Salaka Edisi Online

Jabatan Mentri

Si Aceng budak sakola kelas 4 SD dibere tugas titah ngarti-ngartikeun basa Indonesia ka basa Sunda. Tugasna teu diwatesan kudu ngartikeun nu kumaha-kumahana mah, nu penting bisa ngartikeun. Leuwih alus mun kecap nu diartikeun teh kecap resmi. Kusabab bingung, eta budak nanya ka indungna. Kabeneran harita keur awor pergantian sababara jabaten mentri pemerintahan. Si Aceng ku indungna dibere ngaran jabatan sababaraha mentri pikeun diartikeun. Geus meunang sababraha ngaran jabatan mentri mah tuluy we eta budak teh gura-giru neangan hartina dina kamus Indonesia-Sunda.

Dina poe isukna di sakola. Guru basa Sunda nanyakeun saha wae nu geus ngerjakeun tugas ti manehna. Atuh si Aceng teh sumanget ngacungkeun leungeun,

"Aceng Bu, atos ngadamel tugas!"
"Sok, Aceng enggal ka payun. Sebatkeun sababaraha kecap Indonesia ku basa Sunda!" ceuk guruna.
Geus di hareupeun kelas, torolang we si Aceng nyebutan hartina hiji-hiji.
"Mentri Pertanian, mentri Tatanen. Mentri Kesehatan, mentri Jagjag Waringkas. Mentri Pangan, mentri Tataher, Mentri Perekonomian, mentri Resiko Dapur. Mentri Kehutanan, mentri Leuleuweungan. Mentri Perairan, mentri Cacaian. Mentri Kelautan, mentri Ciasin. Mentri Telekomunikasi, mentri Teteleponan. Mentri Riset dan Teknologi, mentri Pinter jeung Canggih. Mentri Pariwisata, mentri Piknik. Parantos Bu, mung sakitu!" ceuk si Aceng bari tuluy balik deui kana bangkuna.
Guruna, "Beu!?"

Deherba