teu aneh mun padumuk kota Bandung hususna, nyangka pagawe TELKOM mah ngarareunah. Pensiunana oge nya kitu,mun teu nambah mobil pasti meulian imah atawa naek haji.
Kumaha pangsiunan anu baheula, contona pensiunan TELKOM saecanana Juli 2002 ? Bet jauh tanah kalangit. Masih keneh aya janda pangsiun TELKOM anu Mangfaat Pensiuna (MP) Rp.140 rebu sabulan ? aya oge anu ngan 200 rebu, 350 rebu perak sabulan. Mahi kana naon , paling-paling resiko keur sapoe atawa dua poeeun geus beak. Kumaha ari Direktur Utamana, sabaraha gajihna ? Rp.118 Juta !!! sakitu teh can unang- aning.

SALAKA kungsi nepungan salah sahiji pangsiunan TELKOM ngarana mang Endju/NIK.431039, imahna di Kampung Reungas RT 06 RW 04 Desa Gempolsari Kecamatan Bandung Kulon. Sapopoe katempona sok nyieunan langlayangan, hargana Rp.250 perak dibajongkeun ka Warung, ari sapoena meunang 50 langlayangan. Eta teh nyieunna keur usum langlayangan, lamun keur teu usum, naon pakasabanana ? Bet teu sangka sacongo buuk, pangsiunan TELKOM taun 1991 ngaku lima taun boga pakasaban jadi Pamulung !! Salila lima taun mang Endju nguriling neangan botol plastic, beusi urut jsb.bareto mah mamawa roda lantaran eusina rea. Sanggeus roda dijual keur dahar, manehna ayeuna sok rajeun mulung mamawa karung.
Sim kuring teh mang taun-taun bajuang keur PT TELKOM, tapi ayeuna siga nu teu dipalire utamana nu pangsiun saecana Juli 2002. Gajih teh boro-boro keur sabulanenun, teu nepi-nepi acan, paling-paling dua tilu poeun geus ledis." Pokna.
Mang Endju hirup jeung bojona anu kurang panempo alatan boga panyakit katarak. Ari anakna boga dua, nuhiji awewe geus laki rabi ari nu bungsu lalaki masih nganggur. Dua anak teu bisa ngajamin kahirupanana lantaran anu panggedena awewe, gaji salakina pas-pasan, atuh nu bungsu masih jadi tanggunganana. Jadi wajar mun mang Endju banting tulang neangan sahuap sakopeun keur nambahan gajihna anu jauh tina cukup. Ari gaji mang Endju Rp.700 rebu sabulan ,kawilang gede dibanding jeung rebuan pangsiunan lainna. Tapi tina tujuh ratus rebu teh dipotong hutang kaditu kadieu sesa ngan ukur Rp.150 rebu. Komo sanggeus BBM naek mah, ampir kabeh pangsiun TELKOM anu gajihna laleutik ting karoceak. Kumaha para inohong TELKOM merhatikeun. Cek mang Endju mah, gajih pangsiunan TELKOM teu saperti gajih PNS, gajih pangsiunan TELKOM mah ti mimiti pangsiun nepi ka ayeuna teu naek-naek, angger we sakitu. Beda jeung PNS, mun pagawe naek, pangsiun oge naek. Ari para inohong TELKOM, bet teu malire para pangsiuna rek sangsara rek kalaparan mangsa bodo teuing. Matak teu aneh mun Pakumpulan para pangsiunan TELKOM anu di sebut P2TEL, pusatna di Jl. Supratman 48 Bandung, geus genep taun bajuang hayang bisa naekeun Mangfaat Pangsiun (MP) tapi teu ditempo sabeulah mata.
Matak teu aneh mun para pangsiunan TELKOM aya anu jadi Pamulung, jadi tukang beca, jadi supir angkot malah aya kabejakeun pangsiuanan TELKOM jadi BABU tukang nyeuseuh pakean batur alias bubujang. Teu era kitu para inohong PT.TELKOM boga para pangsiunana salangsara, oge pagawena pasti era atuh mun nempo atawa ngadenge para pendahuluna" nepi aya nu jadi tukang mulung !
Baheula mah rek pensiun teh sok ngalamun; Tada teuing ngeunahna, cicing diimah ngurus inguan kayaning manuk atawa hayam, atuh ngurus sawah mun boga mah. Tapi bet jauh tina panyangka, pangsiunan TELKOM bareto (saecan Juli 2002) rata-rata kahirupanana raripuh da gajihna teu wajar. Mudah-mudahan kahareup para inohong PT.TELKOM sadar yen mun taya maranehna mah can tangtu TELKOM bisa maju saperti ayeuna.Cag (Kang Fauzi)





