Galindeng Kacapi Diri (Bagian ka 3)
Carita Nyambung : D.K. Pitaloka
Kabeh gambar kalakuan tepung munggaran, tuluy hahadean antara manehna jeung Ika, lir film, taya nu kaliwat. Enya sabenerna mah, teu salah-salah teuing Ika. Manehna ge rumasa kecing, jeung kaduhung kareureuhnakeun. Basa manehna anyar diwisuda, Ika nitah buru-buru nepungan kolotna. Sahenteuna, neundeun neundeun omong atuh, kilangbara nanyaan mah, ceuk Ika harita. Ari manehna ngarasa can sayaga. Mikirna panjang, gawe can boga, kolot batan sakitu, piraku rek nurut ka mitoha. Gengsi. Manehna menta waktu, sataun. Tapi geus sataun teh, masih keneh can meunang pagawean.
Leos we diajar ngumbara, ka kota sejen. Sugan di Jakarta mah, moal heurin kawas di dieu. Manehna teu wani mere beja. Sabab keur saheulaanan mah, nyiar kipayah na teh, jadi juru laden, alias tukang ngaduk dina bangunan. Hasilna ukur mahi keur dahar sapopoe, bari kudu ngirit, da kudu mayar kamar panganjrekan. Kitu we pagaweanana pundah-pindah, da ngirimkeun lamaran mah angger dilakonan.
Dalapan bulan ti harita, lamarannana aya nu narima, di hiji pausahaan media. Sanggeus lulus testing, tuluy milu diklat salila tilu bulan. Tah eta nu rumasa dosa teh. Salila dalapan bulan, manehna teu ngirim beja sakali-kali acan, dalah alamat na ge teu dibejaan Ika teh, da era, bisi Ika nyusul kana gowok, sisi susukan.
Surat munggaran dikirimkeun, sanggeus pindah panganjrekan, ka nu rada leuheung, sakalian bebeja geus cekel gawe. Tapi hanjakal, eta surat teh meh sabulan, kakara aya balesan. Kitu ge lain ti Ika, tapi ti adina. Nu nyebutkeun, yen Ika mah geus tilu bulan, teu aya di lembur, ngalih ka Bandung. Teu ngabejakeun dimana-mana na mah. Pleng les, ti harita manehna teu ngadenge deui dimana jeung kumaha Ika. Najan bari rada gudawang hate, tapi kabangbalerkeun ku pagawean. Jurnalis yunior tea, henteu we 20 jam, digawe teh. Tugas ngaliput ka ditu- ka dieu. Malah lain ukur di jero kota, nepi ka meuntas laut ge dilakonan tugas teh. Lalaunan kairid riweuh jeung samporet waktu, diudag-udag deadline, Ika mimiti leungit tina pikir jeung hate na. Tapi manehna, teu boga bebene, sabab ngarep-ngarep sugan. Sugan hiji waktu mah, bisa tepung jeung Ika, rek diteangan.
Babaturanana sapagawean, sok ngaheureuyan, nyebut manehna bupati, alias bujangan kepala tigapuluh, pedah geus umur tilupuluh lima taun, can kawin. Lain euweuh awewe nu daekeun dikawin ku manehna, awak sampulur, patut teu nganjuk rupa teu menta, ngan teuing kumaha, mun rek hahadean teh, aya rasa sieun, jeung paur kajadian jeung Ika, kaalaman deui. Najan sakumaha dipopohokeun ge, mun jujur ka diri sorangan, asa hese manehna mindahkeun rasa hate, ti Ika ka mojang sejen. Teu beda kawas rek pemilu, sanajan loba partey nu nawarkeun rupa-rupa program, tapi hese pisan mun kudu mindahkeun rasa tina partey nu kasangtukangna Islam, kana partey sejen. Malah basa kanyahoan partey nu diimplengna, aya salasaurang pangurusna korupsi ge, batan kudu milih partey sejen, kajeun teu milu milih, alias golput.

Kiwari jabatanana naek, kaselir ku dununganana jadi redaktur, dibere tanggungjawab ngasuh hiji rubric. Atuh nya kitu basa pausahaan mediana ngagedean tuluy muka perwakilan di sababaraha propinsi, manehna diangkat jadi kepala perwakilan. Lumayan ngaminij sagunduk jalma nu beda kahayang, beda pamadegan. Tapi kulantaran basa ngarekrut pagawena, kawilang selektif. Nya teu hese- hese teuing ngahijikeun kasaluyuan. Contona mun sidang redaksi nangtukeun hiji tulisan, dimuat entongna. Ditempo tina aspek budaya, religi, social atawa politik, etika jeung estetika basa, najan unggal panulis mibanda licensia-puitika. Nya kitu deui aspek hukum, ulah nepi ka jadi delikpers, boh winangun news atawa feature. Geus puguh aktual jeung faktualitana mah. Manehna boga wewenang, pikeun ngajen objektifitas, atawa subyektifitasna hijji tulisan. Komo deui, iraha asup henteuna opini pribadi kana paragraph. Sabab mun salah nyuguhkeun hiji tulisan, tuluy aya reaksi ti masrakat nu maca, nya manehna nu kudu tanggungjawab. Manehna dibere pancen pikeun ngawakilan pausahaan di hareupeun atawa di luar pangadilan. Kajaba artikel lepas, nu disuguhkeun panulis luar, eta mah gegedena tanggungjawab pribadina. Cindekna lain pagawean enteng. Tapi kulantaran dipigawe bari resep, bari ngawangun kasaluyuan jeung nu sejenna, manehna teu ngarasa beurat. Lancar-lancar we, can kungsi aya barebedan. Patokan nu dijieun rujukan, nya visi, misi, jeung sora mediana, nu geus ditangtukeun ku pamingpin umum jeung dewan direksi. Manehna boga kawajiban, nepikeun kritik seukeut ka pamarentah, mun aya kawijakan mengpar tina prinsif bener jeung adil,nu buntutna bakal ngarugikeun masrakat murba. Tapi disuguhkeun kalawan santun. Sakalian mere solusina. Teu asal ngiritik. Eta sababna, manehna diarajenan, boh ku yudikatif, eksekutif, atawa legislatif. Unsur objektif-faktual teh dicekel deleg. Hiji hal nu ku manehna tetep ajeg tangoh dipiara, soal numuwuhkeun citra. Boh citra pribadi atawa citra media. Carana, dipahing pisan anakbuahna narima duit ti objek berita. Sacara professional, tugas jurnalis neangan berita, lain neangan duit. Najan aya pemeo; ulah ngala belut bari ngaruksak galeng, tapi mun nampingan, atawa mopok galeng, meunang belut mah, keun wae. Lain iidealisan, da manehna ge jalma biasa nu loba kabutuh, ngan eta nu tadi..citra. Nu mangrupa muara tina ajen diri jeung nurani. Malah teu mustahil ngaran almamaterna ge kababawa. Jadi meubeut-meulit mapay ka puhu leungeun. Matak mun manehna mere tugas ngaliput, tara polos. Sok diongkosan, uang makan, malah mun perlu jeung uang panginepan. Luyu jeung patokan nu geus dikanyahokeun ku sarerea.
“Pa Deni..punten sakedap..”Cenah, hiji sora halimpu, ngagilisir kana ceulina. Direret, Yuli. Sekertaris keuangan, nu jangkung lengik camperenik. Bari imut manis jeung rengkuh, Si Geulis teh lalaunan nyampeurkeun kana mejana.
“Aya naon, Ik..eh Yul ?” Pokna, rada era, inggis kanyahoan keur ngalamun. Ampir we nyebut Ika.
“Perkawis iklan nu dina kaca dua, eta sanes kengeng bagian iklan, nanging, kengeng pun Tina. Kaleresan direktur eta pausahaan teh, wargina. Rupina…” Yuli teu kebat.
“Tos dimuat sabara kali, imbalanana lancar?” Pokna.
“Tos dua kali terbitan, kayidna lima kali dimuat, lancar. Mung eueuh..nu 20%na, teu acan dipasihkeun..” Yuli asa-asa.
“His, lepat etah. Kedahna waktos dimuat ngawitan, langsung paparinkeun ka Tina! Sok lereskeun we ku Yuli !” Cenah.
“Muhun atuh, bade dihaturanan we Tina na, permios heula, Pa..” Yuli ngaleos kana mejana. Hatena bungah, sabab Tina jangji. Mun katarima, Yuli rek ditraktir di Mc.Di. Saleosna Yuli, manehna mapantes, mun Yuli jadi pamajikanana. Tapi pikirna teu kebat. Kaburu inget, yen ulah nyampuraduk pagawean jeung urusan pribadi. Jeung ulah ka batur sakapal, sok karagok. Najan manehna ge ngarasa, mun diocal-ocal mah, yakin Yuli moal nolak, da beda rindatna. Nyahoeun manehna bujang kolot. Aya deui nu ngahalangana teh, umur. Meh sapuluh taun bedana. Hoream sieun teu bisa nedunan kahayang budak ngora, bari uang kota. Paur beda karesep, beda tangtungan, beda pandangan. Teuing kumaha, naha beungeut Ika bet ngolebat. Jedud, karasa angenna asa aya nu nonjok. Terr hatena ngageter. Malah make jeung karasa rada leuleus kana tuur. Hatena sabil silih cental.
“Menta cuti kitu tilu poe, ka lembur, sakalian neang Ema jeung Bapa?”
“Nya heueuh atuh, wajib siah nepungan kolot mah.”
“Heu sakalian nanyakeun ka Ema, kumaha beja Ika ayeuna.”
“Kumaha mun maneh nu disalahkeun, mulan-malen, malah nahunan taya iber.”
“Ah rek brukbrak we, dibejakeun saayana.”
“Moal diancunan kitu ku kolotna? Rek kuat moal, kira-kirana?”
“Enya.. mangkaning kulawarga na teh, keur mah aya teureuh ningrat, jeung jelema aya deuih. Ari kulawarga maneh? Pan bulu-taneuh.”
“Ah nu sok rada beda teh , ninina wungkul. Indung-bapana mah demokratis ning.”
“Hanjakal basa panungtungan balik ka lembur, teu nanyakeun, ari ninina Ika, aya keneh, atawa maot?”
“Nya mun hayang yakin mah, mending balik atuh. Nganjang we ka nyi randa. Pan ngadagoan randana, Lin? Matak teu kawin-kawin ge.”
Manehna ngarenghap panjang, bangun nahan bobot ratusan ton. Ragamang leungeunna nyokot bungkus roko, dilaan hiji, pel diselapkeun dina biwirna, trek diseungeut. Serebung haseupna ngumbul, bangun ngaleupaskeun kabeungbeurat. Awakna ngadayagdag kana panyarandean korsi. Beungeutna rada ngalenggak dangah neuteup lalangit. (Lajengkeuneun).





