Salaka Edisi Online

Sawandana

C. Sesebutan ka jalma tina patokan tingkah laku.

Pakokolot supa = umurna meh sarua
Mata simeuteun = Lamun nenjo, panon na teu ngiceup - ngiceup
Kentel peujit = daek tirakat (prihatin)
Jauh ka bedug = dusun euweuh ka nyaho
Ipis biwir = babari ceurik
Laer gado = culamit
Panjang lengkah = lega pamikiranana
Pondok lengkah = heureut pamikiranana
Kandel kulit beungeut = teu boga kaera
Teu boga beungeut = heureut pamikiranana
Kandel kulit beungeut = teu boga kaera
Teu boga beungeut = ngarasa era


Teu boga polo = teu boga pamikiran
Pait daging, pahang tulang = jauh tina panyakit
Paeh poso = digawe pohoi kacape
Caang pikiran = jembar panalarna
Geus beunta = kahirupanana cukup
Leuleus kejo poena = begeur kakotnakeun
Pahatu lalis = geus teu boga indung bapa
Tinggar kalongeun = sering hanguleng upama dititah
Careham hayameun = barang dahar bae
Jadi kokojona = pamingpinna
Jadi bentangna = pang hadean
Jadi dalangna = anu ngabobotohanana
Jadi cacing cauna = saukur jadi pangiring
Kapas kalamerona = goring patut (panggorengna)
Asa pangakangna = boga rasa pangpinterna
Asa jadi rajana = boga rasa pangkawasana
Rodek hulu = dianggap budak teu boga kanyaho
Leuleus awak = daekan
Ngegel curuk = nyamos teu kabagian
Bengkok tikoro = teu kabeneran
Gede hate = ludeung, leber wawanen
Teu boga cedo = henteu boga tatakrama
Amis budi = akuan, someah
Landung kandungan = gede pertimbangan
Adil palamarta = wijaksana
Leutik burih = tyeu boga wawanen
Jiga monyet = teu boga kaera
Jiga congcorang murus = peot raring daging
Jiga dewa = bisa norah
Jiga kaleng kurupuk = awewe lintuh henteu boga potongan
Jiga kantul = loba huisan
Jiga lutung = awakna hideung
Jiga katotgaca = gagah
Jiga bilatung = nuduhkeun loba
Jiga jogjog = lamun rek sare sok rarecok heula
Jiga meong congkok = rindatna bangun sieun
Jiga kuda = anus ok kiih bari nangtung
Jiga anjing = lamun dahar sok ceceplak
Jiga buruy= nginum bae
Jiga laleur = teu disuguhan (diantep bae)
Jiga bedul = teu boga tatakrama
Jiga pucuk awi = henteu boga pamadegan
Jiga gateuw = lintuh ku barang pamere
Jiga mandahna = asa jadi pamingpina
Jiga badawang = saperti dina kamonesan,iring-iringan dirupakeun buta
Jiga bengberokan = beungeut pinuh ku mehong (goring patut)
Jiga badak cihea = bedegong tara daek nanya
Jiga ekek = anu beuyki peteuy
Jiga ucing = anu beuki lauk
Jiga beo = anu beuki ngomong (sok nurutan)
Jiga cucurut kaibunan = murukusunu
Jiga kapas kaibunan = lempes napsuna
Jiga sireum = leumpangna ngeteyep teu bisa gancang
Jiga dage = teu boga tanaga
Jiga hayam rek endoggan = teu daek cicing, cilingcincat bae
Jiga hayam ku tetelo = melenguk teu lemek teunyarek
Jiga hayam panyambungan = tumamu teu aya batur
Jiga hurang kasaatan = teu genah cicing (teu tenang)
Jiga keuyeup apu = teu aya guam
Jiga careuh bulan = anu diwedak kandek teuing
Jiga bujur aseupan = diukna anggaresol teu daek cicing
Jiga oray pucuk = teu bisa dicekel omonganana
Jiga oray koros = anu resep rucah
Jiga beubeulahan terong = rupana sarua
Jiga beubeulahan jambe = I d e m
Jiga arjuna = kasep
Jiga bidadari = geulis
Jiga tumbila = pribumi nembrong ka semah(menta udud)
Jiga paray = kaditu-kadieu abring-abringan bae
Jiga londok = ula-ilu, jiga teuboga pamadegan
Jiga gegeden = embung digawe, gawe marentah wungkul
Jiga menak = embung digawe kasar
Jiga jalak harupat = teuneung ludeung taya kasieun
Jiga bogo = gampang kaolo
Jiga kebo = dikitu-dikieu nurut bae

(HANCA)

Deherba