Babasan Jeung Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Anak puputon: Anak anu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaahna
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Adat kakurung ku iga: Adat teh hese digantina
Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
Anak puputon: Anak anu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaahna
Asa potong leungeun katuhu: Leungiteun jelema anu pohara hade gawena
Ngacak ngebur: Rek make naon bae oge bisa, da geus aya jeung geus sadia
Awak sabeulah: Teu rimbitan, mun ninggang di awewe teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan
Gindi pikir belang bayah: Boga pikiran goreng ka papada kawula
Balik ngaran: Ngadon maot di lembur batur. Nu balik teh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.
Gurat batu: Pageuh jangji, tara ngarobah naon bae anu geus dipasinikeun
Dibejer beaskeun: Diterangkeun kalawan eces pisan
Jauh ka bedug: Dusun, bodo, euweuh kanyaho
Kandel kulit beungeut: Teu aya kaera
Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
Adat kakurung ku iga: Adat teh hese digantina
Ngajul bulan ku asiwung: Usaha nu mubadir moal ngadatangkeun hasil
Ngadu ngadu rajawisuna: Mawakeun omongan si A ka si B, oge caritaan si B dipupulihkeun ka si A. temahna si A jeung si B teh parasea, parea-rea omong.
Nulungan anjing kadempet: Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima
Nu asih dipulang sengit, nu nu haat dipulang moha: Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa kalakuan nu goreng
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam: Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, saba hayang dipuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda: Arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae
Biwir sambung lemek, suku sambung leumpang: Henteu milu-milu kana tanggung jawabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan nu lian.
Sereg di panto, logor di liang jarum: Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna teh dinu suni, nu teu aya jelema
(Djodi Prihatna).****





