Sajak - Sajak Kang Fauzi
SAJAK CINTA
I
Nyawang pangalaman ka tukang
Waktu ngarasakeun ni’matna cinta
Tina hate tukeur ucap anu suci
Palupuh nu bisu milu nyakseni
Tapi teu lila !
Cinta laas ku katiga
Ngijih muyarkeun pasini ati
Padahal raga kungsi ngahiji
Padahal cinta geus matri na ati
Anjeung ngaleos bari boboleh
Siga nu teu boga dosa
Bongan zaman nu kiwari !
Ayeuna kuring nyorang sasak kaasih
Neangan cinta nu pangger di unggal insan !
II
Cinta teh lagu ka asih
Moal lantis ku taun
Moal suda ku katiga
Matri dina aling-aling ati
Cinta teh lagu ka asih
Ngawisesa dina raga
Meungkeut dina sanubari
Mo runtag ku laas zaman
Tapi lagu geuning sumbang
Polah janji anu cidra
Pajah cinta anu gaib
Padahal lampah nu nirca !.
III
Hariring nu kungsi nyanding
Haleuang nu kungsi datang
Di catet na sanubari
Lagu kadeudeuh ka asih
Regepkeun ieu lagu
Nepikeun rasa
Rasa engkang keur anjeun
Ngajugjugan eusi kalbu
Neuleuman sagara manah
Dangukeun jentreng kacapi
Nu mawa lagu kanyeri
Ngacak-ngacak eusi hate
Nu teu beunang dipepende
Dangukeun gelikna suling
Mawa beja ti anggangna
Mawa kadeudeuh ka cinta
Hanjakal dina impenan.
IV
Cing bulan kuring tulungan
Pangnepikeun ieu hate
Nu lawas neundeun ka tineung
Ka panutan nu paanggang
Mun anjeun wisesa
Kuring rek sujud satuhu
Osok dapon kataekan
Mun anjeun saukur darma
Pang nepikeun ka panutan
Pikeun pigustieun kuring
Bandung , bulan Mei 2008
Katompernakeun
Nafsu
Basa srengenge mimiti meletek
Nafsu nyingraykeun ibun bajra
Nu ngalimpudan eusi hate
Ngawasa di alam dunya
Panonpoe geus manceran
Hate masih nyarita
Nafsu tetep ngawisesa
Ngaduruwiksa !!
Ayeuna geus tunggang gunung
Sadar kasalahan salaput sirah
Tapakna natrat
Gusti, abdi banget ku kaduhung !!
Abdi pasrah sumalilah
Bebendon ti Maha Suci
Ka jalma nu gede dosa
Mawa nafsu teu gumati
Bandung,Juni 2008
Dunya
Incu putu !!
Dengekeun ku hidep
Dunya geus kolot
Awewe-lalaki ganti rupa !!
Incu putu !!
Nu ngaku nabi geus loba
Pamingpin geus ngawisesa
Laku jeung lampah patojaiah
Ngan dunya jadi udagan
Incu putu !!
Tempo jagat geus rarengat
Gunung geus nyoara
Tanda rek datang mangsa
Moal lila kiamat !
Regepkeun ku hidep !
Ulah rek nurut ka nafsu
Ulah ngaraja ka amarah
Ku nafsu bakal kaduhung
Amarah bisa ka naraka !
Geura sujud ka nu ngandung
Geura hampura ka nu ngayuga
Geura jeroan agama
Mangsana bakal ka baca !
Bandung, Juni 2008





