SMP NEGERI 38 BANDUNG, Boga Prestasi Anu Nyongcolang Di Widang Olahraga Jeung Kasenian
SMP Negri 38 Bandung anu pernahna di jalan Borobudur, kuloneun TVRI Bandung, ngabogaan prestasi anu nyongcolang utamana dina olah raga Futsal. Padahal prestasi lianna oge saperti dina widang Bina Mushola POPP, Majalah Dinding, Lomba Lukibra, Ngalukis, Debat Bahasa jrred. boga prestasi anu lumayan. Malah dina bulan Mei nu anyar kaliwat, SMPN 38 oge ngaboyong dua Trophy, jadi juara ka I Pasanggiri Rampak Sekar jeung Paduan Suara sa-Kota Bandung. Hususna dina widang seni, siswa-siswina di bimbing ku Bapak Asep Rahardja jeung Ibu Junengsih,S.sen.
"Hasil tina latihan disiplin teh geuning ngahasilkeun kabungah, Rampak Sekar sareng Paduan Suara sadayana di rebut ku SMP 38 janten Juara ka hiji sa-Kota Bandung ", Cek Pak Asep Rahardja dibarengan ku Ibu Janengsih dina paroman anu marahmay.
Ngan dina olah raga Futsal, sigana olah raga anu paling nyongcolang di SMPN 38 mah , buktina sawantara waktu katukang meunang thophy Juara sa Bandung Raya jeung Cimahi, oge dina bulan Mei nu anyar kaliwat hasil jadi Juara ka I SMAN 8 Cup. Ku prestasina eta, SMPN 38 bakal bitotama di Kajuaraan Futsal tingkat Jawa Barat, jadi wawakil ti Kota Bandung. Hasilna nyugemakeun, jadi Juara Sa-Jawa Barat.

Ceuk Kepala Sakolana, Bapak Nandy Suhandi S.Pd, ayana ekstrakulikuler Futsal di SMP Negeri 38, kulantaran majuna olah raga Futsal di Indonesia, hususna di Kota Bandung. Olah raga ieu teh mekar lantaran lahan pikeun lapangan sepakbola geus seret, jadi Futsal mangrupa olahraga "alternative" anu paling dipikaresep ku barudak, lian ti Basket jeung sepakbola. Ayeuna sanggeus boga prestasi nu nyongcolang di Kota Bandung, Bapa Nendi rek mere panghargaan, ka siswa anu berprestasi ngangkat ngaran sakola atawa ka guru anu ngabimbingna.
"Sakola ngarojong pisan sagala kagiatan anu bisa nguntungkeun boh ka sakola atawa keur siswa-na sorangan. Sakola geus tangtu bakal mere penghargaan ka siswa anu berprestasi, oge ka guru anu ngabimbingna. Sanes dina widang olahraga sareng kasenian wae, tapi dina sagala widang " Cek Nandy Suhandi ka SALAKA
Mimiti taun 2003, SMPN 38 geus ngondisikeun para siswa-na dina hiji wadah kagiatan ektrakulikuler Futsal. Kagiatan ieu didukung ku Kepala Sakola ,guru jeung orang tua siswa anu miluan Futsal ngilu aub ngadukung barudakna jadi atlit pamaen Futsal.

Nepi ka waktu ayeuna Futsal SMPN 38 Bandung di bina ku tilu guru olah raga, nyaeta Bapa Agus.M, Bapa Naufel,Amd jeung Bapa Agus Sumpena, S.pd. sedeng latihanana diwaktu , keur poe Salasa kelas 8, poe Kemis kelas 7, poe Saptu kelas 9 jeung Tim Selection.
Ti mimiti ngadeg Futsal di SMPN 38 nepi prung padungdung, geus salapan kali meunang piala jeung trophy, oge geus aya lima pamaen anu kaleler jadi "Pemain Terbaik". Taun 2004 Juara IV Piala UPI tingkat Jabar, pemain terbaik Ridwan Awal ti SMPN 38 ; taun 2005 Juara II Piala SMAN 6 Cimahi, se Bandung Raya & Cimahi, pamaen terbaik oge ti SMPN 38 kalayan ditambahan Top Skorna oge ti SMPN 38 ; tahun 2006 Juara ka III SMKN 8 Bandung Tingkat kota Bandung, Pemain Terbaik Suhendi ti SMPN 38 ; di taun 2006 Juara II Biofarma Cup se-Bandung Raya, pemain terbaik Andi M Rahmat ti SMPN 38 ; taun 2007 Juara I SMA 17 Bandung, se Bandung Raya & Cimahi.Pemain terbaik Oge Andi M Rahm,at ; dina taun sarua 2007, harita mah ngirimkeun 2 tim nyaeta Tim A jeung Tim B tapi duanana meunang dina marebutkeun piala Wakil Gubernur Jabar SMA Assalam, sedengkeun tim B meunang juara ka III. Masih dina taun 2007, Juara II Jatayu Soccer Coop Competition sa Bandung Raya. Sedengkeun dina taun 2008 jadi Juara I SMA N 17 sa Bandung Raya & Cimahi jeung jadi Juara ka I SMA N 8 Cup. (Kang Fauzi)





