Salaka Edisi Online

Kautamaan Sabar

Ku, Kamin Islamin

Alloh SWT, ngibaratkeun sabar teh, cara kuda nu teu kungsi kendor, pedang nu tara mintul, prajurit nu tara eleh perang, atawa benteng tangoh nu teu bisa ditobros. Sabar jeung karahayuan, ngarupakeun dua dulur kembar. Al Qur’an nerangkeun yen Alloh SWT, muji ka jalma-jalma nu sabar, binarung pahala nu tan wilangan. Jalma sabar salawasna disarengan ku Alloh SWT. Sakumaha pidawuhna dina surat Al Anfal, ayat 46, ”Sabar, satemenna Alloh, teu petot-petot nyarengan jalma-jalma nu sabar.” Ku kituna jalma-jalma nu sabar bakal pinanggih jeung kabagjaan, kauntungan, narima kanyaah Alloh, dunya akherat, narima ni’mat lahir batin, sabab salawasna disarengan kakawasaan, kaagungan Ilahi Robbi.

Jalma-jalma nu sabar, ku Alloh Azza wajalla dipiselir kagungan pancen mingpin agama, sakumaha diterangkeun ku Al Qur’an,” Jeung kami (Alloh), ngajadikeun maranehna jadi pamingpin nu mere pituduh, nu dumasar kana parentah kami, hal eta memang jadi katangtuan pikeun jalma-jalma sabar tur yakin kana ayat-ayat kami (Alloh). (Qs. Assajadah; 32;34). Alloh SWT. Nguningakeun malah nekenkeun pisan, yen sabar teh sifat anu mulya, “Jeung demi, lamun maranehna sabar, yen bener-bener hal kitu teh, leuwih alus keur jalma-jalma nu salabar” (Qs.An-Nahl, 16-26).

Salajengna Alloh nguningakeun yen sabar jeung taqwa teh, mangrupa senjata nu matih tur tangoh, teu bisa ditalukkeun ku tipu daya musuh, najan eta musuh teh gagah tur licik. Sakumaha firman Alloh, dina surat Ali Imron ayat 200, netelakeun; “Upama maraneh sabar jeung taqwa, ha lieu teh bakal jauh tina musibah jeung tipudaya musuh, satemenna Alloh maha mirosea ka jalma-jalma nu milampah kasabaran” Tangtu we tina tipudaya musuh nu jelas nyilakakeun, nya eta syetan. Nu salawasna ngaharewos dina hate, nitah teu baleg, atawa nitah ngarasa teu dosa milampah salah, nu mengpar tina papagob agama.

Dina ayat sejen, Alloh ngandelan tur ngareugreugan kajayaan kana kasabaran jeung kataqwaan. Apan nu disebut taqwa teh, milampah sagala parentah, tur nyingkahan sagala nu dipahing/diharamkeun. Tah taqwa teh babari ngomongkeunana hese milampahna, kajaba nu mibanda kasabaran. Dina salahsahiji Hadits, nu diriwayatkeun ku Ibnu Abbas r.a., Rosululloh kantos midawuh,” Nu pangheulana ditulis dina lauhil mahfudz, ngeunaan parentah Alloh, nya eta; Kami teh Alloh, taya ilah iwal kami, Muhammad teh abdi kami jeung utusan kami. Dipilih ku Kami ti antara mahluk, nya eta jalma nu pasrah kana sagala katangtuan ti Kami, sabar kana cobaan Kami, syukur kana sagala ni’mat Kami, mangka Kami nulisan sabage jalma nu bener. Bakal dihudangkeun ku Kami bareng jeung jalma-jalma bener dina poe kiyamah. Sing saha nu teu pasrah kana katangtuan Kami,teu sabar kana cobaan Kami, sarta embung syukur kana ni’mat Kami, pek geura kaluar tina handapeun Arasy Kami, jig geura neangan deui Ilah jaba ti Kami”.

Al Faqih nyaurkeun, Sabar kana cocoba tur salawasna inget ka Alloh SWT.dina keur nandang musibah, eta perkara nu wjib keur manusa. Sabab inget ka Alloh dina mangsa keur kitu, hartina dirina ridlo kana katangtuan Alloh, sakaligus ngahina syetan.

Ali bin Abi Thalib, nyaurkeun, Sabar teh aya tilu. Nya eta; sabar ngalaksanakeun parentah Alloh, sabar nyingkahan ma’syiat, jeung sabar ngalaman jeung nyanghareupan musibah. Sing saha nu sabar dina ngalaksanakeun parentah Alloh, mangka Alloh bakal maparin saratus darajat, unggal darajat jauhna antara langit jeung bumi. Sing saha nu sabar dina nyanghareupan musibah, mangka Alloh bakal maparin pahala tanpa hisab.

Naha nu disebut sabar teh, cicing, balem, ngantep? Tangtunalain kitu, nu disebut sabar teh, bisa ngungkulan nafsu. Nu disebut sabar teh, teu pegat harepan, bari terus usaha. Nu disebut sabar teh, tara migawe nu taya hartina/taya mangpaatna.

Alloh nguningakeun kacintaan Anjeuna ka jalma nu sabar, ieu perkara teh mangrupa stimulant, pangjurung nu panggedena, keur jalma-jalma sangkan haying mibanda sifat sabar.

Hakekat sabar

Sabar nu dimaksud dina Islam, nya eta teguh jeung tahan, kana pangaruh agama, pikeun nakis rupa-rupa pangaruh tina nafsu. Nu dimaksud pangaruh agam, nya eta sagala hal karudet, kasumpek, lantaran manusa rek narima pituduh anu haq. Naha aya patalina jeung kama’rifatan, ka Alloh jeung RossulNa, boh nu tumali jeung kamaslahatan-kamaslahatan nu rake.t patalina jeung akibat-akibat nu timbul tina milampah amal sholeh. Tah ieu teh sifat dasar, nu ngabedakeun manusa jeung sato.

Ari nu dimaksud pangaruh hawa nafsu, nya eta ngamalirkeun sagala rupa nafsu sahwat. Matak jalma-jalma nu bisa nahan jeung ngungkulan nafsu tuluy-tumuluy, henteu ngumbar nafsu goring, bari ajeg qolbuna nahan nafsu sawamah, lwamah, jeung sawiyah, kaasup kana golongan jalma nu tangoh tur gagah. Apan pidawuh Rossul ge, nu disebut jalma nu gagah teh, lain nu gede wawanen, tukang perang, tapi nu mampuh ngungkulan jeung nahan hawa nafsu. Sabalikna mun salawasna eleh, ngarasa lemah nepika tunduk kana kahayang hawa nafsu nu goring, teu bisa nahan jeung nakis pangajakna, mangka kaasup kana golongan syetan. Cag.

Deherba