Saminggu Di Jambi
Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG
Jambi boga titinggal karuhunna anu kudu dipulasara, saperti Candi Muaro Jambi. Ieu kota kaliwatan ku wahangan Batanghari anu kamashur. Catetan perjalanan salila saminggu di Jambi pinuh ku rupa-rupa pangalaman ti mimiti telat indit, di mana-mana macet nepi ka langkana BBM jeung pareum listrik noron.
Ieu pangalaman kuring nu munggaran indit ka imah mitoha. Enya, geus lila kuring rumah tangga teh, geus 32 taun. Salila eta tacan kungsi nyaho imah mitoha. Tapi aranjeunna mah, boh mitoha lalaki atawa awewe, mindeng ka Bandung. Ti taun 1976, barang mimiti kawin ge, kuring geus hayang nyaho kumaha kaayaan kota Jambi. Tapi kumaha atuh? Lain lantaran teu boga ongkos, atawa joledar ka kolot, tapi alesan nu pangkuatna mah ku lantaran ampir teu boga kasempetan bae. Atuda tong boro ka Jambi anu jauhna ti Bandung mangratus-ratus kilometer, ka Tasik bae, ka sarakan, anu ngan 100 kilometer, sataun sakali bisa datang ge geus untung.
Mimitina mah diajak ku ki adi, Yusuf anu katelah “walikota” lantaran sok ’’ngota’’ (pinter mere alesan sangkan teu dicarekan), enya adi beuteung anu digawe di Pertamina Balongan. Pajah teh hayu urang balik ka Jambi. Tong mikiran ongkos, asal daek bareng rek dipangmayarkeun. Pamajikan ngaheueuhan henteu, nolak henteu. Lantaran geus nyaho tea kana adat-adatan ki adi, anu sok asal ngajak. Kuring anu karek sataun digawe di pt jarum …. hehehe … eta … petugas tetap jaga rumah, alias pangsiun….. atuh satekah polah neangan ongkos. Ari pek cek pamajikan ulah ngan ongkos nu kudu dipikirkeun teh, paling henteu babawaan keur dulur jeung indung. Nya gudar-gedor neangan bahan bawaeun rupa-rupa baju jeung salendang. Geus siap sagala-galana kuring nelepon Jatra jeung Laju Prima. Diantara eta dua pausahaan beus teh rupana nu kapilih Laju Prima. Nya poe Kemis kuring jeung pamajikan mesen karcis bari mayar pangjadi. Jadi weh kuring boga pangalaman ka Jambi, indit tanggal 5 ari balik 12 Juli 2008. Tapi henteu langsung ka Bandung, nyimpang heula si cikal di Serang lantaran sono ka incu, sarta tanggal 13 Juli sore karek mulang ka Bandung.
BEUS LAJUPRIMA, KAPAL RAJABASA I
Indit ti imah jam 8 isuk make Blue Bird. Jam 9–an geus datang ka pool beus di hareupeun pasar Caringin. Eh, inditna mah satengah satu. Bari nungguan beus pinuh, wawawuhan jeung calon-calon panumpang. Sakalian bari ngabagi-bagikeun stiker SALAKA. Singhoreng di antara panumpang teh rereana urang Sunda anu bubuara ka Jambi, atawa anu boga kulawarga di jambi. Aya nu ti Sumedang, Kuningan, Bogor jeung kota lianna. Aya oge anu tujuanna lain Jambi, tapi ngan tepi ka Palembang atawa Lampung.
Miang ti hareupeun pasar Caringin teh tabuh satengah satu, ngaliwatan tol Cipularang. Teu pati loba caritakeuneun da jalanna lempeng tur teu macet. Nepi ka palabuan Merak jam lima sore. Tapi teu ku hanteu, di Merak ngantri dua jam. Atuh asup ka kapal Rajabasa I tabuh tujuh peuting. Jadi weh kahayang rek motret pamandangan boh di palabuan atawa di laut, teu bisa. Sakuriling kapal poek mongkleng. Cai laut ge ampir teu kadeuleu. Naek weh ka lante 3, kabeneran aya kamar nu lega ngan kudu nambahan mayar Rp.10.000,- saurang da ari ongkos naek kapal mah geus teu kudu mayar. Mahal-mahal ge ditebak we, ti batan diuk di handap make samak, da korsi geus parinuh. Di dinya oge loba urang Sunda, atuh ngalobrol deui marake basa Sunda.
Turun di Bakauheni kacida kagetna nempo spedamotor jeung mobil ngantri panjang di SPBU. Bener wae, nya ngantri bari jeung teu beubeunangan da BBM na can datang ti Pertamina. Ku lantaran datang ka palabuan jam salapan, jeung poek tea, sare weh. Sapeupeuting dulur pamajikan jeung barudak mah neleponan, krang kring terus. Kuring anteng sare bari nyegrek kerek.

Antara Bakauheni - Bandarjaya panasaran nelepon teh Entien nanyakeun alamat teh Yoyoh. Lantaran teh Entin ge teu terangeun, kuring nga-sms Eka, adi nu aya di Bekasi. Eka mere nomer Hp jeung alamat tapi teu kaharti. Tapi dicoba we nelepon teh Yoyoh. Alhamdulillah bisa. Teh Yoyoh menta kuring nyimpang. Tapi ku sabab make beus umum, kuring teu bisa nyimpang, sarta jangji ka teh Yoyoh rek nyimpang engke balikna wae. Padahal teu bisa, lantaran balikna mah naek pesawat.
Beus eureun sakeudeung di Kayu Agung, ngadon reureuh. Di dinya kuring menta cai panas keur ninyuh pop mie di perjalanan. Poe geus enyay-enyayan maju ka beurang. Sapanjang jalan antara Kayu Agung jeung Palembang tetempoan teh loba tangkal cau, sedengkeun antara Palembang jeung Sungai Lilin ngajajar tangkal Kalapa Sawit. Antara Sungai Lilin jeung Bayung Lencir mah lolobana eurih. Di antara Lampung, Palembang nepi ka Jambi imah teh lolobana tina kai jeung awi, wangun imah panggung. Tihang jeung tembokna tina kai beusi nu disebut ’’kayu Bulian’’ tea. Hateupna tina ijuk atawa eurih, tapi aya oge anu geus dikentengan.
Lamun dirinci kota jeung kacamatan nu kaliwatan ti mimiti turun ti kapal nepi ka Jambi teh nya eta: Bakauheni – Kaliandra – Bandar Lampung – Bandar Jaya – Menggala – Tugu Mulyo – Kayu Agung – Indralaya – Palembang – Betung – Sungai Lilin – Paninggahan – Bayung Lencir – Tempino – Jambi.
NGANTRI BBM, PAREUM LISTRIK NORON
Datang ka kota Jambi tanggal 6 Juli jam 3 sore. Sihoreng di pool Laju Prima geus ngadagoan bang Arbain, bang Sodho, adi Jasmir, Tati jeung alo Vian. Geus pagabrug-gabrug mah sarosonoan jeung pamajikan, tuluy ngajugjug imah mitoha di Kebon Kopi. Ibu jeung dulur-dulur kacida aratoheunana, ngabageakeun kuring jeung pamajikan. Atuda pamajikan teh geus 35 taun ninggalkeun kota Jambi, can kungsi balik. Anu matak geus disadiakeun baskom keur mandi kembang. Pajah teh bongan baheula waktu kawin henteu make upacara ’’siraman’’.
Salila kuring aya di Jambi aya dua kajadian anu sipatna nasional, nyaeta ngantri bengsin jeung pareum listrik noron. Lamun di Bandung mah ngantri teh bari jeung aya, tapi di Jambi mah ngantri bari can karuhan meunang. Kitu deui lamun di Bandung mah pareum listrik teh paling ngan sapeuting dina samingguna teh, atawa mun beurang mah ti jam 8 nepi ka satengah satu. Di Jambi mah ampir unggal peuting kuring teu kabagean nongton sinetron ’’Suci’’ atawa pilem sejenna nepi jam dua isuk lantaran pareumna listrik tea. Malahan satadina mah di imah nu dianjrekan rek ngakses internet muka SALAKA, tapi teu bisa da pareum listrik.
Poe kadua nyaeta poe Senen. Kira-kira jam 10 isuk make 3 motor kuring jeung pamajikan dibarengan bang Sodho jeung ayu Tien ngajugjug makam Bapa, nya eta mitoha lalaki di Tanjungpinang, tanah wakaf anu teu dipiara. Euweuh kuncenna. Jadi weh makam Bapa teh teu kaciri da geus katumpuk ku eurih nu ngahunyud. Malahan cenah bang Sodho mah geus tilu kali jeung ayeuna ka makam, can kungsi manggihan lebah mana pernahna makam Bapa. Neleponan ka adi Sumi jeung Tati, jangji rek daratang tapi euweuh bae. Akhirna ayu Tien naek ojeg ka Thehok ka imahna bang Nasir. Sanggeus nungguan satengah jam, bang Nasir datang jeung ayu Tien. Datang-datang ki lanceuk mundur, luak-lieuk nempoan tanda-tanda. Geus kitu mah kalawan pasti nuju ka hiji makam anu geus pinuh ku eurih. Ari dicabutan teh eurihna, bener bae makam mitoha. Gusti, nepi ka barala kitu! Kuring jeung pamajikan katut dulur-dulurna tuluy meresihan makam. Sanggeus kitu maca Yasin di tengah-tengah kompleks makam. Atuh puguh bae tengah poe mentrang-mentring tea, kuring kapanasan.
Balik ti makam ngajugjug heula imah bang Nasir di Thehok. Teu pati jauh ti makam. Imah bang Nasir lega pisan, maklum imah Bupati manten. Enya, mitoha bang Nasir teh kungsi jadi Bupati. Ayeuna pindah ka kabupaten sejen. Imahna dibeuli ku bang Nasir. Kagiatan bang Nasir sanggeus pangsiun ti Departemen Pertanian, jadi kontraktor.

Sanggeus reureuh sakeudeung, dalahar. Bang Nasir mere nginjeum speda motor Yamaha keur indit-inditan salila di Jambi. Sanggeus dahar ngajugjug imah ayu Obed, pamajikan bang Somad. Kakara di dinya panggih jeung bang Somad. Tuluy ngajugjug imah ayu Tati, pamajikan Bang Sodho, ngobrol sakeudeung tuluy balik ka Kebon Kopi. Karek ge datang ka Kebon Kopi datang Sumiati ngajak ka imahna. Atuh indit ka imah Sumiati di Telanaipura. Di dinya reureuh sajam, sorena ngurilingan kota Jambi. Kajadian anu lucu nyaeta Sumi ditilang ku polisi, ribut lantaran kakara ge turun tina mobil dipenta duit. Rp.75.000,- ge beres, cenah. Sumi ngan rek mere Rp.20.000,- teu ditampa akhirna ditilang, tuluy parea-rea omong jeung polisi lantaran papada gengsi. Neruskeun lalampahan ka Pakle Sodri di Jelutung nyaeta bapana Yus, penyanyi Jambi. Ngobrol nepi ka tengah peuting. Jam 11-an balik ka Telanaipura, sare.
MUSIUM JEUNG CANDI
Poe kadua nyaeta salasa, isuk-isuk hudang tuluy sasarap. Sumi jeung salakina mah geus arindit ka kantorna. Sedengkeun kuring nungguan Tati jeung Jasmir anu rek nganteur ka Musium Negeri Jambi. Akhirna jam 11 beurang kakara bisa indit ka musium. Untung pisan kuring bisa ditampa langsung ku Kapala Musium Negeri Jambi, Drs. Ujang Hariyadi. Sihoreng bapana urang Tasik, ibuna urang Padang. Dibere buku-buku ngeunaan musium jeung dongeng Rangkayo Hitam, satuluyna kuring ceprat-cepret motretan koleksi musium keur SALAKA. Kapala Musium ngabejaan yen isuk aya Festival Candi, di Candi Muaro Jambi. “Mun hayang terang perkawis candi, kaditu we enjing”, saurna.
Loba pisan koleksi musium, kayaning: duit jaman baheula, arca bairawa Adityawarman, rupa-rupa sasatoan nu aya di Jambi nu geus dierkeras, rupa-rupa kai, batu jeung ornamen heubeul.
Tadina ti Musium Negeri harita keneh rek terus ngajugjug Candi Muaro Jambi jeung Musium Perjuangan. Tapi teu jadi, lantaran karek ge nepi ka gedong PKK jeung tuluy dahar di RM Taraso, ngagebret hujan mani gede. Antukna balik bae ka imah Tati di Baluran. Datang ka imah jam 4 sore tapi rupana peutingna listrik pareum atuh sare deui bae. Jadi 3 peuting di Jambi teh 3 peuting listrik pareum. Ngan beurangna wungkul bisa nongton pangalaman kuring opatan waktu ulin ka Dupan. Jeung nongton anak Riri nyaeta Dimas nu aya di Cirebon, keur dimandian.
Poe katilu di Jambi nya eta poe Rebo. Hudang isuk-isuk, sasarap. Tati jeung Jasmir ka kantor heula rek menta idin, lantaran rek nganteur kuring ka candi. Kira-kira jam 9 maranehna datang. Perjalanan ka candi Muaro Jambi dimimitian. Sugan teh jauh, sabab aya nu nyebutkeun 80 km, ari diitung-itung mah ngan 70 km bulak-balik. Memang perjalanan lumayan, loba pisan jalan nu goreng. Paling jalan anu leucirna mah ngan dua kiloan, nu sejenna mah rarenjul batu wungkul. Nepi ka candi acara Festival Candi karek dimimitian tabuh 10, dibuka ku Hj. Muhalimah, M.Pd, Kadisbudpar Provinsi Jambi ngawakilan Gubernur. Kuring ceprat-cepret, ngurilingan candi jeung motretan acara. Di kompleks candi eta aya candi Gumpung, candi Tinggi, candi Tinggi I, candi Kedaton jeung candi Kembar Batu. Di palebah Telagorejo dipotret keur kenang-kenangan. Panggih jeung wartawan ti Media Jambi. Lantaran nyebutkeun wartawan Bandung, tapi tina internet, manehna panasaran. Tuluy manehna ngakses Salaka online make hp. “Wah, aku ngga ngerti bahasanya, Bang”, cenah. Nya enya atuh da basa Sunda, kulan.
Lantaran wangunan candi mah ngan pikeun ibadah, teu aya wangunan anu bisa dipake sare boh mangrupa imah atawa karaton. Kabeh ge tina batu bata anu ditumpuk. Di jero tumpukan batu bata teh jigana ngan taneuh we, teu katembong ayana liang atawa guha. Wawawuhan jeung Agus Sudaryadi, petugas ti Dinas Kepurbakalaan, nenehna mah Agus Bogor dumeh asalna ti Bogor. Nepi ka tabuh satu kukurilingan di candi teh. Balikna motret jembatan Aurduri anu ngahubungkeun antara kota Jambi jeung jalan ka candi Muaro Jambi.
Balik ti candi ngajugjug imah bang Somad anu geus ti kamarina ngarencanakeun nyuguhan, minangkana mah pangbagea ka kuring jeung pamajikan anu geus lila teu datang ka Jambi. Sugan teh geus loba nu datang. Jigana karek kuring opatan nu aya teh jeung pribumi. Atuh dalahar bae heula bari nungguan dulur nu sejen. Beres dalahar, dulur-dulur daratang, tuluy motret keur kenang-kenangan. Sorena balik deui ka Kebon Kopi. Eeeeeh, peutingna kagiliran deui pareum listrik. Atuh sare deui bae.

DANGIANG
Poe Kemis hudang isuk-isuk, sasarap. Ngetik bae heula dina laptop meunang nginjeum, da laptop kuring mah teu dibawa sieun ruksak di jalan. Bari nungguan nu rek nganteur, adi Tati jeung Jasmir. Tabuh 10-an nu rek nganteur datang. Tuluy bae ngajugjug kantor Dinas Kepurbakalaan nyaeta nyampeur Agus Sudaryadi nu rek nganteur ka Mang Alloy alias Is Andhika. MG Alloy atawa Mang Alloy teh minangkana mah salasahiji di antara ngaran nu dikenal ku masarakat Sunda nu aya di Jambi. Alloy pondokna tina Aweuhan Leuweung Lodaya, lantaran Mang Alloy asal Kuningan. Imahna di Jln Gotong Royong, Jambi. Inyana pingpinan seni Sunda nu disebutna kelompok kerja seni DANGIANG nu ngawengku 3 unsur nyaeta: Dangiang Pro, Dangiang Kolaborasi, Dangiang Dangding.
Ngadegna Dangiang taun 1997. Harita aya MTQ Nasional anu diluuhan oge ku Pa Harto. Ku MUI jeung Depag dikudukeun ayana gelar budaya. Mang Alloy menta keur gelar budaya Sunda mah teu kudu mamawa ti Jawa barat, cukup ku midangkeun bae urang Sunda nu aya di Jambi, ari ngan sakadar kacapi-suling-degung mah. Kabeneran disaluyuan. Gelarna mangrupa kolosal nurutan Ubun Kubarsah, make judul ’’Patareman’’. Ari pek teh pamaenna oge aya nu asalna ti suku bangsa sejen (Batak, Padang, jrrd). Asa pangkolosalna bae harita mah padahal lain urang Sunda wungkul anu makalangan. Tah, taun 1997 mimiti gerakna Dangiang, suksesna di MTQ nepi ka ngetrok panto hate Gubernur Jawa Barat harita nyaeta bapa Nuryana, nya anjeunna maparin peralatan degung anu lengkep pisan. Jadi weh urang Suda henteu marginal deui, ngagabung kana ampir unggal kagiatan nu aya di Jambi. Kungsi manggung dina Jambi Festival ngawakilan etnis Sunda nu aya di Jambi.
Di Jambi aya oge pakumpulan urang Sunda saperti GEMPAR (Generasi Muda Parahiangan), KWJB (Kulawarga Jawa Barat), tapi ayeuna geus euweuh alias bubar. Paguyuban nu masih keneh aya tapi kurang aktip nyaeta PANGLARAS (Panglawungan Mitra Sunda), ari nu masih terus aktif mah nya Dangiang lantaran bagerak di widang seni tea. Panglaras diadegkeun 2003 sesepuhna mantan Wagub Jambi nyaeta Brigjen Uteng Suriadiatna, anu ayeuna parantos mulih ka Sumedang.
Mang Alloy miharep ayana pangbalikan hate lantaran etos kerja, gaya gawe Sunda mah beda jeung nu sejen. Ulah nepika lamun aya kabutuh para pajabat teh teu bisa mantuan lantaran ngarasa di lembur batur tea kudu ‘’’titip diri sangsang badan’’. Tah, ulah kitu. Ari aya kabutuh neangan urang, ari urang aya kabutuh teu bisa nulungan.
Urang Sunda teh ayana di Jambi lain numpang hirup tapi muka kahirupan. “Kade lain ceuceub lain geuleuh, ieu mah ngingetan”, cenah. Sabab, loba urang Sunda anu jadi pajabat di Jambi jiga nu apilain kana eksistensi Sunda. Jumlah urang Sunda di Jambi anu kacatet aya kurang leuwih 6000 urang.
Tanggal 11 September 2004 ku alpukahna urang Sunda di Jambi jeung Gubernur Jabar bapa Danny Setiawan, nya Gubernur Jambi sareng Ibu Gubernur dipaparin gelar. Nya kitu tea lantaran harita mah ampir unggal etnis sejen nu aya di Jambi marere gelar. Urang Sunda ge teu tinggaleun. Gelarna teh Rakean Pangraksa Praja pikeun Gubernur Zulkifli Nurdin, jeung gelar Dyah Pradifta Sokya pikeun ibu Gubernur Hj. Ratu Munawaroh.
Loba keneh picaritaeun mah harita teh, tapi lantaran geus beurang kuring pamit ka Mang Alloy jeung Agus Bogor. Balik deui ka Kebon Kopi neruskeun hanca kamari, ngetik deui.

Pasosore nyobaan speda motor ngurilingan kota Jambi. Panasaran hayang nyaho imah bang Sodho di deukeut pasar Angso Duo. Bari sakalian nyoba motret wahangan Batanghari. Balik deui ka Kebon Kopi geus rek reupreupan. Peutingna ngadon ngobrol ka imah Wawa, anak cikal ayu Tien. Manehna ngajakan ulin ka pasar pribadi boga salakina, Samsuri, lobana 56 kios. Poe Jumaah, isuk-isuk hudang nyampeur Wawa ka imahna. Leumpang bae da deukeut ieuh. Babarengan jeung Wawa, Tanjung, jeung barudakna, indit pasar. Nepi ka lohor di pasar, tuluy balik ka imah Wawa. Bareng jeung kulawarga sejenna, dalahar di imah Wawa. Pasosore dianteur ku Tati indit deui ka imah bang Nasir ngadon pamit, lantaran isuk rek balik.
BATAVIA AIR
Poe Saptu isuk-isuk pamit ka ibu jeung sakabeh dulur. Dianteur ku Tati, Jasmir jeung Wawa ka bandara. Tapi samemehna nyimpang heula ka Taman Wisata Jambi deukeut bandara. Taman wisata teh kungsi dipake MTQ Nasional. Kuring jeung dulur nu nganteur dipotret di dinya. Geus kitu mah miang wae ka bandara Sultan Thaha. Di bandara lila oge nungguan datangna kapal, leuwih ti dua jam anu kuduna indit tabuh 8.30 teh . Lucuna, waktu ngaliwatan pamariksaan, hp jeung kamera diteundeun dina ban berjalan, tapi waktu kuring ngaliwatan tihang pamariksaan tetep bae disada, singhoreng batere cadangan nu dipesakan kanyahoan. Sanggeus lolos pamariksaan kalawan lancar kuring muru pesawat terbang nu geus ngajega nungguan.
Di jero pesawat memang hp dipareuman, tapi ku rasa panasaran geus di jomantara mah kuring ceprat-cepret deui bae. Ayeuna mah sasaran teh mega jeung imah-imah nu aya di handap. Mani laleutik teh. Estu matak resep. Sakedapan kuring ngagebeg, kumaha lamun kapal ragrag? Ari nempo pamajikan anteng ngadoa. Belenyeh kuring seuri sorangan. Geus kitu mah kuring ge ngadoa jero hate pikeun kasalametan diri.
Turun di bandara Soekarno-Hatta jam 12.00 kalawan salamet. Geus nyokot bagasi mah, kuring duaan naek beus Damri ka kampung Rambutan. Perjalanan ka kampung Rambutan sajam. Sedengkeun perjalanan ti kampung Rambutan ka Serang anu kuduna ngan dua jam teh, leuwih ti opat jam. Jadi nepi ka Serang teh ampir Magrib. Sababna mah jalan macet lantaran loba perbaikan. Katambah-tambah di palebah BSD aya treuk nabrak jambatan pasampangan luhureun jalan tol. Ari jalan tol anu ka Jakartakeun mah henteu nanaon da teu katabrak tea. Jadi anu macet mah anu ti Jakarta ka Merak.
Di imah Adhi Purwa, si cikal, istirahat sapeuting, tapi lantaran sono ka incu nya peuting eta ulin ka kota jeung incu-incu. Isukna nepi jam 11 mah istirahat di Titan Arum. Jam 11an ninggalkeun Titan Arum nungguan beus di Serang Baru. Teu ku hanteu, beus parinuh. Atuh maksakeun indit heula ka Merak. Enya bae ti Merak mah beus teh jeung karosong. Antukna, indit ti Merak jam 14-an sarta nepi ka Bandung ampir Magrib deui bae. Pas Magrib kakara cunduk ka Sarijadi. Cag.****





