Hargadiri Nu Leungit
Kiwari keur meujeuhna rame dipadungdengkeun, pada nyawalakeun masalah susu. Tapi lain susu nu ngahudang birahi, ieu mah caina, cisusu-Ibu, jeung cisusu sapi. Nu disawalakeun lain, hakekat cisusu insani jeung cisusu hewani, tapi geus langsung kana hargadiri manusa. Hargadiri, atawa ajendiri,ceuk nu palinter, nya eta moral tanpa bursa, atawa hargadiri teh meunang ditukeurkeun ku pertimbangan nu lain wae vulgar, tapi sarakah, hese ngangarananana, naha manusa teh palaku modrnisasi, atawa budak modernisasi. Nepi ka aya orok ngobrol jeung pedet (anak sapi).
Pedet : “Indung-bapa kuring, kungsi ngomong, yen maneh teh hiji mahluk nu geus leungiteun akal Sehat, leungiteun etik jeung moral, sabab di ieu nagri mangjuta-juta bangsa maneh, terus-te Rusan ngarampog hak kula. Apan pangeran geus sakitu adilna, ngabagi rejeki urang, bari teu kudu ngarewog hak nu lian”
Orok : “Euh.. kitu nyah? Tapi indung-bapa kuring ge kungsi ngomong; maraneh bangsa sapi, dijadikeun pangeran, pikeun konsumsi bangsa kuring, kaasup cisusu maneh. Ari kuring pan masih keneh orok, sarua jeung maneh, saperti indung-bapa maneh, teu bisa ngahalangan rejeki bangsa maneh dirampas ku bangsa kuring. Da kuring teu boga kakuatan pikeun ngahalangan kolot-kolot kuring’.
Pedet : “Tapi maneh leuwih luhur darajat jeung martabat, batan kuring. Maneh manusa, kuring sato, maneh bisa mikir, kuring ukur boga naluri sato, maneh bisa nangtukeun pilihan bari mere putusan, ari kuring ngan saukur ditimukeun ku bangsa maneh. Naha maneh moal migawe nanaon?”
Orok : “Ceuk saha teu migawe nanaon? Kuring ngajerit, nolak, protes, menta hak kuring nu sah. Tapi kuring tetep dipaksa dibere cisusu bangsa maneh. Kuring lahir teu dibarengan naluri rampog, kuring dibekelan budaya manusa nu kaasup hade, di antarana kudu ngahargaan kana hak-hak deungeun, lain kudu ngarampas. Ayeuna kuring tumanya, kunaon maraneh daraek wae dibodokeun?”
Pedet : “Ngomong make logika euy, uing teu bisa nyieun petisi, kuring teu bisa demonstrasi ka DPR, tur kuring ge heran.”
Orok : “Har naha make heran sagala, naon nu matak jadi hemeng teh?”

Pedet :” Heran, kunaon manusa ngan miboga basa ucap (vocal), jeung retorika wungkul. Naha bangsa manusa teu miboga basa kamanusaan, basa rasa jeung perasaan, basa budi,basa nu leuwih santun jeung manusiawi? Cing kumaha ceuk maneh?”
Orok : “Euh, tangtu we. Maneh kawas panyajak, kawas seniman idealis. Maraneh loba teuing miharep ti manusa. Padahal manusa kadang-kadang sarua we jeung sato nu bisa ngomong, teu ngagunakeun pikir. Naha maneh maca oge tulisan jeung pamadegan Gothe, Socrates, jeung Rabindranath Tagore? Memang enya make filsafat, tapi lain hartina kudu sentimental. Dunya beuki bayeungyang jeung panas.”
Pedet: “Euy, bangsa uing, ayeuna beuki drampas hak azazina. Pek we geura pikir, uing lahir jadi pedet, tina kawin suntik. Di kandang uing geus euweuh sapi jalu, kabeh bikang. Baheula sok aya cenah sapi jalu, malah pedet jaluna. Tapi dibeakeun ku jagal. Bayangkeun euy, hiji barang mangrupa jarum nya gede nya panjang, diasupkeun kana awak indung kuring, pelendung weh indung teh reuneuh.”
Orok : “Kuring sapagodos jeung maneh, manusa ukur mikiran jeung nyawalakeun hak azazi manusa, maranehna poho yen sato jeung tutuwuhan boga hak nu sarua. Naon nu keur tumiba ka bangsa maneh, ka bangsa kuring ge geus mimiti tumiba, geus lila malah.”
Pedet : “Geus ah! Tapi kawasna urang kudu sayaga pikeun nyanghareupan naon nu ditulis ku Alvin Toffler, ngeunaan future shock euy . Matak muringkak bulu punduk, ah..”
Orok : “Naon, muringkak bulu punduk? Keur naon muringkak bulu punduk jeung hariwang? Geus teu kudu, geus teu usum, geus teu perlu. Sabab urang mah lir sakebet lawon nu mulus, kolot urang nu baris mere corak jeung rupa. Bangsa uing ayeuna beuki lalieur, sok sanajan can nepi meureun ari kana gelo mah.”
Pedet: “Naon, gelo? Eta meureun pedah cisusu indung maneh, alus keneh dipiceun batan dibikeun ka maneh. Sabab sieun gunung-kembarna ruksak, peot ku maneh disedotan. Pan meureun awakna haying angger ideal jeung sexi? Bisa kitu ngahalangan jeung nahan ngolotan, pangjurung umur?”
Orok : “Lain. Lain lantaran eta, uing hariwang bangsa kuring geus loba nu teu beres jiwana. Uing ayeuna boga pamanggih hade (ceuk uing).”
Pedet : “Pamanggih? Pan jalma geus mandul reaksina,make boga pamanggih?”.

Orok : “Kieu euy, kuring haying nempo, ahli jiwa manusa jeung sato, gawe bareng jeung ahli genetika naturalis”.
Pedet : “Wow..eta hebat. Tapi naon mangpaatna panalungtikan khusus kawas kitu?”
Orok : “Ngarah para ahli jiwa manusa jeung sasatoan, ti mimiti ayeuna nyieun sarupa panalungtikan ihwal genetika naturalis, ti mimiti budak nu dibere susu sapi, jeung sapi nu dijurukeun ngaliwatan suntikan.”
Pedet : “Lain heureuy, eta narik ati pisan, sabab manusa mah nempo urang ngan tina jihad fisik, tina rasio-produktifitas,nu wadag. Sapi asal gede, montok, pikeun digeresel di jagal, atawa diperes susuna. Manusa, sarua asal sehat,wadag ragawi. Wungkul ma’mur lahirna, teu kungsi dipikir kaayaan jiwa, metafisik, jeung budi na.”
Orok : “Maneh mah kawas nu handeueul pedah dilahirkeun mangwujud sapi. Yeuh dinagri tatar kulon mah kandang maneh teh dilengkepan ku sinar lampu mercury nu haleungheum, bari dibere hiburan music sagala. Komo mun maneh dijurukeun di India mah, disembah jeung dipupujuhkeun.”
Pedet : “Geus lah tong tuluy sentimental-rumaosan, uing mah sirik nempo didinya. Sabab sok dibawa ka pameran jeung baby show, dipotret, malah dibere hadiah sagala, diciuman ku istri-istri gegeden.”
Orok : “Yeeh maneh ge sarua we, kungsi aya sapi show asup iklan TV. Naha masih keneh aya bedana?”
Pedet : “Aya, nya eta kapalsuan bangsa maneh, sok neumbleuhkeun geugeuleuh ka nu teu tuah-teudosa. Maraneh sok ngomong; Kawas sapi, kawas munding, kawas anjing, kawas monyet. Naha maranehna teh, leuwih alus batan urang?”
Orok: “Enya, enya,enya maneh bener, tapi uing ge bener. Hiji hiji euy.”
Cag. (Raf).





