Salaka Edisi Online

Tangkal Korma Di Alun-Alun Bandung

Aneh bin ajaib, tangkal korma nu biasana dipelak di wewengkon Afrika, Pakistan jeung Timur-Tengah, dipelak di alun-alun hareupeun masjid raya Bandung, bet buahan. Leupas tina kondisi iklim, PH taneuh, atawa kabiasaan alam, buahanana tangkal korma di Bandung, jadi ciri leuwih ngayakinkeun kakawasaan jeung kaagungan Mahasuci, Alloh SWT. Hartina taya nu mustahil kanggo Alloh SWT mah. Meujeuhna urang sarerea nafakuran diri, geus nepi ka mana, sumujud bakti ka Mahasuci, dina ngalaksanakeun amanah? Boh akidah, ibadah hablumminannaas, boh hablumminalloh. Boh ibadah mahdoh atawa ibadah khoer mahdoh. Utamana dina hirupkumbuh campur gaul, boh sasama mahluk, sasama jalma muslim, atawa leuwih seukeutna antara lalaki jeung awewe, nu muhrimah, atawa nu lain muhrim. Naha teu leupas tina papagon, atawa geus teu make papagon? Subhanalloh.

Kateumustahilan hiji perkara, dina kakawasaan Nu Murbeng alam, asa teu salah dihartian ku pamadegan positif, utamana nu tumali jeung kanyataan hirup jeung kahirupan. Campurgaulna rumaja atawa dewasa, antara lalaki jeung awewe, asa geus tanpa wates-wangen. Muguran kabeh kaera, nyirikeun yen iman geus dianggap kekesed. Gede wawanen, taya karisi-kasieun ku bebendon Yang Agung. Tangoh sagala dilabrak-diburak, demi kasenangan dirina sorangan. Demi kasenangan nafsuna sorangan. Teu di hurang teu dikeuyeup, prah kasarakahan, maling, korupsi, maksiat, nipu mahayu, gedehulu, neugtreug, geus dianggap biasa, geus jadi papaes hirup. Reuneuh jadah atawa sagebrug memeh kawin, keur rumaja, dipasieup narkoba, meni asa pangmoderna. Nganggap kuno binarung jebi ka jalma nu nitah bener nyarek salah. Pedah boga rasa moal kaurugan gunung bitu, pedah moal tikerelep diteureuy tsunami, pedah moal paeh lalanglayeuseun kalaparan? Padahal, keur jalma nu daek mikir, mun tangkal korma di pagunungan Priangan bisa buahan, naha batu jeung lahar panas-utah kawah, teu bisaeun nyimpang ka Bandung? Naha gulidagna cai moal daekeun ngeueum kota Bandung? Keur jalma nu apal kana dirina, tangkal korma di Bandung buahan teh, mangrupa ayat nu jelas, sidik tur pasti, yen taya hiji perkara nu bisa ngalawan/ngahalangan, papasten Gusti Yang Widi.

Komo mun apal kana sajarah geologi, yen kota Bandung teh urut talaga badag, nu panjangna 150 Km, lebarna 20 Km. jerona 30 m. Ngemplang salila 100 taun. Pedah Citarum kapendet ku Utahan kawah gunung Sunda, nu kiwari kari anakna (Tangkubanparahu, Burangrang, Bukittunggul). Kumaha gorowongna jero taneuh handapeun Bandung, da caina beak disedot ku kompa-kompa modern, nu ngaruksak. Kaeundeur ku gederna patalimarga, jeung mesin. Hawa geus cemar, ku racun knalpot jeung pabrik. Cai Cikapundung jeung Citarum geus leungit herangna, kari kotor campur bau.

Apan geus kanyahoan, di wewengkon Jl.Mohammad Toha Kidul, di lebah nu rea pabrik, jagat teh geus ngarentet, ngalelep 30 Cm/taun. Kari cai Citarum asup, kota Bandung bakal mulang kaasal jadi talaga deui. Leuweung Dago, Punclut, nu salin rupa jadi real estate, naha moal runtuh pibalaieun? Kumaha mun ditakdirkeun bareng, antara asupna Citarum ti Dayeuhkolot, jeung runtuhna dataran luhur Dago, bari ngarentetna wewengkon Sumurbandung? Mustahil? Taya nu mustahil mungguh Alloh SWT. Inget Sodom jeung Gomorah, dilelepkeun ku hujan batu, pedah manusa padumukna ingkar tina papagon katangtuan Ilahi. Dosa padumukna ngan sarupa, nyaeta lalaki resep ka lalaki (malawading). Ari di kota Bandung? Lain ukur sarupa, dosa nu dipilampah sapopoe ku padumuk teh. Boa mun seug lolobana lain umat Muhammad SAW mah, geus lila kota Bandung, ngalaman kawas nu tumiba ka umat Nabi Luth, di Sodom & Gomorah. Anak nu diwajibkeun hormat ka indung-bapa, pamajikan nu diwajibkeun taat ka salakina, lalaki nu diwajibkeun amanah ka kulawargana, kawasna di Bandung mah geus loba nu tibalik-belah, 180 darjah. Dilengkepan ku mucunghulna nabi palsu,ti wewengkon Ciateul. Mun tea mah, katembong aya keneh nu milampah hade, ibadah jeung amanah, pasti bakal kaleled upama, siksa diturunkeun mah. Da ajen-inajen geus jungkir-jumpalik. Piraku rek nyaluyuan Federick Nietzche, nu boga pamadegan yen “Tuhan sudah mati” pedah Yesus disalib. Jadi sagala kumaha aing.

Naha buahanana tangkal korma teh moal kitu, jadi tangara ancurna Basa Sunda, nu temahna leungitna tatakrama? Nu ngamuara kana leungitna kaera jeung iman?

Pikeun bahan banding, leuleutikan itung, mun ngong adzan magrib. Sabara siki nu arasup ka masjid raya, sabaraha rebu nu arasup ka diskotic,panti pijat,bioskop, sabara rebu nu kumelendang jalan-jalan. Naha taya pangajak, taya panggero? Alhamdulillah, teu kadarengeun. Estu keuna kana summumbukmun-umyunfahum-laayarji’un teh. Najan teu kitu, teu mustahil tumibana Khusnul Khotimah. Jeung pitulung Mahamurba. Ngan ceuk rasa, asa jauh tanah ka langit. Da mikabutuh upaya jeung usaha daria sewang-sewangan.

Muga bae. Cag.

Deherba