Salaka Edisi Online

Yully Budiarti, Nyanyi Ngan Saukur Hobby

Ku: Kang Fauzi

Dunya tarik soara, dunya anu satiap waktu bakal ngadatangkeun bahla mun teu bisa ngajagana. Gosip jeung omongan sumbang , boh ti tatangga atawa ti batur sapropesi bisa mandegkeun karir nu milampahna. Kitu meureun anu kaalaman ku Yully Budiarti kalahiran Bandung 27 Juli 1977 dina mekarkeun karirna widang tarik soara alias nyanyi anu geus meh 18 taun icikibung bari teu weleh nampa cocoba. Tapi leukeun di lakonan alatan kabisa dina widang ieu teh sok sanajan ngan ukur hobby , tapi bisa ngahasilkeun duit anu lumayan.

Mun naliti diimahna, di juru kencaeun sofa ngajajar piala jeung trophy hasil tina bitotama dina sababaraha kajuaraan nyanyi di tingkat kota Bandung, sedengkeun di tingkat Jawa Barat mah Yuli teh Juara Pop Sunda RRI Bandung. Ngaran Yully Budiarti geus jadi sabiwir hiji, komo mun pareng rek ngiluan pestival mah pada mikagimir lantaran elmu pangaweruhna dina widang nyanyi geus pada nyaho. Vibrasi, artikulasi, intonasi ,aksi na panggung geus kawisesa. Ari dina widang rekaman mah ngan sakali-kalina rekaman jeung Niki Ardila almarhumah dina lalaguan Sunda “Bintang Kehidupan”, produserna Dase Hudaya.

Ari ayeuna, beda jeung baheula, ayeuna mah produser teh neangan beungeut , lain neangan kualitas. Mangka moal henteu, lagu-lagu anu dinyanyikeun kunu ngan alus rupana bari teu nempo kualitas sora, moal lila. Mun teu payu rekamanana, artisna oge sok terus ngalelep. Beda jeung baheula, sok sanajan rupana “biasa” dibarung ku laguna alus najan saderhana, nepi kawaktu ayeuna tetep nanjeur, boh artisna boh laguna. Jadi lagu Nostalgia.

Yully teh putri cikal ti lima sadulur, putra almarhum Bapa Eddy Roswadi sareng Ibu Tuti Kurniati SE. Ari ramana tos tilar dunya dua belas taun katukang Sok sanajan geus buntutan hiji, tapi kuperceka ngurus diri, pameunteu siga parawan jekekan. Cenah ti keur sakola di SD keneh manehna pinter kana nyanyi. Mangsa wanoja, nujadi ibu ramana naliti karir Yully dina widang tarik soara teh geuning kacida gedena. Pikeun nyuprih elmu, Yully kungsi latihan olah Vocal di Studio V Jl.Supratman Bandung. Atuh geus teu dipahing deui ku ibu ramana mun latihan nepi ka peuting, nu penting palajaran sakola teu dibaekeun alatan nyanyi.

Ayeuna, sanggeus rumah tangga, tetep leukeun nampa Job ti saha bae anu ngabutuhkeun sorana. Biasana unggal malem minggu sok ngeusi acara di hotel-hotel berbintang, di nu kariaan malah remen sok aya anu ngondang ti luar kota Bandung. Basa Salaka datang ka imahna, geus aya pesenan yen Yully kudu ngahibur di STT TELKOM.

“Dorongan ti sepuh sareng nu janten salaki, alhamdullilah sim kuring tiasa mekarkeun hobby dina widang nyamyi. “ cek Yully ka Mandiri.

Kumaha ngeunaan dunya nyanyi di Bandung ayeuna ? Ceuk Yully mah dunya tarik soara hususna di Bandung teu rame saperti bareto basa keur aktif keneh organisasi HAPMI Kotamadya Bandung anu di luluguan ku Djadjat Paramor almarhum. Bareto mah ampir unggal taun aya bae pestival-pestival nyanyi boh keur barudak ,wanoja pon kitu tingkat dewasa. Memang aya ayeuna ge, ngan “gebyarna” teu saperti harita. Coba we, bareto mah hasil tina Pestival teh rea artis penyanyi anu makalangan di tingkat nasional, contona Hetty Koes Endang, Anne Rizana jrrd. Yully pecaya, artis penyanyi anu kungsi makalangan dina satiap pestival dina ngahaeuangkeun laguna pinuh ku elmu pangaweruh, lantaran satiap rek aya pestival, artis-artis penyanyi bakal tatan-tatan nyuprih elmu pangaweruh, boh ka ahli vocal atawa ka bina vocalia. Beda jeung artis anu can pernah miluan pestival ngan ngandelkeun pangalaman. Manehna moal nyaho naon ari vibrasi, artikulasi, intonasi jeung sajabana. Sok sanajan alus dina ngahaleuangkeun laguna, tapi ku ahli vocal mah bisa katempo. Tapi anehna, artis anu kitu tah anu leuwih untung mah, komo jeung boga rupa sagala bakal kapake ku para produser rekaman sok sanajan kualitas sorana “dibawah standar”. Matak teu aneh mun juara-juara pestival ,karirna kaelehkeun ku anu can pernah meunang peunteun, malah can sakali-kali acan ngilu kajuaraan.

Ku kabisa Yully dina widang tarik soara, nu jadi salaki surti nempo pamajikan boga kaahlian nyanyi teh tara dipahing, malah didorong. Ngan janjina ulah moporekeun rumah tangga komo cul kanu jadi budak mah. Nu penting rumah tangga ulah kaluli-luli. Kumaha mun aya job ka luar kota ? biasa . eta anu jadi masalah. Tapi lantaran di imah indungna ngan duaan jeung adi bungsuna anu masih keneh kuliah, katambah budakna anu kakara kelas hiji SD teh pikayungyuneun, jadi bisa karoris ku ninina jeung ku bibina.

Rek saterusna nyanyi? “Dina waktos ayeuna mah ngan ieu nu janten pakasaban sim kuring, Ari kahoyong mah tos weh sagemlengna janten ibu rumah tangga” cek Yully mungkas obrolan jeung SALAKA di imahna Jl. Jatinegara Dalam No.202 Terusan jalan Jakarta –Bandung – Indonesia. Mun hayang nanggap Yully , bisa nelepon kana HP-na : 081320977000. Cag 4***

Deherba