Salaka Edisi Online

Peradaban Islam Jeung Dunya

Urang anu hirup dina jaman kiwari anu sasatna sarwa diogo ku ayana teknologi pinunjul, sawadina kudu ngarasa sukur ka Pangeran sarta ka karuhun anu kungsi ngagali, ngaguar sarta nyaliarakeun rupa-rupaning elmu pangaweruh anu kacida gede hartina pikeun kahirupan manusa dina enggoning nanjeurkeun rasa kamanusaanna, anu memang teu dipiboga ku mahluk-mahluk lianna saperti sasatoan, malahan malaikat oge, lantaran mahluk anu ngaranna manusa ngabogaan ciciren anu mandiri: akal anu engkena baris ngagelarkeun kabudayaan, kaasup peradaban.

Manusa moal dianggap mahluk sampurna lamun teu miboga budaya sarta peradaban, lantaran tina kabudayaan sarta peradaban eta, manusa mibanda hal anu paling hakiki dina kahirupanana: kayakinan agama. Islam anu disumebarkeun perantaraan rasulallah Muhammad saw, geus nancebkeun tetengger peradaban, elmu pangaweruh sarta ajen inajen moral etika manusa anu pohara luhungna, anu kiwari keur nandangan cocoba anu kacida ti kaom kapir, boh ngaliwatan elmu pangaweruh, teknologi, budaya atawa saniskara cara lianna, anu maksudna mah pikeun ngaancur-leburkeun Islam tina peradaban manusa, sarta ieu upaya teh saeutik-saeutik geus bisa mangaruhan kamekaran peradaban Islam.

Ieu tulisan baris nembrakkeun kumaha ketak para alim ulama sarta sarjana katut teknokrat Islam baheula dina enggoning mekarkeun sarta ngaronjatkeun ajen inajen kahirupan manusa, anu saterusna ‘diadopsi’ ku urang barat sarta mekar dina kahirupan ampir sakumna sendi-sendi kahirupan manusa. Ieu tulisan dimaksudkeun pikeun ngaguar deui panineungan urang, yen saestuna mah urang oge ngabogaan ajen-inajen anu luhung-linuhung, anu sakuduna dipikareueus, malahan sawadina diguar deui sangkan bisa jadi pameungkeut umat Islam anu kiwari sasatna geus hirup pahiri-hiri, saperti pada-pada api lain ka sasama Muslim.

KAOM linuhung barat nepi ka kiwari ngabogaan angkeuhan, yen mekarna kabudayaan sarta peradaban barat teh lantaran tumuwuhna Renaisance di Eropa antara abd 13-15. Ku ayana Renaisance, sarjana-sarjana katut ahli pikir barat geus upaya pikeun ngaguar sarta neuleuman deui sarupaning elmu pangaweruh sarta kabudayaan Hellenisme anu jadi dadasar elmu filsafat, pangaweruh, kabudayaan, astronomi, fisika jeung sajabana, sarta eta kabudayaan anu ngawengku budaya barat ti Yunani sarta budaya timur ti Persia teh, ku para sarjana barat dijadikeun sumber pangaweruh anu jadi tatapakan kamekaran elmu, kabudayaan sarta peradaban manusa kiwari.

Lamun disarungsum, para filsuf jeung para ahli pangaweruh Yunani saperti Plato, Aristotelles jeung nu lianna, bisa disebutkeun minangka panaratas kana tumuwuhna kabudayaan katut peradaban manusa memeh Nabi Isa, (kurang-leuwih abad lima samemeh Masehi) sok sanajan dina ieu hal peranan Iskandar Zulkarnaen (raja Macedonia, muridna Aristotelles) kawilang gede pisan geusan nepungkeun dua kutub budaya, barat sarta timur, anu engkena baris jadi kabudayaan Hellenisme, sarta anu engkena deui baris jadi tatapakan geusan gumelarna Renaisance di Eropa.

Kabudayaan Hellenisme anu sumebar di sakuliah Mediterania, saterusna mekar dina kabudayaan Romawi sarta nagri-nagri bawahanana kayaning sabagian Eropa kidul jeung tengah, Asia kulon barat, sarta Afrika bagian kaler saperti Maroko sarta Mesir anu engkena kasilih sarta jadi basis kakuatan sosial-pulitik, budaya sarta pangaweruh Islam sabada rasulallah, memang kungsi ngalaman jaman ‘emas’. Hegemoni Rumawi harita bisa dijadikeun tatapakan kakuatan kaom Nasrani, boh sacara pulitik, sosial, ekonomi, oge anu aya patalina reujeung kamekaran elmu pangaweruh. Sok sanajan kitu, lantaran pihak gereja ngarasa ngabogaan kakawasaan tan wilangan sarta ngarasa risih lamun kudu tepi kasilih ku kaom intelektual, antukna pihak gereja nyengker kahirupan eta kaom intelek, malahan sasatna loba anu nandangan katalangsara nepi ka pegat patina alatan kawijaksanaan kaom gereja.

Kaom intelek kalayan daria ngagali deui buku-buku titinggal jaman Hellenisme. Akibat tina panalungtikanana, loba teori-teori elmu pangaweruh anu henteu sapagodos jeung kayakinan kaom gereja Nasrani, anu antukna nimbulkeun pacongkedan anu ampir taya kendatna. Gumelarna Renaisance teh kudu ditebus ku mangpirang-pirang pengorbanan ti para elmuwan, teknokrat, sarta sarjana harita. Malah mandar, ti kalangan gereja sorangan, nepi ka ngalaman patelak anu pohara, anu antukna kalangan gereja ngayakeun reformasi kalayan timbulna kaom Protestan.

RENAISSANCE anu lumangsung di daratan Eropa sawatara abad nu geus kaliwat, lian diakibatkeun ku ayana pacogregan diantara kaom intelek jeung kaom gareja anu ngabogaan angkeuhan yen usikna hirup jeung huripna manusa (anu ngagem agama Nasrani) ditangtukeun ku gareja, oge lantaran kaom intelek Nasrani henteu bisa bebas ngayakeun panalungtikan tina elmu pangaweruh nu keur dititenanana. Malahan sababaraha urang ahli elmu pangaweruh Nasrani nepi ka meunang panandasa ti kaom gareja. Elmuwan-elmuwan Nasrani henteu bisa mekarkeun elmu pangaweruhna anu di antarana diakibatkeun timbulna Renaicance tea.

Jauh samemeh lumangsungna Renaicance, elmuwan-elmuwan Muslim geus ti heula ngayakeun panalungtikan ngeunaan elmu-elmu pangaweruh. Sabada Kanjeng Muhammad SAW ngantunkeun, para sahabat anu saterusna jeneng jadi khalifah, nyebarkeun agama Islam ka unggal madhab, ka luar lemah Arab. Karajaan-karajaan anu aya di sabudeureun Arab, antukna nungtutan arasup Islam. Malahan jaman Muwaiyah, sabada khalifah anu opat, Islam teh sumebar nepi ka daratan Eropa, nyaeta ka Spanyol/Andalusia. Dina jero waktu saabad sabada hijrah, nagara-nagara Islam ngawengku Biskaya tebeh kulon tepi ka Turkestan (Tiongkok) sarta India di wetanna, ngaleuwihan imperium Romawi dina puncak kajayaanana. Nagara Islam teh ngawengku rupa-rupa suku bangsa, ras, basa jeung padumukna sarta kabudayaan, oge di sagigireun anu geus ngagem Islam, masih keneh loba nu ngagem agama-agama Yahudi, Kristen, kafir Yunani jeung Romawi, Zoroaster, Hindu; sarta pagaliwotana budaya Yunani, Romawi, Mesir, Parsi jeung Turki.

Ku kituna, ku ayana mangpirang-pirang pangaruh anu sumebar di bangsa-bangsa Islam, kaasup elmu pangawruh sarta kabudayaanana, di kalangan elmuwan-elmuwan Islam timbul hiji revolusi dina widang elmu pangaweruh. Komo dina jaman khalifah-Khalifah Bani Umayyah jeung Bani Abbasiah, kamekaran pangaweruh teh jadi leuwih sistematis. Anu mimiti diteuleumanana teh nyaeta tafsir Qur’an, hadits, ushuluddin, fiqh, tarikh, jeung elmu bahasa.

Lantaran unggal bahasa, sistem tata nagara, kabudayaan sarta sajarahna kudu diteuleuman pikeun bisa ngalaksanakan sistem pamarentahan, hukum sarta sumebarna agama Islam kalayan ngakar di masarakatna, ku ayana pagaliwotana kabudayaan, basa, kapercayaan, sarta agama-agama lianna, nya ti harita kaom Muslimin utamana elmuwan-elmuwanna, mitembeyan dialajar sarta ngagunakeun filsafat Yunani kalayan nyingkahkeun hal-hal anu kafirna. Maranehanana narjamahkeun karya-karya filsafat jeung pangaweruh Yunani ngaliwatan basa Suryani, lantaran anu aslina mah geus musnah dihuru di pabukon-pabukon Iskandariah waktu Julius Caesar narajang Iskandariah taun 48 samemeh Masehi. Harita basa Suryani ngarupakeun basa elmu pangaweruh jeung kasusastraan. Kauntungan pikeun para panarjamah, basa Suryani teh masih keneh sawanda jeung basa Arab, sarta loba kaom Muslimin anu maher kana eta basa.

Di sagigireun ngayakeun panalungtikan, panarjamahan elmu-elmu pangaweruh utamana kadokteran, elmu pasti sarta filsafat tina basa Yunani, Parsi, sarta Sanksrit, dina jaman khalifah al-Ma’mun ibn Harun ar-Rasyid (marentah taun 813-832 M), diadegkeun Daru’l Hikam atawa Akademi Elmu Pangaweruh nu munggaran di dunya, ngawengku pabukon, puseur panarjamahan, observatorium bentang sarta universitas (daru’l ulum). Al Ma’mun oge ngirimkeun rombongan panarjamah ka Konstantinopel, Roma jeung nu lianna. Di eta tempat, para elmuwan the milihan buku-buku pangaweruh anu tacan dipiboga ku umat Islam, saterusna dibawa ka Baghdad pikeun ditarjamahkeun. Sabadana, gumelar elmu pangaweruh ti kalangan Islam sorangan, boh anu ngalengkepan karya-karya samemehna, atawa elmu pangaweruh anu anyar pisan.

Sumbangan para elmuwan Islam pikeun elmu pasti, fisika, kimia, farmasi, kadokteran, elmu hayat, elmu bentang jeung elmu bumi kacida gedena tepi ka mutlak diperlukeun minangka tahapan pikeun ngaronjatkeun elmu pangaweruh saterusna. Antukna, bangkitna elmu pangaweruh Islam teh dikukuhkeun kalayan sampurna dina jero kakawasaan Islam di Andalusia, Spanyol, ti mimiti taun 719 M tepi karuntagna Granada taun 1492M.***

Deherba