Salaka Edisi Online

Kausap Korod

Ku : Kang Fauzi

Gunung Malabar anu disebut ku para padumuk di sabudeureun eta gunung mah gunung Gede. Mun disaba kalengkob beulah kidul bakal tepung jeung Cipanas Garut, sedengkeun ka beulah kulon tepung jeung gunung Padang brasna ka Ciwidey. Kungsi kuring nempo tengah peuting ti Tambakbaya waktu keur nganjang ka kulawarga mertua, anu pernahna disuku gunung Gede (gunung Malabar). Lian ti angin ngagelebug, nempo ka gunung bet tingparuringkak bulu pundung. Geueuman, pikasieuneun !!. Cenah didinya teh masih keneh rea Maung.

Beunang dibuktikeun waktu barudak Pramuka ti SMP Muhamaddiyah Majalaya kemping disuku gunung Gede. Tengah peuting keur talibra sarare, ti kajauhan aya anu moncorong saperti batre reana dalapan. Pembina-na, Bapa Drs.Endang Kusnadi (mimiti jadi Kepala Sekolah SMP Negeri Kartini Bogor terus jadi Kepala Sekolah SMP Negeri 15 Bogor - tos ngantunkeun taun 2007) anu lewih tiheula nyaho da harita teh keur ngajaga. Ku anjeunna disidik-sidik, dinitenan yen anu moncorong teh geuning mata maung lantaran buntutna katempo ngeluk ngacung kaluhur aya opatna sedengkeun sukuna nangoh kana batu, katempo dina remeng-remengna cahaya bulan. Teu diengkekeun deui, Pa Endang marentah ka barudak supaya harudang. Kabeh kudu ngurilingan “api ungun” anu seuneuna digedean, dibanjur ku minyak tanah. Geus kitu barudak kabeh kudu nyanyi nyanghareup ka luar nukangan api ungun.

Salah saurang Pramuka nanya : “Pa, itu aya ….. batre !!” Cenah.
“Is jempe. Teruskeun nyanyi !!.”

Barudak nyanyi bari kekeprok, balati teu tinggaleun napel dina cangkeng. Aya kana tilu jam-na, ti jam 1.30 nepi ka jam satengah lima, kakara opat maung teh lugay ninggalkeun tempat.

Mangsa pakepukna panyakit panas ka barudak umur 3 nepi ka 10 taun, kungsi nerekab dina taun lima puluhan. Kapercayaan padumuk di wewengkon Garut, Tasik, Majalaya, Cicalengka, Rancaekek, datangna eta panyakit mun Gunung Malabar ngadatangkeun angin bari mawa hawa panas ka wewengkon tadi. Akibatna rea barudak leutik anu katerap panyakit panas. Biasana, mun budakna katarajang panyakit panas, lian ti diubaran ku dukun kampung, ditengah imah sok disadiakeun damar (cempor) jeung aseupan, nu dicolesan ku apu seupah (inget-inget poho).

Nurutkeun kolot baheula, sataun sakali anu ngageugeuh gunung Malabar sok nyarokotan barudak leutik. Mun palastra, eta budak bakal dibawa ka gunung Gede teuing rek dijieun naon, anu pasti kapercayaan padumuk di wewengkon tadi kuat pisan yen budak anu maot ku panyakit panas di bawa kadinya.

Aya naon di Gunung Gede?

Urang Tambakbaya percaya, lian ti aheng ku rupa-rupa kajadian . di Gunung Malabar aya hiji mahluk anu disebut AUL. Nu geus kawenehan manggihan eta Aul pangawakananana siga manusa, huluna mangrupa anjing tapi malik ka tukang, jalanna oge mundur. Aul lain bae aya di wewengkon Gunung Malabar, tapi kungsi kacaritakeun di Ciwidey aya supir dibawa Aul nepi ka ayeuna teu kapanggih. Sorana, saperti lalandian padumuk, Auuuullllllll……………… cenah. Mun sorana jauh, beunang dipastikeun eta Aul teh deukeut, tapi sabalikna mun sorana kadenge deukeut, pasti jauh. Lian ti eta, kapercayaan padumuk Ciwidey Aul the sok nyiduhan, mun kena ka manusa bakal tutung tuluy maot. Matak padumuk Tambakbaya jeung Dano anu muka lahan keur tatanen atawa ngala suluh di Gunung Malabar geus nyaho kana sora Aul, mun kadenge jauh buru-buru balik. Nepi ka ayeuna eta mahluk teh can aya anu naliti, lantaran gaib. Sigana AUL sarua jeung mahluk YETI nu kapanggih di wewengkon Himalaya.

Balik deui kana panyakit panas, bareto aya budak anu maot alatan panyakit panas. Budak teh awewe umurna kakara lima taun, keur geulis teh bageur jeung kayungyun deuih, matak dipikanyaah pisan utamana ku Bapana di jieun mustika rumah tangga. Tapi barang nyaho budakna panas sarta teu lila maot, bapana kacida murkana. Manehna yakin budakna dibawa ku korod ka Gunung Gede, dibuktikeun poe eta aya tilu budak anu maot lantaran katarajang panyakit panas.

Saminggu sanggeus dikubur, bapana teu sare. Teu dahar teu nginum estu mati geni, cunggelik mikiran nasib, boga anak ngan hiji-hijina dibawa korod. Hatena panas ngagugudag, napsuna ngagedur lir seuneu nu ngentab-ngentab ngaduruk hatena.

Saminggu teu cengkat-cengkat, diuk dina sajadah bari cimata teu weleh maseuhan pipina. Ari indungna nyakitu keneh, sakapeung kapiuhan, sakapeung jejeritan. Unggal poe dirariung ku kaluargana.

Kulisik bapana cengkat, matana beureum, leos ka luar. Geus kitu melong bangun ceuceub ka puncak gunung Gede, peureup dikeupeulkeun, huntu kekerot.
“Ku aing moal diantep !.” Omongna.

Teu ganti baju, teu bebeja ka pamajikan jeung kaluargana, leos indit nuju ka beulah kidul. Leumpang ngungkug siga nu teu ngarasa cape. Sihoreng manehna rek ngajugjug ka urut guruna Buya (almarhum) nu matuh di Pasantren Lekor Garut ( Ayeuna mah diluluguan ku Abah Anom. Ngaran Abah Anom teh lalandian lantaran masih ngora keneh kurang leuwih kana 50 taun kurang, Pangawakan pendek rada begang, kulit beresih make kumis ngajiripit). Aya kana tilu jam-na ngajugjug ka Lekor teh. Barang datang, segruk manehna ceurik di hareupeun Buya bari nerangkeun kasedih ditinggalkeun ku nu jadi anak nu dipikadeudeuhna.
“Geus nyaho. Geus ulah ceurik, kawas lain lalaki wae.” Cek Buya bari nepak pundukna.

Jep manehna jempe. Bari nyusutan matana ku saputangan nu cipruk ku cimata, manehna nyaritakeun pamaksudanana. Buya ungeuk-unggeukan, nyaho kana tujuan urut muridna. Manehna hayang nyokot budakna anu kabawa korod di Gunung Gede, lantaran yakin yen anakna dibawa kadinya.
“Gunung Gede teh kaliwat aheng jeung jarahat setan-setanna. Di puncakna aya hiji liang kacida jerona jeung aya hiji talaga, didinya dieusian ku sagala paparabotan tina tambaga. Tapi mun hidep mapatkeun elmu nu geus dipiboga ku hidep, bakal kabuka panto anu dipake liliwatan setan, jin marakayangan anu lobana moal kaitung.” Cek Buya.
“Tos kasawang ku abdi oge. Abdi bade korban jiwa demi pun anak, budak anu dipikadedeuh ku kulawargi. Teu suka anak abdi di damel wadal Gunung Gede.” Pokna.
“Mama ngidinan. Sok, mimiti peuting engke hidep ku Ama rek dicoba elmu meunang kuru cileuh kentel peujit teh. Mama oge yakin moal aya jin, setan maraayangan anu bisa ngungkulan kana elmu Saepi Geni.” Cek Buya bari cengkat muru ka masjid dituturkeun ku manehna.Rek salat Lohor.

Peutingna, timimiti tabuh satu nepi ka tabuh tilu, dua mahluk keur nguji jajaten elmu Saepi anu mashur. Eta elmu teh bisa dipiboga ku jalma anu umurna geus sawawa. Mun lulus, bisa nalukkeun sagala jurig nyiliwuri setan minda rupa, tapi mun teu kuat eta jalma bisa jadi gelo (kajadian di Majalaya aya jalma anu rada teu hideng ngaranna katelah si Endang urang Cibodas.Desa Majasetra.Kamana-mana make makuta, ditaretes huruf arab nudiguntingan ku plastic,ngentep mani alus pisan.Mawa tumbak jeung keris alus deuih.dina cecepenganana ditulis huruf Arab.Ceuk urang Cibodas mah menang manehna sorangan, teuing dikumaha nyieunna. Cenah manehna teh ngalap elmu Saepi Angin, ngan teu kuat, jadi weh langlang-lingling. Ayeuna geus lila tara katempo deui, teuing kamana)

Barang di papatkeun, gebur hurung sakujur badanna, beuki lila beuki ngagedur ngagedean. Ku Buya di tutup, pes pareum. Mimiti deui, ayeuna mah leuwih gede. Ditutup deui pes pareum deui. Nepi ka mangsana elmu nepi kanu di tuju yen eta elmu yakin bakal ngungkulan kabeh nu ngawisesa di Gunung Gede.
“Peuting isuk urang ka Gunung Gede, ku mama dibarengan. Jalanna urang ka Dano, ngaliwatan Tambakbaya..” cek Buya.

Isukna bada magrib duaan nuju ka suku Gunung Gede. Leumpang motong jalan mapay sawah. Sajam leumpang geus nepi ka Dano, terus nuju ka Tambakbaya, geus kitu mah jalan kakara netek mapay jalan satapak. Peuting beuki geueuman binarung angin gunung ngagelebug, sasatoan laleutik disarada , tapi kabeh sasatoan anu kaliwatan nyalingkir. Oray kuda anu aya di Gunung Gede, barang nempo nu duaan, buru-buru lumpat, bari disada persis saperti kuda. Biasana sok cicing di puncak kai gede, mun pareng aya jelema, langsung sok diarah huluna nepi ka henteuna.

Tilu jam lempang, ahirna nepi kanu dituju, hiji tegalan leutik diamparan jukut mani lalening bersih siga aya nu nyapuan, padahal sakurilingna tatangkalan.

Buya mere isarat sangkan manehna maju ka hareup.
“Sok, papatkeun elmu teh, ke ku mama dibantuan di tukang.”
“Mangga,” cek manehna.

Gek manehna diuk sidakep sinuku tunggal. Kabeh pancadria ditutup. Panonna peureum ari dua leungeunna dibuka, terus dua dampal leungeun dihijikeun siga nu nyembah. Sakedat netra tina badanna mimiti hurung, langsung ngagedean. Dua dampal leungeun anu dihijikeun ditujukeun ka hareup. Siet cahaya beureum burahray nuju kana rungkun nu taya lian panto lawang anu dijieunna tina batu. Tina badanna mimiti kaluar seuneu ngaduruk kabeh anu aya didinya. Jerit siga aya nu ngajerit, disusul deui kanu ting jarerit sora awewe-lalaki rame siga nandangan kanyeri. Beuki lila-beuki rame kunu ting jarerit. Katempo ting balelesat ka luhur.

Teu kungsi lila bray panto anu sagede gerbang silamatangkep teh muka. Heab hawa panas nyongkab nembag ka manehna. Tapi leuwih panas batan anu datang ti jero guha. Teu tata pasini deui, manehna ngagajleng rek kajero guha, ngan orokaya aya anu ngahalangan.
“Rek naon andika wani-wani kadieu !!!.” sorana handaruan.
“Rek nyokot anak aing anu dibawa ku sia !!.” bari mapatkeun elmu pamungkas. Sewur seuneu tina badanna ngabubulak nuju ka jero guha.
“Geus-geus tong dituluykeun. Kula taluk ! budak pek cokot, ngan kudu janji andika ulah datang deui kadieu.”
“Heug, mana budak kuring ?” manehna nanya.
“Ke tungguan, kula rek nyokot budak andika.” Cenah, les leungit teuing kamana losna. Teu kungsi lila torojol bari mangku budak anu taya lian budak manehna anu geus leuwih saminggu maot, malah kuburanana oge taneuhna masih beureum keneh. Langsung dirawu bari di bawa kaluar. Teu kungsi lila budak teh ngulisik, terus ngomong “Bapa !!” ngan sakitu, kaburu dicokot ku Buya anu titatadi aya disagigireun manehna.

Rengse budak kabawa, kaayaan di puncak gunung Gede ngadadak sepi deui. Duaan katilu budak turun mapay jalan satapak. Datang ka kampung Dano geus jam satengah opat. Manehna pamitan moal ka pasantren tapi rek langsung mulang mawa jalan kabeulah kulon ka kampung Malang bras ka Cipaku anu saterusna ka Ebah Majalaya. Ari Buya mah langsung ka wetankeun mapay jalan Tambakbaya jol-na ka Lekor.

Datang ka imah, caruringhak nempo budak anu maot teh hirup deui kalawan di bawa ku Bapana. Indungna ngagabrug bari segruk ceurik. Nini-na oge sarua, ari akina solongkong nyampeurkeun ka manehna bari ngomong : “Teu sulaya tina panyangka hidep neangan elmu teh geunig ayeuna kapake.” Cek akina.

Pabeubeurang, kira pukul salapan katempo aya abringan panjang siga nu keur nganteurkeun pangagung. Sihoreng warga didinya geus nyaho yen budak nu saminggu kaliwat maot the hirup deui. Limaan nu panghareupna manggul pacul jeung singkup, sedeng tukangeun aya nu mawa kukus jeung kembang. Kabeh nuju ka astana rek ngali kuburan si nyai. Panasaran hanyang nyaho naon anu dikubur teh.

Anjog ka kuburan, langsung kuburan budak teh dirairiung. Salah saurang kokolot biantara heula, geus kitu geduk we kuburan teh di kali. Nepi ka dasar, katempo kai anu nutupan mayit. Kabeh nahan napas, naon anu dikubur teh, da waktu nguburkeun kabeh pada nyaho eta teh mayit budak anu maot lantaran katarajang panyakit panas.
“Sok buka jang ! “. Cek kokolot didinya.
“Bismillahirohmannirohim !!” Nu duaan ngabuka kai panutup. Gorehel mayit masih dibungkusan lawon bodas terus diangkat ka luhur.

Kabeh nu aya didinya pasedek-sedek hayang nyidikkeun naon eusina. Sanggeus tali dibuka, gorehel nu dibungkus ku lawon bodas teh geuning gebog cau. Kabeh pada gogodeg, bener geuning nu dikubur teh gebog, ari jalmana mah di bawa ka Gunung Gede.

Ear sa desa, ibur salelembur budak anu paeh hirup deui. Kitu tah kajadianana anu di caritakeun ku pun nini ka kuring.Cag (kang fauzi)

Deherba